Basa téh Unik Basa téh Mijalma Basa téh Rancagé Basa téh Komunikatif

54 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3

e. Basa téh Sistem Sora

Média utama nu digunakeun dina basa nyaéta runtuyan sora. Runtuyan sora ngamalir mamawa pesen basa nu nepi kana puseur saraf manusa akibat ayana réaksi tina tekenan hawa nu ngageter dina kendang ceuli. Sora basa dihasilkeun ngaliwatan alat ucap manusa. Ulikan ngeunaan cara ngahasilkeun sora basa ku pakakas ucap disebut tatasora fonétik, utamana fonétik artikulatoris.

f. Basa téh Unik

Basa miboga sipat unik, hartina unggal basa miboga ciri has séwang- séwangan nu teu dipibanda ku basa séjén. Ciri has dina basa téh bisa nyangkaruk dina sistim sora, sistim pangwangun kecap, sistim pangwangun kalimah jeung sistim-sistim lianna. Saperti dina basa Sunda aya kecap anteuran atawa kecap panganteur anu ngandung harti aspék inkoatif, saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit, jst. Ieu kecap téh teu bisa ditarjamahkeun kana basa Indonésia. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer, antara jejer jeung caritaan pagawéan, sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona: - Gék kuring diuk dina korsi. - Kuring gék diuk dina korsi. - Geura gék atuh

g. Basa téh Mijalma

Hirup tumuwuhna basa téh ngan aya dina kahirupan manusa. Dina kahirupan sato atawa mahluk séjénna teu diaku minangka istilah basa. Ku kituna, basa téh disebut mijalma. Tanpa basa, manusa hésé hirup. Éta s ababna basa téh jadi “alat penting” dina pakumbuhan manusa.

h. Basa téh Rancagé

Basa sipatna produktif, hartina sanajan unsur-unsur basa kawates, tapi ku unsur-unsur nu kawatesanan éta tapi bisa dijieun satuan-satuan basa anu henteu kawatesanan, sok sanajan rélatif, saluyu jeung sistem nu lumaku 55 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 dina éta basa. Saperti halna tina foném nu aya di basa Sunda bisa ngawangun réwuan malahan jutaan kecap nu hartina béda-béda.

i. Basa téh Komunikatif

Komunikatif mangrupa sipat tina komunikasi. Dina enas-enasna, komunikasi téh mangrupa prosés nepikeun pesen rasa, pikiran jeung kahayang ti pangirim panyatur atawa panulis ka panampa pamiarsa atawa pamaca ngaliwatan médium basa. Dina komunikasi basa, pangirim pesen jeung panampa amanat téh nyatana manusa, ari mediumna nyaéta basa, boh lisan boh tulisan. Komunikasi nu mediumna basa téh disebutna komunikasi vérbal. Sabalikna aya komunikasi anu mediumna kinésik sok disebut komunikasi nonvérbal. Ku kituna, komunikasi basa mah ngan aya dina komunikasi masarakat manusa, najan teu kabéh komunikasi manusa mangrupa basa. Jadi, istilah basa téh leuwih heureut deui, nyaéta sistem lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa pikeun tujuan komunikasi.

j. Basa téh Midunya