23
Bab II
PITUDUH HUSUS
3 Ari cita-cita Hastian kaasup lumrah atawa henteu cek hidep? 4 Cik sebutkeun cita-cita hidep sarta béré alesan kana éta cita-cita
5 Naon untungna resep ngurek jeung nguseup, padahal belut jeung
lauk aya di pasar Jawaban-jawaban nu mangrupa pamanggih murid tangtu bakal béda-
béda, ku sabab kitu guru teu kudu meunteun mutlak bener salahna, tapi dumasar kana logis jeung henteuna.
4. Dina Pancén 3, murid dipapancénan ngarang pangalaman pribadi
kawas karangan beunang Hastian. Tugasna kieu: Jieun karangan pangalaman pribadi nu eusina ngawengku pangaresep jeung
cita-cita hidep sorangan. Karangan ditulis dina buku tulis catetan basa Sunda paling saeutik satengah kaca
Karangan murid dipariksa tur dibéré peunteun ku guru.Salian ti kitu, guru ogé bisa nugaskeun murid saurang-saurang ka hareup pikeun
nepikeun pangalamanana sacara lisan, bagilir sarta dikoméntaran ku guru utamana soal makéna basa Sunda.
B. Pangalaman nu Ditulis dina Catetan Poéan
No KAGIATAN
1. Dina subtéma B, Pangalaman nu Ditulis dina Catetan Poéan, murid
diwanohkeun heula kana karangan nu asalna tina catetan poéan. Eta karangan sina dibaca babarengan dina jero hate, cukup sabalikan gé.
Sanggeus katéwak substansina, murid bakal ngarasa yakin bisa ngarang saperti kitu. Modél dina urusan ngaran munggaran asup sakola, apan
éta téh pangalaman anu méh kasorang ku saréréa dina mangsana wawanohan, teu burung so kaya nu ahéng Ieu geura contona:
Senén, 24 Juli 2013 Poé munggaran asup sakola, nu ngabasakeun ka abdi téh rupa-rupa pisan.
Aya nu nyebut Nitis, Surti, malah aya nu nyebut Ingkang ogé.Tah, lebah nu pandeuri disebut mah abdi téh asa teu narima, da puguh ngaran Ingkang
mah bau-bau ngaran lalaki.Komo éta mah Bu Rohayatin, ari pok téh, “Héy, Rumingkang di bumi alam ...,” cenah.Banyol maksudna mah, teu ieuh asup
haté, da kapan sidik ngaran abdi téh NITIS SURTI RUMINGKANG.
24
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
Tah, tina wawanohan gé apan jadi narik, padahal sakadar urusan ngaran. Tangtu loba kajadian-kajadian séjénna anu bisa dijieun karangan.
Saterusna pikeun ngawangun konteks, guru mere rupa-rupa pancén, boh nu sipatna individual boh panén kelompok.
2. Pancén ka-1 individu, guru nugaskeun murid pikeun ngajelaskeun
makna nu aya dina ngaranna séwang-séwangan. Conto tugasna saperti kieu:
Sakabéh ngaran tangtu ngabogaan makna, kaasup ngaran hidep aya maknana. Ayeuna hég tuliskeun makna nu dikandung dina ngaran hidep
Pancén ka-2 individu, guru nugaskeun ka sakumna murid pikeun ngarang tina pangalaman nu kasorang poé kamari, ti mimiti indit
sakola tepi ka balik deui ka imahna. Conto tugasna kieu: 1 Poé kamari hidep ka sakola, indit isuk-isuk, sadatangna ka sakola
terus diajar, terus balik ka imah pabeubeurang. Tah, tina poé éta aya pangalaman nu kasorang ,hég tuliskeun jadi hiji karangan
Masih pancén ka-2, guru nugaskeun deui karangan pangalaman nu leuwih jembar. Tugasna saperti ieu di handap
2 Cik tuliskeun rupa-rupa pangalaman hidep waktu keur sakola di SD, utamana anu aya patalina jeung kagiatan diajar, boh nu
pikaresepeun boh nu henteu pikaresepeun kaasup bisa jadi aya pangalaman nu pikasediheun. Ditulis masing marélé da tangtu
masih inget.
Sakabéh tugas-tugas murid dikoréksi ku guru, utamana nyoko dina pamakéan kecap, kalimah, jeung alinéa. Ieu téh pikeun ngagantaran
kamapuh murid ngarang dina wangun-wangun karangan lian.
3. Pancén ka-3 kelompok,guru némbongkeun hiji gambar, murid sina
nyaritakeun éta gambar dumasar kana pangalamanana. Nyaritakeun gambar mangrupa pancén kelompok, ari kelompokna cuku tilu urang.
Ieu gambarna.
Gbr. Upacara bendera hari senin di sekolah
25
Bab II
PITUDUH HUSUS
4. Pancén 4 kelompok, dina kagiatan sapopoéna murid tangtu henteu
nyorangan, tapi tingalabring jeung baturna, boh di sakola, di lemburna, boh di tempat ulinna. Tina éta kagiatan téh tangtu loba manggihan
rupa-rupa kajadian, boh nu katenjona boh nu kaalaman langsung ku maranéhanana. Guru mere tugas kelompok, soalna saperti kieu:
Pék jieun karangan tina pangalaman nu karandapan sapopoé hidep jeunng babaturan
Dipiharep karangan hasil kelompok bakal leuwih alus ti karangan tugas individu.Tugas kelompok ogé dipeunteun ku guru.
C. Nulis Carita Pangalaman