PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
112
4 KD
ngagunakeun layar boh henteu, musik, nyanyian boh tarian nu bisa ditongton.
Watesan perkara drama terus mekar tepi ka kiwari. Sok sanajan kitu, enas- enasna mah unggal watesan drama anu diasongkeun téh teu pati jauh
béda. Drama téh nyaéta carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun.
Drama diklasifikasikeun minangka karya sastra. Ari sababna média anu digunakeun pikeun nepikeun pikiran pangarangna téh nyatana basa. Anu
kaasup garapan sastra dina drama nyaéta naskahna, naskah drama anu jadi dadasar pintonan drama. Memang salian ti naskah keur pintonkeuneun
téh, aya ogé karangan drama pikeun bacaeun anu disebut closet drama. Tapi closet dina sastra Sunda mah, nepi ka danget ieu, can kacatur.
Karangan drama téh boga rupa-rupa ciri. Upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana, drama gegedéna ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta
kalimah anu dikedalkeun ku palaku. Dina drama anu palakuna leuwih ti saurang, gelarna paguneman téh mangrupa omongan palaku anu
silihtémpas. Kiwari aya ogé anu disebut monolog, nyaéta pagelaran drama anu mangrupa omongan hiji jalma. Palakuna ngan saurang.
2. Sajarah Kamekaran Drama
Dina kahirupan masyarakat Sunda saéstuna geus nyampak seni pintonan anu tumuwuh sarta tatalépa ti generasi ka generasi, salah sahijina pintonan
longsér. Dina kamekaranana, wangun longsér diropéa kana wangun sandiwara rakyat anu jejer caritana diadopsi tina carita-carita buhun anu
geus nyampak di masyarakat, upamana bae sarita pantun jeung dongeng, saperti ―Lutung Kasarung―, ―Mundinglaya Dikusuma―, jeung ―Si Kabayan―.
Dina abad ka-19 kungsi aya pintonan Opera Barat Komedi Istambul dina basa malayu. Éta pintonan téh sacara teu langsung nepungkeun aliaran
teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di masyarakat Indonesia, kaasup kana kasenian di tatar sunda. Teu lila ti harita, kira-kira taun 1920an
medal naskah drama munggaran di Tatar Sunda dina wangun Gending Karasmen Rusyana, 1984:147
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
113
4
Gending Karasmen mimiti dipagelarkeun dina taun 1923 ku Raden Kartabrata di
na carita ―Lutung Kasarung― Iskandarwassid 2003:61. Naskah-naskah drama sejena dina wangun gending karasmen diantara nya
eta : ―Sangkuriang―, beunang R.T.A Sunarya, ―Mundinglaya Dikusuma―, ―Inten Dewata―, ―Galunggung Ngadeg Tumenggung―, jeung ―Nyi Rambut
Kasih―, benang Wahyu Wibisana; ―Si Kbayan Balangantrang― beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: ―Leuwi Sipatahunan― jeung ―Saija
jeung Adinda ―, ―sarta Sri Baduga Maharaja‖ beunang R.A.F jeung Koko Koswara;sarta ― Lutung Kasarung ― beunang Sayudi.
Dina taun 1950an, kamekaran drama anjog kana babak anyar anu disebut drama modern. Disebut drama modérn lantaran caritana ditulis dina wangun
lancaran. Kamekaran drama modern dialpukahan ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak ―Sangkuriang-Dayang Sumbi― 1953 anu satuluyna
dirobah jadi ―Sangkuriang‖ 1955. Karya-karya drama sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta ―Dakwaan―, ―Babat ― jeung ― Jalan
Leumpang‖ beunang R.T.F ; ―Dua Utusan―, ―Suling jeung Peuting―, ―Tina Jandela―, ―Bawa Kuring ka Ciawang―, beunang Wahyu Wibisana; ―Hutbah
Munggaran di Pajajaran ― beunang Yus Rusyana; ―Nu Mulang― jeung ―Kanyaah Indung― beunang Min Resmana; ―Masitoh― beunang Ajip Rosyidi;
―Bandung Lautan Api― beunang Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah
tara leupas tina tradisi sastra jeung budaya sunda. Nepi ka kiwari drama basa sunda beuki ngarekahan. Lalakonna leuwih
réalistis jeung modérn, ari naskahna réa anu dimodifikasi tina wangun karya sastra saperti novel, carpon, dongéng, atawa sajak, anu ilahar disebut
dramatisasi karya sastra.
3. Papasingan Drama Basa Sunda