Wangun jeung Struktur Pupujian

90 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4 6. bisa ngajéntrékeun hakékat aprésiasi kalawan pinuh apresiatif kana budaya sorangan 7. bisa mekarkeun pangajaran maca jeung ngaprésiasi pupujian di sakola kalawan kréatif.

C. Pedaran Matéri

Ieu di handap dipedar perkara pupujian jeung aprésiasina. Baca, tengetan, jeung ulik pedaranana kalawan daria, gemet, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy dina ngawasa bahan, sawalakeun jeung babaturan kalawan silih hargaan dina ngasongkeun pamanggih .

1. Wangun jeung Struktur Pupujian

Disawang tina prosés morfologis, kecap pupujian téh diwangun ku kecap puji ku jalan dirajék rajékan dwipurwa sarta dirarangkénan tukang-an, nu hartina nuduhkeun rupa-rupa puji atawa muji sababaraha kali. Sedengkeun disawang tina kecap barangna pupujian téh hartina rupa-rupa puji. Dina kasusastraan pupujian téh ngabogaan harti karangan ugeran anu eusina ngébréhkeun kaagungan Allah SWT jeung kapunjulan Nabi Muhammad SAW. Lian ti éta, ogé aya pupujian anu eusina ngébréhkeun kalaipan jeung kateudayaan manusa Faturohman, 1983:44. Ari dina Kamus Umum Basa Sunda 1995:401 ditétélakeun yén pupujian nyaéta puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun nu Maha Kawasa: Sadaya puji kagungan kanggo Allah, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillah r obbil ‘alamin; pupujian 1. Kecap barang atawa kecap-kecap nu sok dipaké muji Allah atawa Rasulullah; 2. Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun pujian-pujian ka Allah atawa ka Rasul-Na. Iskandarawassid 2003:120 nétélakeun yén anu disebut pupujian atawa puisi pupujian nyaéta puisi tradisional anu eusina muji-muji kaagungan Pangéran, salawat ka Kangjeng Nabi, pépéling atawa umajak ngajalankeun ibadah salat, puasa, jsté. Nepi ka ayeuna pupujian masih kénéh tetep hirup, dibandingkeun jeung sastra lisan Sunda séjénna. Hal ieu patali jeung fungsi sarta masarakat nu ngagunakeun pupujian, boh di kota boh di pilemburan pupujian masih keneh 4 91 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 dipaké di masjid-masjid, dina mangsa nungguan adzan atawa nungguan komat. Komo deui di lingkungan pasantrén nu salawasna suasana agamis. Iskandarwassid 2003:120 nétélakeun pupujian biasana dikawihkeun babarengan rampak di masjid ku para jamaah ngadagoan salat magrib, ku para santri sareureuh ngaji, ku para jamaah di pangajian tablig bari ngantay sasalaman ka ajengan, jsté. Rusyana dina Kartini, Spk. 1986:9 nétélakeun yén sumebarna agama Islam di Pajajaran dina taun 1522, nyaéta kalamangsa palabuhan Banten kajojo ku sudagar Islam, sabada Malaka ragrag kana kakawasaan Portugis taun 1511, di Pula Jawa ngadeg karajaan Islam. Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji média atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa nasehat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun. Nu mindeng ngahariringkeun pupujian sacara teu dihaja geus ngapalkeun ajaran agama. Ku kituna, pupujian ogé ngabogaan fungsi atikan. Lian ti éta, pupujian ogédipaké geusan méré pangajaran ngeunaan bagbagan agama, nyebarkeun agama Islam, jeung nepikeun do’a. Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa dipasing-pasing jadi genep golongan nyaéta: 1 Muji kaagungan Pangéran, Conto : Ya Allah nu sipat Rahman ni’matna ngawalatraan sadayana kabagian ka nu kapir ka nu iman 2Salawat ka Rasulullah, Conto : Nun Gusti abdi sadaya mugi Rahmat salamina ngocor ka Nabi nu mulya sareng ka kulawargina 3D u’a jeung tobat ka Allah, Conto : Gusti Allah Maha Suci abdi seja pasrah diri mugi Anjeun kersa nampi amal jeung ibadah abdi 92 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4 1 Ménta sapaat ka Rasulullah, Conto : Rahmat sareng salam ka Nabi Muhammad mugi nyalamatkeun pakéwuhna pancabaya 2 Nganaséhatan manusa sangkan ngalakukeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan kamasiatan Conto : Éling-éling umat muslimin muslimat hayu urang salat berjamaah di masjid éstu kawajiban urang keur di dunya kanggo pibekeleun urang di ahérat 3 Méré pangajaran ngeunaan agama, kayaning kaimanan, rukun Islam, fikih ahlak, taréh, tafsir Qur’an, sorof. Conto : Pardu wudu aya genep sadayana hiji niat kadua ngumbah beungeutna tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna opat ngusap saeutik tina sirahna lima ngumbah suku dua jeung muncangna genep tartib sing puguh runtuyanana

2. Hakékat Maca