52
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
B. Medar Perkara Sajak
No KAGIATAN
1. Guru nerangkeun eusi sajak “Bandung” beunang Wahyu Wibisana,
murid ngabandungan kalawan daria. Kalan-kalan guru ngajukeun patalékan lisan pikeun ngahudang pamahaman murid kana sajak.
2. Guru nerangkeun yén dina sajak mah umumna ngandung kecap-kecap
atawa ungkara nu mibanda harti konotatif, lain harti saujratna saperti nu kaunggel dina kamus. Dina sajak “Bandung” upamana, aya ungkara:
- ieu Bandung nu heurin ku tangtungpadet pendudukna - itu Lémbang kota hérang jeung béntangkota nu kawilang éndahna
3. Guru ngécéskeun yén dina sajak téh aya unsur-unsur intrinsik nu
ngawengku téma dasarpoko pasualan nu ditepikeun dina sajak, suasana gambaran kaayaan, imaji gambaran nu karasa, kadéngé, atawa
katénjo- najan ukur dina wangwangan, simbul kecap nu dipaké pikeun ngantebkeun maksud, wirahma irama, galindengna sora kecap, jeung
amanat amanat pangarang ka nu macana.
4. Pikeun nguji pamahaman murid, guru nepikeun pananya kieu:
Naon téma jeung amanat sajak “Bandung”? Pék jéntrékeun Murid ngajawab: témana kaéndahan kota Bandung; amanatna,
pangarang umajak nyaritakeun ieu kaéndahan kota ku basa urang, basa Sunda.
C. Ngadéklamasikeun Sajak
No KAGIATAN
1. Dina ieu kagiatan, guru ngawanohkeun heula sababaraha sajak. Geus
kitu murid sina milih hiji sajak anu engkéna jadi bahan déklamasi. Suasana kelas bakal ramé, henteu masalah da moal bisa dikondisikeun
jempling, malah suasana ramé ngébréhkeun yén barudak aktif kana pangajaran.
2. Upama sajak-sajak nu aya dina buku pakét teu aya nu kapilih ku
murid, guru méré kasempetan ogé ka murid pikeun néangan sajak nu dianggap cocog ku maranéhna di perpustakaan sakola.
53
Bab II
PITUDUH HUSUS
3. Murid bagilir ka hareup ngadéklamasikeun sajak beunangna milih, ari
guru meunteun dumasar kana lentong jeung éksprési katut kréatifi tas- kréatifi tas lianna. Murid nu nunggu giliran sina ngaaprésiasi, saterusna
ditanya kumaha pamanggihna, salian ti dikoméntaran ku guru.
4. Murid nu pangalusna déklamasi bisa dijadikeun conto keur kelas-kelas
séjén sakaligus pikeun ngawewegan méntalna supaya leuwih wantér. Tina unggal kelas tangtu aya hiji-dua mah nu bisa ditampilkeun di
kelas lian pikeun jadi conto.
5. Guru ngécéskeun yén murid nu meunang peunteun kurang dina
déklamasi lain hartina euweuh bakat dina sual maca atawa déklamasi sajak, tapi aya anu can kateuleuman tina éta sajak.
D. Pedaran Déklamasi