Aprésiasi Unsur Drama

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 123 4 Citraresmi sari wangi si lenjang bulan ngalangkang sampulur miindung layung lampayak mirupa merak sampayan kembang kamelang kembang dada maharaja nu ngageugeuh taneuh pageuh di buana warna-warna Geulis kaasih pohaci kacapangan para raja ti bumi terusing langit bumi ancikan lalaki langit ancikan birahi diugung-ugung ku degung ditimang-timang ku gondang atina dina kacapi rasana diri manusa Sarta tangtuna ogé aya bagian dialog, anu mangrupa bagian inti tina pintonan drama, upamana kieu: Linggabuana: Kumaha ceuk pamanggih dia, Rayi Mangkubumi? Mangkubumi: Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka Prabu Urang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré Majapahit, taya salahna mun dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku kingkilaban Linggabuana: Majapahit téh keur nanjung, Rayi Loba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba ka dayeuh Trowulan. Mangkubumi: Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu Linggabuana: Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan

c. Aprésiasi Unsur Drama

Dina kagiatan diajar 9 ieu, Ibu kalih Bapa guru basa Sunda kungsi niténan conto naskah drama anu judulna ―Perang Bubat‖. Dina éta naskah drama, aya unsur-unsur intrinsik anu bisa disungsi, di antarana dipedar sakumaha ieu di handap. 4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 124 a. Prolog Dina naskah drama ‗Perang Bubat‘, unsur prolog bisa katitén sakumaha ieu di handap. Narator: Satuluyna dicaritakeun dina tanggal tilu welas bagéan caang bulan badra taun 1279 Saka Sang Prabu Maharaja Sunda perlaya di Bubat di nagri Majapahit Harita Sang Prabu Maharaja jengkar rék nikahkeun putrina nyaéta Sang Rétna Citraresmi atawa Dyiah Pitaloka jeung Bré Prabu Majapahit nu ngaran Sri Rajasanagara kitu asal mula jujutan caritana... Narator: Panceg tanggal 14 bagéan caang bulan Palguna, taun 1272 Saka, Linggabuana diistrénan jeneng ratu Nagri Sunda ka-31 di dayeuh Kawali, kalawan abiséka Prabu Maharaja Linggabuana. Ti Prameswari Déwi Laralinsing, Prabu Maharaja Linggabuana ngarundaykeun seuweu dua. Cikalna awéwé, gelar ka dunya taun 1262 Saka. Citraresmi ngaran ti aki, Dyah Pitaloka ngaran ti rama. Nu bungsu lalaki, gelar ka dunya taun 1270 Saka, dingaranan Niskala Wastu Kancana. b. Dialog Dina naskah drama ‗Perang Bubat‘, unsur dialog bisa katitén sakumaha ieu di handap. Linggabuana: “Kumaha ceuk pamanggih dia, Rayi Mangkubumi?” Mangkubumi: “Pareng aya di Hyang Séda Niskala, Raka PrabuUrang mah darma ngalalakon. Hanas kitu paménta ti Bré Majapahit, taya salahna mun dicumponan. Ngan tangtu baé kudu lantip tarapti. Ulah waka kalinglap ku kingkilaban Linggabuana: “Majapahit téh keur nanjung, RayiLoba ratu-ratu nu taluk di Nusantara. Unggal taun saréba ka dayeuh Trowulan. Mangkubumi: “Tapi Nagri Sunda mah teu kaasup itungan, Raka Prabu” Linggabuana:“Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan” Unsur dialog dina naskah drama kaitung babari pisan disungsina. Anu paling babari mah urang bisa niténan unsur dialog téh tina cara nulisna dina naskah. Sakumaha katangtuan umum, cara nuliskeun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 125 4 kalimah langsung atawa ungkara langsung dina wangun tinulis dicirian ku ngaran palaku, titik dua, jeung ungkarana dikekentengan. Geura titénan ieu conto di handap Linggabuana: “Bener kitu pisan, Rayi Ngan mun anaking Dyah Pitaloka kaselir jadi prameswari, Nagri Sunda baris nanjung komaraan” Tina conto di luhur, katitén aya ngaran palaku Linggabuana. Hartina, nu nyarita téh Linggabuana. Omongan atawa cacaritaanna Linggabuana ditandaan ku tanda baca kekenteng ―.

6. Éksprési Pintonan Drama