Babagian Dongéng Maca Dongéng Si Kabayan

46 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII 4. Guru méré pancén ka murid pikeun néangan dongéng séjén boh tina sumber bacaan buku kumpulan dongéng boh beunang tatanya atawa ngarékam langsung tis umber lisan. Dongéng beunang sina dibaca terus diringkes jalan caritana, hasil ringkesan dongéng beunang murid dikumpulkeun sarta dipeunteun ku guru. 5. Guru méré pancén pikeun ngadongéng di hareup, bagilir, heula pandeurina henteu dumasar absén, tapi dumasar kana kasayagian murid sorangan. Ari dongéngna nyaéta dongéng beunang néangan murid téa.

C. Babagian Dongéng

No KAGIATAN 1. Dina subtéma C Babagian Dongéng, guru nitah murid pikeung ngabanding-banding dongéng anu beunang néangan murid. Sanggeus kitu guru ngajelaskeun naon-naon anu ngabédakeunana. 2. Guru ngajelaskeun perkara babagian dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna anu beunang ngumpulkeun murid téa. Murid ngabandungan kalawan saregep dina mangsana guru medar eusi dongéng beunang murid. Guru nyindekkeun babagian dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna nu ngawengku, 1 fabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan sastoan, 2 parabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, 3 légenda, dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan, 4 mite, dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning jurig jeung siluman, 5 sagé, dongéng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok ogé disebut dongéng babad. 3. Sanggeus guru nerangkeun ngeunaan babagian dongéng sarta murid nyatet hal-hal nu dianggap penting tina nu diterangkeun guru, guru mérélolongkrang ka murid pikeun ngajukeun pananya. 47 Bab II PITUDUH HUSUS

D. Maca Dongéng Si Kabayan

No KAGIATAN 1. Dina subtéma D Maca Dongéng Si Kabayan, murid disina muka buku pakét babarengan dina pangajaran ka-5. Terus sina maca dongéng “Si Kabayan Marak” nu aya dina éta jeung katéwak pikeun ngabédakeun jeung tokoh dongéng saperti Sangkuriang anu karasana leuwih daria. 2. Sanggeus murid réngsé macana, guru méré pancén sangkan ngadéskripsikeun karakter tokoh Si Kabayan nurutkeun sawangan pamanggih murid. Pancénna saperti kieu: Cing ku hidep gambarkeun kumaha watek Si Kabayan dina éta dongéng téh Jawaban siswa bisa rupa-rupa, di antarana: Si Kabayan téh tokoh lucu, bodo, ngedul, kalékéd, jail, loba akalna, tukang heureuy, pinter, licik,jst.. Murid bébas ngaéksprésikeun pamanggihna. Nu jadi patokan guru nyaéta kadariaan murid dina maca, dina harti ku ayana murid méré pamanggih téh hartina maranéhna geus maca kalawan daria. 3. Kagiatan saterusna, guru méré pancén pikeun nuliskeun ringkesan dongéng Si Kabayan maké basana sorangan. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru. 4. Guru méré pancén pikeun ngadongéng “Si Kabayan Marak” di hareup, bagilir, heula pandeurina henteu dumasar absén, tapi dumasar kana kasayagian murid sorangan. 5. Guru méré lolongkrang ka murid pikeun nepikeun rupa-rupa pananya. Pertanyaan murid dijadikeun bahan diskusi di kelas, ti murid dijawab ku murid deui. Guru ngalelempeng maksud pertanyaan murid jeung menerkeun jawaban-jawabanana. Boh pertanyaan boh jawaban murid ngagambarkeun pamahaman kana dongéng nu geus dibacana. 48 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII

E. Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan