Tingkesan Modul J PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL J 3

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 26 didadasaran ku acuan nu aya dina prosedur panalungtikan PTK. Sajatina mah PTK nu dilaksanakeun téh sipatna individual. Hartina tujuan utama dina PTK pikeun self-improvement tina hasil self- evaluation jeung self-reflection, nu antukna baris ngaronjatkeun kualitas prosés jeung hasil diajar.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Pikeun maluruh kacangking henteuna pedaran bahan, jawab sakur pasualan ieu di handap kalawan disiplin jeung tanggung jawab 1. Nurutkeun sadérék naon ari nu dimaksud réfléksi pangajaran téh? 2. Aspék naon waé nu diréfléksi patalina jeung tujuan pangajaran basa Sunda 3. Jelaskeun naon anu dimaksud lajuning laku hasil réfléksi pangajaran? 4. Tataan jeung jelaskeun léngkah-léngkah naon waé anu dilakukeun dina réfléksi pangajaran? 5. Jelaskeun naon maksudna yén saméméh ngalaksanakeun PTK kudu didadasaran ku hasil diagnostik?

F. Tingkesan

Réfléksi nyaéta hiji prosés ngalenyepan prak-prakan pangajaran kalawan kritis jeung tuluy-tinuluy pikeun nyangking déskriptif, hasil analisis, jeung 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 27 évaluasi hiji pangajaran anu geus dilaksanakeun ku pendidik atawa guru. Réfléksi pangajaran penting dilakukeun pikeun kalawan tujuan mantuan guru dina 1 méré informasi positif ngeunaan kumaha cara guru ngaronjatkeun kualitas pangajaranana sakaligus bahan observasi pikeun mikanyaho tepi ka mana kahontalna tujuan pangajaran, 2 nganalisis tingkat kahontalna prosés jeung hasil diajar siswa, 3 ngalakukeun évaluasi diri ngeunaan prosés diajar nu geus dilakukeun, 4 ngaidéntifikasi faktor-faktor nu nyababkeun gagal atawa hadéna pangajaran, 5 ngararancang tarékah optimalisasi prosés jeung hasil diajar, jeung 6 ngoméan jeung ngamekarkeun pangajaran saluyu jeung mata pelajaran nu diampu atawa matéri ajar nu ditepikeun. Ari prinsip- prinsip réfléksi ngawengku prinsip tuluy-tinuluy berkelanjutan, gembleng komprehensif, gabung terintegrasi, jujur, sistematis, jeung kontékstual. Réfléksi pangajaran dilaksanakeun ku cara ngimeutan tujuan pangajaran nu hayang dihontal, prosés pangajaran, jeung hasil pangajaran nu dilaksanakeun. Mun seug guru geus maham udagan pangajaran basa Sunda di SMASMK, saéstuna guru geus bisa ngaréfléksi pangajaran naon anu can nyumponan éta udagan. Réfléksi prosés pangajaran dilakukeun pikeun maluruh gambaran kahontalna rencana pangajaran anu geus disarungsum dina Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP. Prosés ngalaksanakeun réfléksi mun seug terus diasah bakal nyeukeutan pikiran jeung paripolah guru dina ngamekarkeun pangajaran nu hadé jeung profésional jeung tujuan dina Pengembangan Profési Berkelanjutan PKB. Komponén PKB téh ngawengku pengembangan diri, publikasi ilmiah, jeung karya inovatif. Tilu komponén éta téh bakal bisa kahontal ku cara ngamangpaatkeun hasil réfléksi pangajaran. Lajuning laku mangrupa kagiatan nu dilaksanakeun sanggeus réfléksi. Dina ieu kagiatan guru perlu maluruh aspék-aspék nu dianggap héngkér kénéh tur perlu dioméan. Ari kagiatan anu sok dilakukeun salaku lajuning laku tina hasil réfléksi nyaéta Penelitian Tindakan Kelas PTK. Ari léngkah-léngkahna anu kudu diparhatikeun nalika lajuning laku réfléksi pangajaran téh ngawengku aya ide awal, prasurvei, diagnosis, ngarencanakeun, implementasikeun, ngimeutanmaluruh, réfléksi, jeung laporan PTK. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28

G. Uji balik jeung Lajuning Laku