Analisis Pasualan Ngarumuskeun Pasualan

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 38 3 Pasualan kudu méré mangpaat anu jelas jeung nyata karasa ku sakabéh pihak guru, murid, sakola, jsb.. Mun seug pasualan geus kapaluruh sarta nyindekel kana léngkah idéntifikasi di luhur, bisa dipastikeun pasualan nu kaidéntifikasi mibanda kualitas nu hadé. Ieu di handap dipedar salah sahiji conto idéntifikasi pasualan dina matéri pangajaran biantara di kelas X SMASMK. 1 Dina diajar biantara réa siswa anu teu aktif pikeun ngalibetkeun diri dina kagiatan pangajaran. 2 Nalika prosés pangajaran lumangsung loba siswa anu katempo teu pati jigrah diajarna. 3 Suasana diajar teu pikaresepeun, katitén aya sababaraha siswa anu haré-haré, malahan aya nu ngomé HP sagala. 4 Salila prosés pangajaran motivasi siswa katingali handap, jiga nu teu sumanget. 5 Hasil diajar siswa boh prosés boh hasil ahir aya dina katégori handap. Ditanya ku guru ogé teu bisaeun ngajawab. 6 Réa siswa anu embung maraju ka hareup pikeun prakték biantara, alesanana éra jeung sieun. 7 Siswa anu wani ka hareup sorana sorana alon, teu jéntré, atawa gancang teuing.

b. Analisis Pasualan

Analisis masalah dilakukeun sabada prosés idéntifikasi dilakukeun. Panalungtik kudu bisa méré watesan jeung katerang tina pasualan nu geus kaidéntifikasi. Tina sakitu réana pasualan nu geus kaidéntifikasi, panalungtik kudu nyindekkeun pasualan mana nu jadi sumber utama tur sagancangna kudu diungkulan urgensi. Dumasar conto idéntifikasi pasualan di luhur, aya dalapan pasualan anu kudu dianalisis ku panalungtik dina pangajaran biantara di kelas X. Sangkan hasil analisis maksimal, pasualan nu geus kaidéntifikasi téh kudu didiskusikeun, dilenyepan, jeung dicindekkeun pasualan mana nu dianggap sumber utama jeung kudu sagancangna diungkulan. Hasil analisis nyindekeun yén poin ka 1 kaaktifan 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 siswa, 3 motivasi siswa, 4 suasana diajar, jeung 5 hasil diajar dianggap salaku sumber utama éta pasualan. Opat pasualan éta satuluyna dipilih ku panalungtik pikeun dijadikeun puseur panalungtikan. Analisis pasualan kudu terus dilakukeun ku panalungtik nepi ka kapanggih dasar pasualanana. Éta hal dilakukeun sangkan pasualan nu rék ditalungtik téh jinek wengkuan jeung watesanana. Nepi ka éta pasualan téh kaukur boh waktu, waragad, boh kamampuh bisa kaungkulan ku panalungtik.

c. Ngarumuskeun Pasualan

Pasualan nu geus dianalisis satuluyna dirumuskeun sangkan bisa nungtun panalungtik ngaguar ngaékprorasi atawa motrét situasi pangajaran sacara gembleng, lega, jeung nyosok jero. Rumusan masalah ilaharna disusun dina wangun kalimah pertanyaan. Ieu hal dilakukeun sangkan bisa museurkeun panalungtik dina néangan jawaban tina pertanyaan panalungtikan nu diajukeun. Pertanyaan nu digunakeun ilahar ngagunakeun ngagunakeun kecap naha atawa kumaha. Sacara konsép, pertanyaan ieu ngabutukeun jawaban anu nyosok jero, bisa dipedar sacara jembar patali jeung pola pikir panalungtik anu dipatalikeun jeung konsép téoritis atawa praktis. Rumusan pasualan panalungtikan diajukeun ku panalungtik pikeun dipaluruh jawabanana dina panalungtikan. Rumusan pasualan disusun dumasar idéntifikasi anu geus dianalisis wengkuan tur watesanana. Eusi tina rumusan pasualan dina PTK ilaharna patali jeung hiji tindakan treatment anu ngungkulan pasualan nu karandapan. Saperti tina analisis pasualan di luhur, aya opat hal anu dijadikeun pasualan panalungtikan, nyaéta pasualan 1 kaaktifan, 2 motivasi, 3 suasana diajar, jeung 4 hasil diajar. Éta pasualan téh bisa kaguar dina tilu rumusan masalah. Kaaktifan jeung motifasi bisa katitén dina prak-rakan pangajaran, hasil diajar, jeung suasana diajar. Dina ieu rumusan pasualan rék dicontoan ngalarapkeun modél humanistik 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 anu disawang bisa ngungkulan éta pasualan. Rumusanana bisa disusun saperti kieu. 1 Kumaha prak-prakan modél humanistik dina pangajaran biantara? 2 Naha modél humanistik bisa ngaronjatkeun pangajaran diajar biantara? 3 Naha modél humanistik bisa nyiptakeun suasana diajar biantara anu pikaresepeun? Pertanyaan-pertanyaan di luhur diajukeun dina rumusan pasualan anu satuluyna kudu dijawab ku panalungtik dina bab 4 Hasil jeung Pedaran jeung dicindekeun dina bab 5 kacindekan. Éta pertanyaan-pertanyaan téh dijadikeun raraga mikir panalungtik nu disusun dumasar idéntifikasi jeung analisis pasualan panalungtikan.

d. Alternatif Tindakan