Explanatory News , nyaéta berita nu dipedar kalawan rinci, madukeun

3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 96 upamana tina press release, liputan acara, jeung panalungtikan investigasi.

b. Explanatory News , nyaéta berita nu dipedar kalawan rinci, madukeun

antara pakta nu aya jeung opini nu nulis. Fakta anu kapanggih dijelaskeun kalawan gemet tur panjang lébar dibarengan ku argumentasina. Bisa dipidangkeun langsung saharita atawa jadi berita nyambung. Pikeun éta hal diperukeun data anu loba tur lengkep boh ti narasumber boh tina hiji peristiwa. c. Interpretative News, nyaéta berita nu dimekarkeun ku cara napsirkeun, ngajén, ngoméntaran kana hiji data, pakta tina hiji peristiwa atawa informasi ti narasumber. Cindekna data nu aya diadumaniskeun jeung hasil interprétasi nu nulis. d. Depth News, midangkeun data nu méh sarua jeung investigative news, nyaéta mekarkeun berita nu dianggap perlu dilengkepan ku data-data séjén atawa koméntar nu nulis. Éta hal bisa waé balukar tina data anu loba teuing tapi rada jauh patula-patalina. Nyaéta berita dimekarkeun deui diluyukeun dumasar kapentingan jeung klasifikasina. Prinsip-Prinsip Warta Warta nu ngandung ajén objéktif nyaéta warta nu bisa ngabuktikeun fakta, data, atawa informasi nu diberitakeunana ku unsur-unsur kecap- kecap pananya what, who, when, where, why, jeung how 5W + 1H. Ciri nu hakiki warta téh dipidangkeun atawa ditepikeun ka masarakat kalawan gancang timely tur raket patalina jeung kapentingan umum balaréa public interest. Aya dalapan konsép berita anu jadi prinsip-prinsipna, nyaéta berita laporan gancang news as timely report, rekaman news as record, fakta objéktif news as objective fact, interprétasi news as interpretation, sensasi news as sensasion, minat insani news as human interest, ramalan news as prediction, gambar news as picture. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 97 Nulis Warta Di luhur ditétélakeun yén warta atawa berita nyaéta laporan peristiwa atawa catetan ngeunaan hiji kajadian. Nuliskeun hiji berita geus ilahar merhatikeun genep unsur nu patalina jeung kecap pananya minangka prinsip-prinsipna. Who – saha nu kalibet dina éta peristiwa: palaku, korban, tokoh utama, tokoh pangganti, figuran, jalma, lembaga, organisasi, jsté. What – naon nu kajadianana, kajadian naon, peristiwa naon, acara naon? When – iraha kejadianana, unsur waktu, biasana ditulis, upamana, senén 224. Where – di mana kajadianana, tempat acarana di mana, unsur tempat, biasana ditulis, upamana, di hareupeun gedong partere upi. Why – naha kitu, naon sababna, kumaha kasang tukangna, naon tujuanana, jsté. How - kumaha proses kajadianna, naon acarana, saha nu nyaritana, aya guruna teu, raribut di kelasna teu, alakur jeung babaturnana, kahujanan balikna, naon waé nu dicaritakeun ku narasumber, jsté. Sawatara hal penting anu perlu diperhatikeun patalina jeung basa nu dipaké dina nulis berita, di antarana 1 basajan, 2 singget, 3 pepelpadet, 4 lugas, 5 jelas, 6 jernih, 7 narik ati, 8 demokratis, 9 populis, 10 logis, 11 gramatikal, 12 mahing basa tuturlisan, 13 mahing kecap jeung istilah asing, 14 pilihan kecap diksi merenah, 15 ngutamakeun kalimat aktif, 16 mahing kecap atawa istilah téhnis, 17 patuh kana kaidah étika. Karya jurnalistik ngabogaan tilu wanda tulisan, nyaéta Stright News, News Feature, jeung feature. Sedengkeun struktur berita diwangun ku 1 judul, 2 lead teras berita, 3 eusi. Judul minangka kakuatan utama hiji berita nu ngalantarankeun nu maca ngarasa panasaran hayang mikanyaho eusina. Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun dina nuliskeun judul, di antarana 1 ringkes, 2 kekecapanana basajan, 3 marketable – bisa dijualkomérsial, 4 attraction – mampuh narik calon nu meuli, 5 intention – numuwuhkeun nu maca panasaran kana eusina, 6 action – nu maca hayang miboga surat kabar nu dibacana. Upama judul teu narik ati nu maca ogé bakal 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 98 seunggah pikeun macana. Sakapeung aya judul nu alus, ngirut nu maca neuleuman eusina, tapi sanggeus dibaca teu nyambung antara eusi judul nu ditulisna. Judul bisa ditulis ngagunakeun kalimat langsung, hartina bisa nyutat tina caritaan narasumber. Eusi berita bisa ditingali ti mimiti lead teras berita nu sok aya dina paragraf awal. Tina lead bisa kapaluruh pieusieun berita. Konci utama nulis lead nyaéta aya, 5 W + 1 H. Lead pungsina pikeun bubuka saméméh asup kana pedaran hiji berita. Aya sababarah rupa lead nu sok digunakeun dina nulis berita, di antarana nuliskeun lead berita bisa ku cara tiori piramida terbalik, nyaéta nempatkeun hal nu pokok jeung utama leuwih ti heula. Téhnik nulis modél kieu ngabantu rédaktur dina kagiatan motong berita saupama panjang teuing jeung tempatna kaca teu cukup.

b. Tujuan Pangajaran Warta