Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 d. Bagian Pangdeudeul 1 Daftar Pustaka 2 Lampiran-Lampiran Latihan Nyusun Laporan PTK Sadérék bisa latihan nyusun laporan PTK dumasar proposanl nu geus disarungsum. Pék tingali rambu-rambu nyarungsum laporan di luhur kalawan kréatif tur tanggung jawab Lembar Kerja Kompeténsi Pédagogik Pituduh: 1. Pék titénan matéri hakékat Penelitian Tindakan Kelas PTK dina Modul Kelompok Kompeténsi J 2. Diskusikeun dina kelompok pikeun ngajawab pertanyaan ngeunaan karakteristik Penelitian Tindakan Kelas PTK 3. Tuliskeun jawaban hasil diskusi dina kolom ieu di handap Hal naon baé anu ngabédakeun PTK jeung panalungtikan anu séjén? Karakteristik 1. 2. 3.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Pikeun maluruh kacangking henteuna pedaran bahan, jawab sakur pasualan ieu di handap kalawan jujur 1. Nurutkeun sadérék naon nu dimaksud PTK 2. Jéntrékeun naon tujuan jeung mangpaat dilaksanakeunana PTK 3. Jéntrékeun cara ngaidéntifikasi pasualan PTK kalawan hadé 4. Dina ngalaksanakeun PTK aya tilu prosés anu kudu dilaksanakeun. Pék tatan jeung jéntrékeun masing-masing prosésna 5. Kagiatan niténan observasi dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun data prosés pangajaran nu keur ditalungtik. Aspék naon waé anu dititénan dina salila obsérvasi

F. Tingkesan

PTK nyaéta prosés ngungkulan pasualan di hiji kelas ku cara ngararancang, ngalaksanakeun, ngaobsérpasi jeung ngaréfléksikeun tindakan sacara kolaboratip jeung partisifatip kalawan tujuan pikeun ngoméan atawa ngaronjatkeun kualitas prosés pangajaran di kelas ngaliwatan hiji tindakan nu tangtu dina sababaraha siklus sarta dianalisis sakabéh pangaruh tina unggal tindakan nu dilakukeun. Gumelarna PTK dimimitian tina panalungtikan nu dilakukeun ku John Dewey 1910. Konsép inti panalungtikan tindakan diwanohkeun dina wangun siklus nu eusina ngawengku opat léngkah, nyaéta 1 rarancang planning, 2 prak-prakan acting, observasi abserving, jeung réfléksi reflecting. Tujuan jeung mangpaat PTK nyaéta pikeun ngaréngsékeun pasualan nu kajadian di kelas sarta maluruh jawaban ilmiah tina éta kajadian. Ari karakteristikna nyaéta ayana tindakan nyata panalungtik pikeun ngoméan 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 atawa ngungkulan pasualan. Tindakan nu dilakukeun minangka kagiatan dihaja kalawan didadasaran ku tujuan anu tangtu sarta dipilampah dina sawatara siklus kegiatan. Tahap nyusun rarancang kagiatan PTK mangrupa tahap ngabéjér-béaskeun ngeunaan naon, ku naon, iraha, di mana, ku saha, jeung kumaha tindakan éta dilakukeun. Prosedur anu kudu dilakonan dina ngararancang PTK ngawengku: 1 idéntifikasi pasualan, 2 analisis masalah, 3 ngarumuskeun pasualan, jeung 4 alternatif tindakan. Tahap ngalaksanakeun PTK mangrupa tahap impleméntasi hasil rarancang kagiatan PTK. Dina ieu tahap guru kudu bisa nyaluyukeun tindakan jeung naon waé anu geus dirumuskeun sarta ditangtukeun dina rarancang saméméhna. Lilana waktu ngalaksanakeun PTK paling saeutik dua siklus. Ieu hal dilakukeun sabab nu dititénan dina PTK nyaéta prosés lain hasil. Aya sababaraha aspék nu diguar dina ngalaksanakeun kagiatan PTK, nyaéta 1 prosés pangajaran, 2 prosés niténan obsérviasi, jeung 3 prosés ngalenyepan réfléksi. Proposal PTK disusun pikeun méré gambaran ngeunaan naon anu rék dilakukeun ku panalungtik, sedengkeun laporan PTK disusun pikeun méré laporan tina kagiatan atawa tindakan nu geus dilakukeun. Dina proposal kagambar kalawan rinci ngeunaan prosés anu baris dipilampah ku panalungtik guru dina ngungkulan masalah pangajaran nu dirandapanana. Saupama panalungtik geus sugema dina maluruh jeung ngumpulkeun data nu kapanggih dina unggal siklus, léngkah sateruna nyaéta nyusun laporan ahir panalungtikan. Nyusun laporan PTK kudu sistematis jeung didadasaran ku acuan nu aya dina prosedur panalungtikan PTK. Prosés nyusun laporan bakal ngaguluyur saupama salila obsérvasi nyatet sakur kajadian dina unggal siklus. 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku