25
Bab II
PITUDUH HUSUS
4. Pancén 4 kelompok, dina kagiatan sapopoéna murid tangtu henteu
nyorangan, tapi tingalabring jeung baturna, boh di sakola, di lemburna, boh di tempat ulinna. Tina éta kagiatan téh tangtu loba manggihan
rupa-rupa kajadian, boh nu katenjona boh nu kaalaman langsung ku maranéhanana. Guru mere tugas kelompok, soalna saperti kieu:
Pék jieun karangan tina pangalaman nu karandapan sapopoé hidep jeunng babaturan
Dipiharep karangan hasil kelompok bakal leuwih alus ti karangan tugas individu.Tugas kelompok ogé dipeunteun ku guru.
C. Nulis Carita Pangalaman
No KAGIATAN
1. Dina subtéma C Nulis Carita Pangalaman, murid diwanohkeun heula
kana karangan nu mangrupa carita pangalaman. Di antarana saperti nu kaunggel dina buku pakét:
“Pa, naon béntenna piknik sareng karyawisata?” ceuk Janglar ka Pa Maman.
“Béda...aya bédana. Piknik mah tujuanana sakadar pikeun sukan-sukan, botram, atawa ngadon hiburan wungkul. Ari karyawisata mah tujuanana
pikeun nambahan pangaweruh, tangtu baé bari sakalian sukan-sukan atawa hiburan, “ waler Pa Maman.
Pa Maman téh guru kuring jaman di SD. Anjeunna kapapancénan ngaping parasiswa karyawisata ka Pangandaran.
“Naha geuning ka Pangandaran, Pa?” Tisna tumanya bangun nu héran.
“Ari kitu?” “Sumuhun, naha henteu langkung cocog upami ka Peneropongan
Bosscha...musieum...” ceuk Tisna. “Ih, ngahaja milih ka Pangandaran téh. Kahiji, jarakna deukeut. Lamun
di jalanna lancar, ti Tasik ka Pangandaran mah dua jam satengah ogé tepi. Jadi di ditu urang leuwih loba waktu...pangpangna mah moal capé teuing di
jalan deuih. Atuh kaduana, obyék wisata Pangandaran mah kaitung lengkep sarta loba hubunganana jeung pangajaran. Géografi upamana, engké hidep
baris dibéré pancén ku bapa pikeun nalungtik guha alam. Pangajaran basa Sunda, saur Pa Udin maranéh baris dibéré pancén pikeun nalungtik basa
dialék Pangandaran.
26
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
Pon nya kitu deui pelajaran-pelajaran séjénna. Tah, samulangna ti Pangandaran téh maranéh kudu ngalaporkeun hasilna nu mangrupa karya
tulis. Laporanana mah perkelompok baé saluyu jeung pancénna,”saur Pa Maman, ngécéskeun.
Eta karangan téh kakarék tatahar piknik, tapi geus bisa ditulis jadi hiji karangan. Sanggeus éta karangan dibaca ku murid, guru méré rupa-
rupa pancén nu ngawengku Pancén 1 jeug Pancén 2 nu mangrupa tugas utama murid ngajanggélékkeun hiji karangan carita pangalaman.
2. Pancén ka-1, dibéré heula tugas ngajawab pertanyaan kana wacana
geusan mibanda pamahaman ka anu dibacana. Pertanyaanana kieu: 1 Naon bédana piknik jeung karyawisata téh?
2 Naon sababna milih obyék wisata Pangandaran? 3 Ari nalungtik guha alam aya hubungan jeung pelajaran naon?
4 Pancén naon anu kudu dijieun ku murid samulangna ti Pangandaran
téh? 5 Dina éta wacana kasebut majar barudak sarugemaeun, naon
sababna? Pikeun ngawangun kontes, guru ogé bisa ngeuyeuban pertanyaan
saperti kieu: Pék caritakeun deui éta karangan pangalaman téh make basa hidep sorangan
3. Pancén ka-2, murid ngarang carita pangalamanana sorangan ngeunaan
hiji obyek nu kungsi kasabaan ku dirina. Tugasna kieu: Hég tuliskeun pangalaman hidep ngadongdon hiji obyék wisata,
tuliskeun aya naon waé, naon nu dipikaaresepna, naon mangpaatna, jeung naon alesanana pangna ngajugjug ka éta obyek wisata.
Karangan dikoréksi jeung dipeunteun ku guru.Karangan murid nu dianggap pangalusna sina dibaca di hareup sangkan jadi pangjurung ku
murid-murid lianna.
D. Ngabandingkeun Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poéan