Unsur Intrinsik Drama Pedaran Matéri 1. Wangenan Drama

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 115 4 Téater téh asalna tina bas Yunani theatron nu hartina tempat pikeun lalajo. Téater mangrupa istilah lianna pikeun drama, tapi mibanda ma‘na anu leuwih lega batan drama. Kalawan leuwih lega, téater téh nyaéta rupaning pintonan anu dipintonkeun hareupeun jalma réa, pros‘esna ngawengku milih téks atawa naskah, nafsirkeun naskah, ngagarap naskah, mintonkeun, jeung prosés maham atawa aprésiasi.

4. Unsur Intrinsik Drama

Drama mibanda unsur-unsur intrinsik nu ngawéngku téma, palaku jeung karakterna, latar, galur, amanat, prolog, monolog, dialog, jeung épilog. a. Téma Téma nyaéta inti pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sipatna bisa nembrak bisa ogé nyamuni. Téma dina drama aya tilu rupa: 1 téma komédi humor, 2 drama tragédi carita anu pinuh ku katiunggaraan, jeung 3 mélodrama drama anu museurkeun caritana kana konflik batin palakuna. b. Palaku jeung Karakterna Palaku nyaéta tokoh atawa ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita. Dumasar kana kalungguhanana, palaku dibagi jadi dua, ngawengku 1 palaku utama, nyaéta palaku anu nyekel peran tokoh puseur ti mimiti tepi ka ahir carita; 2 palaku tambahan, nyaéta palaku anu marengan atawa mantuan palaku utama atawa anu jadi lawan palaku utama. Ari dumasar kana peran atawa sipatna, palaku bisa doipasing-pasing jadi: 1 palaku protagonis, nyaéta palaku anu mibanda pasipatan hadé; jeung 2 palaku antagonis, nyaéta palaku anu mibanda pasipatan goréng atawa jahat tur bisa jadi lawan pikeun palaku protagonis. c. Latar Latar nyaéta gambaran kasang tukang waktu, tempat, kaayaan, pajamanan, lingkungan, suasana, jeung saterusna, anu jadi kasang tukang atawa ngalantarankeun lumangsungna kajadian dina carita. 4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 116 d. Galur Galur nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Dina drama galur carita téh sok diatur jadi babagian carita anu disebutbabak. Babak diwangun ku sababaraha adegan. Babak mangrupa bagian panggedéna dina carita drama, diatur ku pangarangna gumantung kana panjang pondokna lalakon. Umumna, pikeun nandaan hiji babak tepi kana pungkasanna sok ditandaan ku parobahan setting, boh mangrupa latar waktu kajadian boh tempat kajadian. Adegan mah mangrupa bagian-bagian tina unggal babak. Hiji adegan ukur ngagambarkeun hiji suasana, nu mangrupa bagian tina kaayaan anu nyampak dina hijhi babak. Pikeun nandaan pungkasan adegan biasana aya pros‘es nambahan atawa ngurangan palaku, tapi teu ngarobah latarna. e. Amanat Amanat nyaéta amanatanu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa nu lalajo. f. Prolog Prolog nyaéta bagian bubuka atawa pangjajap sacra umum perkara lalakon anu baris dipintonkeun dina pintonan drama. Umumna, pungsi prolog pikeun nataharkeun sangkan nu lalajo saregep jeung asup kana suasana lalakon. Eusi bubuka drama dina wangun prolog téh bisa katerangan pasualan, jalan carita, kasang tukang carita, palaku, jeung sajabana, patali jeung lalakon anu baris dipintonkeun. g. Monolog Monolog nyaéta paguneman saurang palaku jeung dirina sorangan. Ayana monolog téh mantuan nu nongton ngarasakeun atawa mikanyaho suasana atawa parasaan palaku. h. Dialog Dialog nyaéta paguneman antara saurang palaku jeung palaku lianna. Dialog mangrupa bagian anu kalintang pentingna dina drama, nepi ka hiji karya sastra teu bisa disebut drama upama taya unsur dialogna. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 117 4 i. Épilog Épilog nyaéta bagian pamungkas dina pintonan drama nu eusina biasana méré sawangan atawa kacindekan kana lalakon anu dipintonkeun.

5. Aprésiasi jeung Ékspési Drama a. Maca Naskah Drama