Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Upama Sadérék ngahontal tahap pangabisan 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna bahan nu can kacangkem. Réfleksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontal jeung éféktivitasna prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ambahan bajar ajar basa jeung sastra Sunda, Sadérék bisa nyontrén g √ kolom ―Kahontal‖. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom ―Can Kahontal‖. Tabel 2.1 Réfléksi jeung Lajuning Laku No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis ambahan bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 KOMPETÉNSI PROFÉSIONAL WANDA TÉKS JEUNG DRAMA BASA SUNDA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 68 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 69 KAGIATAN DIAJAR 3 WANDA TÉKS BASA SUNDA DI SMASMK

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 3, Sadérék dipiharep nyangking kamampuh dina 1 ngécéskeun hakékat, tujuan pangajaran, jeung conto téks paguneman; 2 ngécéskeun hakékat, tujuan pangajaran, jeung conto téks biografi jeung otobiografi; 3 ngécéskeun hakékat, tujuan pangajaran, jeung conto téks iklan; jeung 4 ngécéskeun hakékat, tujuan pangajaran, jeung conto téks warta binarung ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi