Hakékat Iklan Conto Téks Iklan Iklan baris nyaéta iklan leutik singget nu diwangun ku sababaraha Iklan wawaranberita nyaéta iklan nu eusina nepikeun wawaran Iklan kulawarga nyaéta iklan nu eusina béwara kulawarga, upamana

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 103 Pancén 3 Nyaritakeun Eusi Berita Guru maréntah murid pikeun maluruh berita séjénna sarta nuliskeun deui eusina berita ku basa sorangan. ……………………………………… Pancén 4 Ngajelaskeun Wanda Berita Guru maréntah murid pikeun sangkan ngajelaskeun ngeunanan eusi berita ―Bewara Bandung‖ ditilik tina wandana. ……………………………………… .

4. Wanda Téks Iklan

a. Hakékat Iklan

Iklan kaasup kana hiji média informasi nu tujuanana pikeun mangaruhan masarakat boh nu maca boh nu ngaregepkeun pikeun nangtukeun pilihanana Liliweri, 2011. Kecap iklan dumasar KBBI 2008 nyaéta 1 berita, béja, atawa wawaran nu ditepikeun ka balaréa sangkan kairut ku barang jeung jasa anu ditawarkeunana; 2 béwara keur ka balaréa ngeunaan barang atawa jasa nu dijual, dimuat dina média massa kayaning surat kabar jeung majalah atawa di tempat umum. Iklan miboga rupa-rupa tujuan, nyaéta 1 nepikeun informasi ngeunaan hiji barang atawa produk ka masarakat; 2 sangkan konsumén kairut ku diji produk; 3 ngagampilkeun konsumén pikeun nangtukeun pilihanana 4 ngaramékeun pasar; 5 ngabantu mekarkeun kelompok pangusaha; 6 ngawangun hubungan gawé bareng antara konsumén jeung pausahaan; 7 kahontalna program nu geus dirarancang. 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 104 b. Tujuan Pangajaran Iklan Dumasar KIKD Kurikulum 2013 di SMASMK matéri iklan téh diajarkeun di kelas 11 salaku pilihan jeung matéri warta. Anapon tujuan nu kudu dihontal tina hasil diajar iklan, murid SMASMK dipiharep mibanda prilaku jujur, disiplin, jeung tanggung jawab, sabada ngaidéntifikasi jeung nganalisis téks iklan, nulis conto iklan, ngoméntaran eusi iklan, jeung basa dina iklan.

c. Conto Téks Iklan

Ieu di handap mangrupa conto-conto iklan dumasar wandana, di antarana kayaning ieu di handap.

a. Iklan baris nyaéta iklan leutik singget nu diwangun ku sababaraha

baris dina hiji kolom. Conto: Gambar 8. 1 Conto Iklan Baris

b. Iklan wawaranberita nyaéta iklan nu eusina nepikeun wawaran

atawa berita ngeunaan hiji kagiatan. Conto: : Gambar 8. 2 Conto Iklan Wawaran Berita

c. Iklan kulawarga nyaéta iklan nu eusina béwara kulawarga, upamana

béja nu ngalahirkkeun, kawinan, kapapaténan, jeung sajabana.

d. Iklan tanda bersandi nyaéta iklan nu dibarengan ku tanda husus