1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
25 c. Diagnosis, pikeun maluruh aspék-aspék anu mangaruhan kana
gagalna hasil diajar. Dilaksanakeun ku calon panalungtik séjén atawa jalma anu teu biasa ngajar di éta kelas. Hasil diagnostik bisa
ditangtukeun dasar pikeun ngalaksanakeun PTK. Masalah anu kapanggih tina hasil diagnostik, upamana masalah strategi
pangajaran, média pangajaran, jeung matéri pangajaran. Diagnosis teu perlu dilaksanakeun ku guru nu teu ngalaksanakeun PTK di
kelasna sorangan.
d. Ngarencanakeun, bisa dibagi jadi 2 jenis, nyaéta rencana umum
jeung rencana husus. Rencana umum maksudna pikeun nyusun rarancang nu ngawengku sakabéh aspek nu aya patalina jeung PTK.
Rencana husus maksudna pikeun nyusun rarancang unggal siklus. Ku lantaran kitu, dina rencana husus mah sok ditangtukeun deui
rencana replanning.
e. Impleméntasi, pikeun ngaréalisasikeun atawa ngalaksanakeun
tindakan luyu jeung nu geus direncanakeun saméméhna. PTK sipatna emansipatoris jeung ngabébaskeun liberating lantaran
ngarojong kabébasan guru dina mikir jeung nepikeun alesan dina ngalaksanakeun ékspérimen, nalungtik, jeung netepkeun putusan
atawa ngasongken judgment.
f. Ngimeutanmaluruh, bisa ku cara obsérvasi atawa monitoring nu
dilaksanakeun ku panalungtik atawa kolaborator. Salila monitorng pangamat kudu nyatetkeun sakur nu katingali, kajadian, atawa
peristiwa aya di kelas. Métode pikeun ngumpulkeun data nu digunakeun nu perlu méakkeun waktu lila sangkan teu ngaganggu
kana prosés pangajaran.
g. Réfléksi, minangka hiji tarékah panalungtik pikeun maluruh deui hal-
hal anu geus lumangsung atawa nu geus dilakukeun dina PTK. Ku cara
kitu, réfléksi
bisa dilaksanakeun
sanggeus ngaimpleméntasikeun tindakan jeung hasil obsérvasi. Dumasar
réfléksi, dilaksakeun deui kagiatan, nepi ka meunangkeun hasil nu nyugemakeun.
h. Laporan PTK, disusun sanggeus pagawéan panalungtik di
lapangan réngsé. Panyusunan laporan kudu sistematis jeung
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
26
didadasaran ku acuan nu aya dina prosedur panalungtikan PTK. Sajatina mah PTK nu dilaksanakeun téh sipatna individual. Hartina
tujuan utama dina PTK pikeun self-improvement tina hasil self-
evaluation jeung self-reflection, nu antukna baris ngaronjatkeun kualitas prosés jeung hasil diajar.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar
tanggung jawab jeung disiplin. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun
jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina
diskusi jeung kancamitra séjénna.
E. LatihanPancén
Pikeun maluruh kacangking henteuna pedaran bahan, jawab sakur pasualan ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab
1. Nurutkeun sadérék naon ari nu dimaksud réfléksi pangajaran téh? 2. Aspék naon waé nu diréfléksi patalina jeung tujuan pangajaran basa
Sunda 3. Jelaskeun naon anu dimaksud lajuning laku hasil réfléksi pangajaran?
4. Tataan jeung jelaskeun léngkah-léngkah naon waé anu dilakukeun dina réfléksi pangajaran?
5. Jelaskeun naon maksudna yén saméméh ngalaksanakeun PTK kudu didadasaran ku hasil diagnostik?
F. Tingkesan
Réfléksi nyaéta hiji prosés ngalenyepan prak-prakan pangajaran kalawan kritis jeung tuluy-tinuluy pikeun nyangking déskriptif, hasil analisis, jeung