Ngalarapkeun Kapamalian Maca Wawaran

32 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII

H. Ngalarapkeun Kapamalian

No KAGIATAN 1. Dina bagian H Ngalarapkeun Kapamalian, guru nerangkeun heula perkara kapamalian, murid diajak nyurahan makna dina éta kapamalian. Aya kapamalian nu kaharti ku akal, aya ogé nu teu karampa ku akal. 2. Murid dibéré tugas nuliskeun kapamalian nu kapanggih di sabudeureun padumukanana. Conto tugasna kieu: - Tuliskeun kapamalian nu kapanggih di sabudeureun padumukan hidep - Kapamalian beunang murid saterusna dibahas babarengan di kelas. 33 Bab II PITUDUH HUSUS PANGAJARAN 3 WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASRAKAT

A. Maca Wawaran

Kagiatan Awal Guru asup ka kelas ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Upama jam kahiji, saméméh KM nyiapkeun kelas, guru nugaskeun heula mingpin du’a, réngsé ngadu’a babarengan kakara KM nyiapkeun kelas. Guru ngondisikeun kelas sangkan teu garandeng, merenahkeun murid sangkan diuk dina korsi kalawan tartib. Sanggeus kelas tartib tur rapih, guru ngabsén murid, nu katohyan teu sakola, guru mapaykeun ka murid nu deukeut imahna pikeun ngayakinkeun naha bener gering, ijin, atawa alpana. No KAGIATAN 1. Saméméh kagiatan prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun heula matéri nu aya dina Pangajaran 3, ngawengku maca wawaran, maca iklan tinulis, ngaregepkeun iklan dina radio, ngabandungan iklan dina tv, medar perkara wawaran jeung iklan, jeung kajembaran basa. 2. Murid sina niténan sakumna wawaran nu ditémpél di sabudeureun sakolana. Guru nerangkeun pilihan kecap jeung éjahan tina sakumna wawaran nu dititénan ku murid. Upamana waé: - Miceun runtah didieukudunaMiceun runtah di dieu - Pinter, bageur, singer kuduna Pinter, bageur, jeung singer - Ekskul silat kumpul poé saptu kuduna Ekskul silat kumpul poé Saptu 3. Guru nugaskeun murid pikeun nyatet wawaran nu aya di lingkungan tempat padumukanana. Saterusna guru nitah ngoréksi éta wawaran saluyu jeung papagon milih kecap jeung éjahan nu geus diterangkeun saméméhna. 4. Dina kagiatan 4 guru méré pancén ka murid pikeun nyieun rupa- rupa wawaran anu témana sabudeureun kabersihan, disiplin, jeung perpustakaan. 34 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII

B. Maca Iklan