Kasang Tukang Modul J PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL J 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Dina Peraturan Menteri Negara Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Permen PAN-RB Nomor 16 Taun 2009 ngeunaan Jabatan Fungsional Guru dan Angka Kreditna ditétélakeun yén guru diwajibkeun pikeun ngumpulkeun sajumlah angka krédit tina kagiatan Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan PKB. Éta hal téh ngandung harti yén tugas guru teu ngan saukur ngajar, ngabingbing, jeung meunteun wungkul, tapi ogé kudu mekarkeun kamampuh patali jeung profésionalismena. Lian ti éta, dina Permendiknas No. 16 tahun 2007 ngeunaan Standar Kualifikasi Akademik dan Kompentensi Guru dijéntrékeun yén guru satékahpolah kudu ngalakukeun tindakan réfléktif pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran. Dina ieu hal, guru ditungtut kudu ngalakukeun réfléksi kana pangajaran nu geus dilaksanakeun di kelas tur ngamangpaatkeunana pikeun ngoméan jeung ngamekarkeun pangajaran satuluyna. Kagiatan réfléksi anu dilakukeun sacara tuluy-tinuluy bisa mantuan ngaronjatkeun profésionalisme guru dina ngalaksanakeun pancén jeung tanggungjawabna. Salah sahiji unsur dina ngamekarkeun kamampuh profésionalismena téh nyaéta nyusun publikasi ilmiah. Publikasi ilmiah nu ilahar dilakukeun ku guru nyaéta nyusun laporan Panalungtikan Tindakan Kelas PTK. Ku kituna, PTK kudu dikawasa jeung bisa dilarapkeun ku guru dina raraga ngamekarkeun profésionalisme jeung mantuan dina maham karakteristik muridna peserta didik. Dina Peraturan Menteri Pendidikan Nasional Nomer 16 Taun 2007 dijéntrékeun yén salah sahiji Kompeténsi anu kudu kacangking ku guru nyaéta ngawasa karakteristik murid nu patalina jeung aspék fisik, moral, sosial, kultural, émosional, jeung inteléktual. Sajaba ti éta, guru ogé diperedih pikeun ngaderes, neuleuman, maham, jeung mampuh matéahkeun dasar- dasar atikan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 Pikeun nyumponan katangtuan katut program anu kaunggel di luhur, PPPPTK TK PLB Bandung nyusun modul J minangka sarana pikeun ngaronjatkeun kamampuh Guru Basa Sunda boh widang pédagogik boh widang profésional. Dina widang pédagogik, dipedar ngeunaan konsép jeung prakprakan Penelitian Tindakan Kelas PTK dina pangajaran basa Sunda di SMASMK. Ari dina widang profésional dipedar konsép wanda téks sarta aprésiasi drama basa Sunda. Kompeténsi pédagogik jeung kaprofésional éta téh diadumaniskeun kana konsép ngukuhan atikan karakter anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ajén réligius bisa katingali tina paripolah ngalaksanakeun ibadah jeung kataatan kana ajaran agama nu dicepengna, ngajénan kana rupaning agama, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ékonomi, sarta pulitik. Ajén mandiri bisa katitén tina sikep anu teu gumantung ka nu séjén jeung daék mikir tur bajoang pikeun ngahontal harepan jeung angen-angen. Ajén gotong royong ébréh tina paripolah anu daék gawé bareng, rempug jukung sauyunan dina nyanghareupan pasualan, resep nyarita jeung teu kurung batok, sarta daék nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Pamungkas, Ajén integritas mangrupa ajén anu ngadadasaran hiji jalma dina ngalaksanakeun pagawéan sangkan bisa dipercaya, boga komitmen jeung tuhu kana ajén kamanusaan katut moral. Lima ajén-inajén di luhur ngajanggélék dina proses pangajaran nu aya dina ieu modul. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuhna tur ngalarapkeun ajén-inajén Penguatan Pendidikan Karakter PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh népakeun ka nu séjén. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3

B. Tujuan