Alternatif Tindakan Rarancang Kagiatan PTK

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 anu disawang bisa ngungkulan éta pasualan. Rumusanana bisa disusun saperti kieu. 1 Kumaha prak-prakan modél humanistik dina pangajaran biantara? 2 Naha modél humanistik bisa ngaronjatkeun pangajaran diajar biantara? 3 Naha modél humanistik bisa nyiptakeun suasana diajar biantara anu pikaresepeun? Pertanyaan-pertanyaan di luhur diajukeun dina rumusan pasualan anu satuluyna kudu dijawab ku panalungtik dina bab 4 Hasil jeung Pedaran jeung dicindekeun dina bab 5 kacindekan. Éta pertanyaan-pertanyaan téh dijadikeun raraga mikir panalungtik nu disusun dumasar idéntifikasi jeung analisis pasualan panalungtikan.

d. Alternatif Tindakan

Alternatif tindakan disusun salaku alternatif dina ngungkulan pasualan panalungtikan. Dina nangtukeun alternatif tindakan, gurupanalungtik satemenna kudu milih jeung nimbang-nimbang heula landasan tiori atawa kajian pustaka, hasil-hasil panalungtikan nu geus aya, atawa tina pangalaman praktis guru. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan panalungtik leuwih yakin yén tindakan nu rék dilakukeun téh geus disawang bisa ngungkulan pasualan nu karandapan. Dina PTK alternatif tindakan hadéna mah diposisikeun salaku ubar anu fungsina nyageurkeun panyakit pasualan nu karandapan. Mun seug dianggap ubar tangtu tindakan nu dilakukeun téh moal sagawayah, tapi geus dipastikeun heula indikasi atawa hasiatna. Ku kituna, modél atawa métode nu digunakeun dina alternatif tindakan téh hadéna mah nu geus kungsi diuji-cobakeun ékspérimén atawa sahenteuna nilik tina léngkah-léngkahna disawang bisa ngungkulan pasualan saperti anu karandapan. Dina nyusun alternatif tindakan hadéna mah dirumuskeun dina wangun hipotésis tindakan. Hipotésis tindakan dihartikeun salaku jawaban saheulaanan patali jeung hiji tindakan nu perlu dibuktikeun 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 bebeneranana. Tujuanana tina hipotésis tindakan nyaéta pikeun mintonkeun dugaan parobahan nu bakal kajadian saupama éta tindakan dilaksanakeun. Conto hipotésis tindakan katitén saperti ieu di handap. a. Pamarekan humanistik bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina diajar biantara. b. Pangajaran nu oriéntasina kana prosés bisa ngaronjatkeun partisipasi murid dina kagiatan pangajaran. c. Nepikeun materi ngagunakeun LKS bisa ngaronjatkeun partisipasi siswa dina kagiatan pangajaran. d. Strategi pangajaran inkuiri bisa ngaronjatkeun pamahaman murid kana matéri pangajaran basa Sunda. e. Prétasi diajar siswa bakal ngaronjat dina unggal siklus panalungtikan. Sacara operasional hal-hal anu dilakukeun ku guru dina nyusun rencana tindakan téh dijanggélékeun dina wangun Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP. Anapon léngkah-léngka nu dilakukeun nyaéta 1 milih topik atawa bahan ajar nu bakal disusun rencana pangajaranana, 2 ngalarapkeun rencana tindakan kana skénario pangajaran RPP, 3 nataharkeun sarana jeung perangkat pangajaran anu ngarojong lumangsungna pangajaran, kayaning bahan ajar, LKS upama perlu, média, jeung instrumén asesmenpenilaian, jeung 4 nataharkeun instrumén nu diperlukeun pikeun ngumpulkeun data jeung téhnik analisis atawa kriteria hasilna tindakan. RPP nu disusun salila kagiatan PTK lumangsung nyaéta RPP Siklus I, Siklus II, Siklus III, jst disaluyukeun jeung jumlah siklus nu dilaksanakeun. RPP siklus I disusun dumasar kana perbaikan tina pasualan anu karandapan dina pangajaran awal pra-panalungtikan, anu ngawengku interprétasi kana Kompetensi Dasar KD jeung indikator pencapaian kompeténsi nu diajukeun, nyusun tujuan pangajaran, nangtukeun alokasi waktu, nangtukeun métode pangajaran, milih média pangajaran alat jeung bahan, nangtukeun 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 42 sumber diajar, ngararancang skenario pangajaran nu disaluyukeun jeung métode atawa modél nu digunakeun, jeung nyieun alat penilaian hasil pangajaran. Ari Siklus II jeung saterusna disusun dumasar kana perbaikan tina pasualan nu karandapan dina Siklus I jeung saterusna. Eusina disaluyukeun jeung hasil répleksi nu dilakukeun dina siklus I jeung saterusna.

3. Ngalaksanakeun Kagiatan PTK