Peta Kompeténsi Ambahan Cara Ngagunakeun Modul

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5 Opat tujuan husus di luhur kudu dihontal ngaliwatan paripolah kagiatan diajar kalawan diwewegan ku ajén-inajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Satuluyna, bisa maham tur biasa ngalarapkeun éta ajén-inajén karakter dina gawé jeung kahirupan sapopoé.

C. Peta Kompeténsi

Peta Kompeténsi kagiatan diajar Pembinaan Kompetensi Guru Basa Sunda pikeun Guru basa Sunda tahap J Sekolah Menengah AtasSekolah Menengah Kejuruan SMASMK katitén saperti gambar ieu di handap. Gambar 1.1 Peta Kompeténsi Basa Sunda Tahap J

D. Ambahan

Matéri anu dipidangkeun dina ieu modul nyoko kana wengkuan téori jeung prak-prakan réfléksi pangajaran sarta lajuninglakuna ngaliwatan PTK dina raraga ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa Sunda di SMASMK, sarta matéri ngeunaan téori jeung konsép wanda téks jeung drama katut aprésiasina. Saluyu jeung ambahan éta bahan, péréléan ieu matéri diwangun ku 4 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. 1. Réfléksi pangajaran basa Sunda di SMASMK 2. PTK dina pangajaran basa Sunda di SMASMK 3.Wanda téks basa Sunda di SMASMK KOMPETÉNSI PROFÉSIONAL Konsép jeung Wanda Téks Basa Sunda sarta Aprésiasi Drama 4. Drama Basa Sunda di SMASMK KOMPETÉNSI PEDAGOGIK Réfléksi Pangajaran Basa Sunda jeung Lajuninglakuna Ngagunakeun PTK PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 6 Kagiatan Diajar 1: Medar réfléksi pangajaran basa Sunda di SMASMK hakékat réfléksi pangajaran, ngalaksanakeun réfléksi pangajaran, ngamangpaatkeun hasil réfléksi pangajaran, jeung lajuning laku hasil réfléksi pangajaran Kagiatan Diajar 2: Medar PTK dina Pangajaran Basa Sunda di SMASMK hakékat, rarancang, prakprakan, jeung nyarungsum proposal tur laporan PTK Kagiatan Diajar 3: Medar wanda téks basa Sunda di SMASMK wangenan, watesan, usur, jeung conto téks paguneman, biografi jeung otobiografi, iklan, sarta warta Kagiatan Diajar 4: Medar drama basa Sunda wangenan, kamekaran, watesan, wanda, unsur-unsur, jeung aprésiasi drama

E. Cara Ngagunakeun Modul

Sangkan eusi ieu modul bisa kacangking kalawan gembleng, ieu di handap aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun ku Sadérék. 1. Kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna keur sadérék. Kudu ditarékahan sangkan Sadérék meunang informasi atawa luang tina modul nu dibaca. 2. Baca kalawan imeut unggal bagian nu aya dina unggal kagiatan pangajaran, kayaning tujuan, indikator kahontalna Kompeténsi, pedaran matéri, Kagiatan Diajar, latihan-pancén boh individual boh kelompok, tingkesan, uji Balik jeung lajuning lakuna. 3. Titénan jeung pigawé latihan nu dipidangkeun dina unggal ahir jejer pedaran kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina unggal bahan nu dipidangkeun. 4. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan ieu kagiatan diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku 1 hakékat PTK, 2 prosedur PTK dina pangajaran basa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 Sunda di SMASMK, 3 wanda téks basa Sunda, sarta 4 hakékat jeung aprésiasi unsur drama basa Sunda. 5. Dina maca, nengetan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep pikeun maca jeung ngulik sacara sistematis tur taliti, turta dibarung ku sikep-sikep nu némbongkeun karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong-royong, jeung integritas. 6. Lamun manggihan bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KOMPETÉNSI PÉDAGOGIK RÉFLÉKSI PANGAJARAN JEUNG PENELITIAN TINDAKAN KELAS PTK PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 KAGIATAN DIAJAR 1 RÉFLÉKSI PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMASMK

A. Tujuan