Kaparigelan Ngaprésiasi Pupujian di Sakola

94 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4 Gambar 4. 1 Bagan Warna-warna Maca 1 Aya deui pamadegan séjén Gambar 4. 2 Bagan Warna-warna Maca 2

3. Kaparigelan Ngaprésiasi Pupujian di Sakola

Disawang tina prosés morfologis, kecap pupujian téh diwangun tina kecap puji ku jalan dirajék rajékan dwipurwa sarta dirarangkénan tukang-an, nu hartina nuduhkeun rupa-rupa puji atawa muji sababaraha kali. Sedengkeun disawang tina kecap barangna pupujian téh hartina rupa-rupa puji. Dina kasusastraan pupujian téh ngabogaan harti karangan ugeran anu eusina ngébréhkeun kaagungan Allah SWT jeung kapunjulan Nabi Muhammad SAW. Lian ti éta, ogé aya pupujian anu eusina ngébréhkeun 4 95 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 kalaipan jeung kateudayaan manusa. Ari dina Kamus Umum Basa Sunda 1995:401 ditétélakeun yén pupujian nyaéta puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun nu Maha Kawasa: Sadaya puji kagungan kanggo Allah, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillah robbil ‘alamin; pupujian 1. Kecap barang atawa kecap-kecap nu sok dipaké muji Allah atawa Rasulullah; 2. Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun pujian-pujian ka Allah atawa ka Rasul-Na. Iskandarwassid 2003:120 nétélakeun yén anu disebut pupujian atawa puisi pupujian nyaéta puisi tradisional anu eusina muji-muji kaagungan Pangéran, salawat ka Kangjeng Nabi, pépéling atawa umajak ngajalankeun ibadah salat, puasa, jsté. Nepi ka ayeuna pupujian masih kénéh tetep hirup, dibandingkeun jeung sastra lisan Sunda séjénna. Hal ieu patali jeung fungsi sarta masarakat nu ngagunakeun pupujian, boh di kota boh di pilemburan pupujian masih keneh dipaké di masjid-masjid, dina mangsa nungguan adzan atawa nungguan komat. Komo deui di lingkungan pasantrén nu salawasna suasana agamis. Iskandarwassid 2003:120 netelakeun pupujian biasana dikawihkeun babarengan rampak di masjid ku para jamaah ngadagoan salat magrib, ku para santri sarérés ngaji, ku para jamaah di pangajian tablig bari ngantay sasalaman ka ajengan, jsté. Sumebarna agama Islam di Pajajaran dina taun 1522, nyaéta kalamangsa Palabuhan Banten kajojo ku sudagar Islam, sabada Malaka ragrag kana kakawasaan Portugis taun 1511, di Pulo Jawa ngadeg karajaan Islam. Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji média atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa nasehat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun. Nu mindeng ngahariringkeun pupujian sacara teu dihaja geus ngapalkeun ajaran agama. Ku kituna, pupujian ogé ngabogaan fungsi atikan. Lian ti éta, pupujian ogé dipaké geusan méré pangajaran ngeunaan bagbagan agama, nyebarkeun agama Islam, jeung nepikeun do’a. 96 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4 Analisis Pupujian Éling-éling umat Muslimin muslimat Hayu urang berjama’ah Shalat maghrib Éta kawajiban Keur hirup di dunya Kanggo pibekeleun Jaga di ahérat Ieu pupujian dianalisis maké pamarékan struktural a. Téma Téma ieu pupujian téh ngeunaan kaagamaan sabab eusina ogé mangrupa ajaran kaagamaan. b. Basa Basa nu digunakeun dina ieu pupujian téh gampang kaharti ku nu ngadanguna. Sanajan dina ieu pupujian, basana ngagunakeun kecap serepan tina basa Arab tapi jigana ieu kekecapan téh geus asup kana kandaga kecap basa Sunda da ilahar dipaké sapopoé. c. Gayabasa Dina ieu pupujian teu katitén aya gaya basa sabab kalimahna teu boga harti konotasi. d. Wirahma Ieu pupujian téh teu miboga pola wirahma anu murwakanti. Tapi ieu wirahma téh bakal ngajirim nalika dihaleuangkeun. e. Diksi Diksi nu dipaké dina ieu pupujian téh maké kecap serepan tina basa Arab, nyaéta kayaning muslimin mulimat, shalat maghrib, berjama’ah, ahérat. f. Amanat Ieu pupujian téh meré amanat yén urang salaku umat muslim kudu giat kana shalat sabab ari shalat mah kawajiban umat Ilam sarta meré pépéling yén nu bakal ditanyakeun mimiti di ahérat téh nyaéta shalat. Ditilik tina fungsi sosial, ieu pupujian téh dimangpaatkeun pikeun nepikeun ajaran agama Islam. Lian ti éta, mangaruhan pikiran, rarasaan jeung tingkah laku manusa. 4 97 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 Ieu pupujian téh ditepikeun ku cara dihaleuangkeun saméméh adzan. Maksudna sangkan gampang nerap atikanana. Ku apalna jeung seringna dihaleuangkeun atawa ngupingkeun pupujian dipiharep masarakat bakal kahudang haténa tur tumut kana ajaran agamana. Dina kamekaranana ieu pupujian téh geus langka dipaké. Bisa jadi fungsina ogé geus robah tina média atikan nu diutamakeunana jadi média kréativitas seni contona baé ieu pupujian téh geus diropéa jadi lagu aliran hiphop ku Ebith Beat A.

4. KIKD Maca jeung Aprésiasi Pupujian di Sakola