Prosés Niténan Obsérvasi Prosés Ngalenyepan Réfléksi

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 44 2 Kagiatan Inti Kagiatan inti mangrupa kagiatan puseur nu nangtukeun suksésna hiji kagiatan pangajaran. Dina ieu kagiatan siswa diajak pikeun babarengan ngahontal tujuan pangajaran. Ilaharna waktu nu digunakeun dina kagiatan inti 50 – 70 menit. Waktu nu kawilang jembar ieu digunakeun pikeun medar matéri pangajaran saluyu jeung léngkah-léngkah modél pangajaran, métode pangajaran, média pangajaran, atawa sumber diajar anu saluyu jeung karakteristik siswa katut pangajaranana. Ngagunakeun pamarekan saintifik anu léngkah-léngkah ngawengku 5M, nyaéta mengamati, mempertanyakan, mengéksplorasi, mengasosiasikan, jeung mengkomunikasikan. Hal penting séjénna nu kudu aya nyaéta ngawengku kamekaran sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan nu kabeungkeut terintegrasi dina pangajaran. 3 Kagiatan Panutup Kagiatan panutup mangrupa kagiatan nu ahir nu mungkas kagiatan pangajaran dina hiji lawungan. Ilaharna kagiatan panutup nyontang waktu 5 – 15 menit. Eusina mangrupa prosés nginget-nginget deui sakabéh kagiatan pangajaran jeung hasil- hasil nu geus kacangking pikeun dipaluruh mangpaatna boh sacara langsung boh henteu. Dina kagiatan ieu ogé dilakukeun uji balik kana prosés jeung hasil diajar anu dibuktikeun dina lajuninglaku nu mangrupa pancén boh individu boh kelompok. Lian ti éta, diinpormasikeun ogé rencana kagiatan pangajaran lawungan satuluyna.

b. Prosés Niténan Obsérvasi

Tahap prosés niténan atawa obsérvasi dilakukeun ku panalungtik observer pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan prosés pangajaran anu dilakukeun ku guru panalungtik saluyu jeung tindakan anu geus disusun. Paniténan kudu nyoko kana instrumén 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 45 nu geus dijieun sarta dirumuskeun. Aspék nu ditalungtik dina ieu paniténan nyaéta: a prosés tindakanana; b pangaruh tindakan boh nu dihaja boh nu teu dihaja; c kaayaan jeung bangbaluh tindakan; d kumaha kaayaan jeung bangbaluhna dina ngayakeun tindakan nu dirarancang jeung pangaruhna; jeung e pasualan lain nu bakal timbul salila kagiatan PTK lumangsung. Instrumén anu umum dipaké nyaéta a soal tés, kuis; b rubrik; c lambar obsérvasi; jeung d catetan lapangan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data sacara obyektif nu teu karékam dina lambar obsérvasi, kayaning aktivitas siswa salila diayakeunana tindakan lumangsung, reaksi siswa, atawa pituduh séjénna nu dipaké dina kagiatan nganalisis jeung pikeun kaperluan réfléksi. Minangka dina hiji usulan PTK baris dikumpulkeun: a skor tés ésay; b skor kualitas kualitatif lumangsungna diskusi jeung jumlah pertanyaan katut jawaban; sarta c hasil obsérvasi jeung catatan lapangan anu pakait jeung kagiatan siswa. Dumasar data-data anu bakal dikumpulkan kayaning di luhur, instrumén anu dipakéna nyaéta: a soal tés wangun ésay; b padoman jeung kriteria meunteunskoring, boh tina hasil tés ésay atawa pertanyaan tina jawaban lisan salila diskusi; c lembar obsérvasi nu dipaké pikeun ngumpulkeun data aktivitas diskusi nu ditangtukeun skorna dumasar rubrik; jeung d catetan lapangan.

c. Prosés Ngalenyepan Réfléksi

Kagiatan réfléksi panalungtikan dilaksanakeun di ahir lawungan salila kagiatan siklus lumangsung. Ieu tahap téh mangrupa tahap ngalenyepan hasil paniténan atawa obsérvasi anu geus dilaksanakeun di kelas, boh tina hasil obsérvasi guru, obsérvasi siswa, boh catetan lapangan. Ngaliwatan kagiatan réfléksi, tina hasil obsérvasi tinangtu bakal kapanggih naon baé kahéngkéran jeung bangbaluh dina panalungtikan. Tujuan tina réfleksi nyaéta pikeun ngabebenah sarta ngoméan tindakan nu dilaksanakeun. Saperti halna, saumpama dina siklus I 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 46 hasil maca artikel masih aya siswa anu can tuntas, dilakukeun réfléksi pikeun maluruh hal nu nyababkeun teu tuntasna éta. Saperti halna tina hasil réfléksi kapaluruh yén guru kurang ngarahkeun siswa, dina siklus II hasil réfléksi éta dilarapkeun dina prosés pangajaran, nepi ka dina ahirna sakabéh siswa bisa tuntas dina kagiatan pangajaran. Lajuning laku hasil réfléksi mangrupa kagiatan nu aya dina PTK. Éta hal dilaksanakeun ku guru sanggeus manggih kacindekan tina interprétasi data jeung réfléksi. Saméméh ngalaksanakeun éta panalungtikan biasana sok maluruh heula aspék-aspék anu jadi masalahna. Pikeun gambaran, aya hiji kasus anu karandapan tur ngarasa prihatin lantaran aktivitas diajar jeung hasil diajar muridna anu teu nyugemakeun. Upamana waé peunteun hasil diajarna téh sahandapeun KKM. Sanajan ceuk paribasana guru geus béak déngkak usaha satékah polah tapi angger waé taya kamajuan alias peunteunna garoréng. Komo deui merhatikeun muridna anu taya karep diajar, tugas-tugas teu dipigawé. Nyanghareupan kaayaan modél kitu, éta guru maluruh naon anu ngalantarankeunana. Nya salah sahijina téh, upamana waé métode pangajaran anu digunakeunana matak teu pikaresepeun muridna. Métode anu dipakéna ukur ceramah, murid teu kaaping dina ngalaksanakeun tugas, arang langka ngagunakeun alat peragamédia pangajaran, jeung arang langka ngayakeun tés atawa evaluasi. Sanggeus ngaidéntifikasi rupa-rupa hal anu ngalantarankeun héngkérna kualitas jeung handapna hasil diajar murid, éta guru satuluyna ngararancang hiji kagiatan pikeun ngungkulan éta masalah. Lajuning laku mangrupa kagiatan nu dilaksanakeun sanggeus réfléksi. Dina ieu kagiatan guru perlu maluruh aspék-aspék nu dianggap héngkér kénéh tur perlu dioméan. Éta aspék anu nyababkeunana téh jadi titik pamiangan pikeun ngalaksanakeun kagiatan saterusna. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 47

4. Nyarungsum Proposal jeung Laporan PTK