Mekarkeun Diri Ngalaksanakeun Réfléksi Pangajaran Basa Sunda di SMASMK

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 21 3. Ngamangpaatkeun Hasil Réfléksi pikeun Pengembangan Profési Berkelanjutan PKB Saperti anu geus dijéntrékeun di luhur, lian ti pikeun ngoméan pangajaran prak-prakan réfléksi téh bisa ogé pikeun ngarojong guru ngamekarkeun profési sacara tuluy-tinuluy. Prosés ngalaksanakeun réfléksi mangrupa prosés diajar anu kacida hadéna pikeun guru dina maham situasi pangajaran, ngararancang, jeung ngalaksanakeun perbaikan. Prosés samodél kitu téh mun seug terus diasah bakal nyeukeutan pikiran jeung paripolah guru dina ngamekarkeun pangajaran nu hadé jeung profésional jeung tujuan dina Pengembangan Profési Berkelanjutan PKB Dumasar kana Peraturan Menteri Negara Pemberdayaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Nomer 16 Taun 2009 ngeunaan Jabatan Fungsional Guru jeung Angka Kréditna, PKB mangrupa unsur poko nu rupaning kagiatanana ditibanan angka krédit pikeun mekarkeun karir guru, salian ti dua unsur poko lianna nu ngawengku atikan sarta pembelajaran jeungatawa tugas tambahan. Komponén PKB nu nyumponan kana hal sarupa kitu téh ngawengku pengembangan diri, publikasi ilmiah, jeung karya inovatif. Tilu komponén éta téh bakal bisa kahontal ku cara ngamangpaatkeun hasil réfléksi pangajaran.

a. Mekarkeun Diri

Mekarkeun diri nyaéta rupaning tarékah pikeun mekarkeun profésionalisme diri sangkan nyangking kompeténsi-kompeténsi pédagogis, profésional, kapribadian, jeung sosial anu luyu jeung aturan minangka dadasar dina ngalaksanakeun tugas poko jeung kawajiban guru dina prakna pembelajaran, kaasup prakna ngalaksanakeun pancén-pancén tambahan nu luyu jeung fungsi sakola. Wujud kagiatan pengembangan diri anu pangpokona ngawengku diklat fungsional jeung kagiatan koléktif guru. Ari pikeun mekarkeun kompeténsi dina prakna ngalaksanakeun pancén-pancén tambahan, kagiatan pengembangan dirina dipuseurkeun kana kagiatan mekarkeun kompeténsi anu luyu jeung pancén 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 tambahanana, contona kompeténsi salaku laboran, pustakawan, kapala sakola, jsté. Diklat fungsional wujudna mangrupa kagiatan latihan jeung atikan dina dangka waktu anu tangtu anu tujuanana pikeun ngahontal tur ngundakkeun standar kompeténsi profési anu geus ditetepkeun. Ari kagiatan koléktif guru, wujudna dina kagiatan-kagiatan ilmiah atawa kagiatan babarengan anu tujuanana pikeun ngahontal kaompeténsi anu leuwih luhur ti batan standar anu geus ditetepkeun, kayaning lokalarya, seminar, KKG, MGMP, jsté. Kagiatan pengembangan diri anu kawengku dina diklat fungsional jeung kagiatan koléktif guru sawadina ngutamakeun pangabutuh guru dina ngahontal standar jeung ngundakkeun kompeténsi profésina, utamana patali jeung prakna kagiatan diajar ngajar. Éta kagiatan- kagiatan dipiharep ngobét hal-hal kayaning: 1IIkompeténsi maham kontéks di mana guru ngajar; 2 matéri jeung kurikulum; 3 métode ngajar; 4 évaluasi siswa; 5 kamampuh ngawasa téknologi informasi jeung komputer TIK; 6 kamampuh nyanghareupan inovasi dina sistem atikan; 7 kompeténsi nyanghareupan gelarna tiori-tiori anyar; jeung 8 kompeténsikompeténsi lianna anu luyu jeung pangabutuh dina prakna kagiatan diajar ngajar jeung pancén-pancén tambahan.

b. Publikasi Ilmiah