PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
113
4
Gending Karasmen mimiti dipagelarkeun dina taun 1923 ku Raden Kartabrata di
na carita ―Lutung Kasarung― Iskandarwassid 2003:61. Naskah-naskah drama sejena dina wangun gending karasmen diantara nya
eta : ―Sangkuriang―, beunang R.T.A Sunarya, ―Mundinglaya Dikusuma―, ―Inten Dewata―, ―Galunggung Ngadeg Tumenggung―, jeung ―Nyi Rambut
Kasih―, benang Wahyu Wibisana; ―Si Kbayan Balangantrang― beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: ―Leuwi Sipatahunan― jeung ―Saija
jeung Adinda ―, ―sarta Sri Baduga Maharaja‖ beunang R.A.F jeung Koko Koswara;sarta ― Lutung Kasarung ― beunang Sayudi.
Dina taun 1950an, kamekaran drama anjog kana babak anyar anu disebut drama modern. Disebut drama modérn lantaran caritana ditulis dina wangun
lancaran. Kamekaran drama modern dialpukahan ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak ―Sangkuriang-Dayang Sumbi― 1953 anu satuluyna
dirobah jadi ―Sangkuriang‖ 1955. Karya-karya drama sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta ―Dakwaan―, ―Babat ― jeung ― Jalan
Leumpang‖ beunang R.T.F ; ―Dua Utusan―, ―Suling jeung Peuting―, ―Tina Jandela―, ―Bawa Kuring ka Ciawang―, beunang Wahyu Wibisana; ―Hutbah
Munggaran di Pajajaran ― beunang Yus Rusyana; ―Nu Mulang― jeung ―Kanyaah Indung― beunang Min Resmana; ―Masitoh― beunang Ajip Rosyidi;
―Bandung Lautan Api― beunang Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah
tara leupas tina tradisi sastra jeung budaya sunda. Nepi ka kiwari drama basa sunda beuki ngarekahan. Lalakonna leuwih
réalistis jeung modérn, ari naskahna réa anu dimodifikasi tina wangun karya sastra saperti novel, carpon, dongéng, atawa sajak, anu ilahar disebut
dramatisasi karya sastra.
3. Papasingan Drama Basa Sunda
Drama dina hasanah sastra Sunda ngawengku sawatara rupa, contona longsér, génding karesmén, jeung drama modéren.
a. Longsér L
ongsér mangrupa salasahiji wangun drama nu jolna tina téater ra‘yat. Longsér mimiti mekar kurang leuwih taun 1915-an, turta ngalaman
4 KD
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
114
mangsa kajayaan kurang leuwih dina mangsa taun 1920 tepi ka 1960- an. Tokoh anu kaitung populér dina ngahirupkeun jeung mekarkeun
longsér di antarana Bang Tilil, Bang Soang, Bang Timbel, bang Cineur, Bang Kayu, Bang Auf, jeung Sumanta.
Dina prakna pintonan longsér, aya unsur-unsur tari, kawih, jeung lakon. Dipintonkeunana biasana sok peuting di luar gedong di buruan atawa
lapang. Nu lalajo biasana ngawangun gundukan satengan buleudan nyanghareupan pakalangan pamaén longsér nu ditengah-tengahna sok
ditaheunan oncor.
Pintoinan longsér biasana dimimitian ku ronggéng, sok disebut adegan wawayangan atawa mamarung. Dina ieu adegan, ronggéng téh ngibing
jeung ngawih, tujuanana ngahudang karep nu nongton sangkan katarik atina. Sabadsa ronggéng bérés méntas, dituluykeun ku pamaén lianna,
biasana pamaén anu peranna bodor. Lalakon anu biasa dipintonkeun umumna diangkat tina kahirupan sapopoé masarakat Sunda.
b. Gending Karesmén Gending karesmén nyaéta pagelaran drama Sunda anu dialog-dialogna
ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, turta dipirig ku tatabeuhan gamelan. Gending karesmén sok disebut ogé drama
swara, méh sarua jeung opera dina hasanah drama Barat atawa éropa. Kiwari, gending karesmén réa anu geus dirékam kana kasét. Ku éta hal,
upama rék mintonkeun gending karesmén téh ayeuna mah teu kudu nyiapkeun waditra. Kawih atawa tembangna deuih, teu kudu
dikawihkeun ku pamaénna, cukupnuturkeun sora anu nyampak dina kasét lip sync
. Pamaén ukur cukup ku pepéta, n‘embongkeun éksprési, jeung blocking pundah-pindah tempat di panggung.
c. Drama Modéren Drama modéren kiwari leuwih dikenal ku istilah téater. Dina hasanah
drama Sunda, téater Sunda teu béda jeung konsép téater anu nyampak dina hasanah drama sakuliah dunya. Unsur anu pangkatarana jadi
pangbéda téh pangpangna mah lebah basa anu digunakeunana. Téater Sunda mah ngagunakeun médium basa Sunda.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
115
4
Téater téh asalna tina bas Yunani theatron nu hartina tempat pikeun lalajo. Téater mangrupa istilah lianna pikeun drama, tapi mibanda
ma‘na anu leuwih lega batan drama. Kalawan leuwih lega, téater téh nyaéta rupaning pintonan anu dipintonkeun hareupeun jalma réa,
pros‘esna ngawengku milih téks atawa naskah, nafsirkeun naskah, ngagarap naskah, mintonkeun, jeung prosés maham atawa aprésiasi.
4. Unsur Intrinsik Drama