Kasang Tukang Modul B PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL B 3

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Program Pembinaan karir guru Bahasa Sunda mangrupa salah sahiji stratégi dina ngabina guru jeung tenaga kependidikan sangkan guru jeung tenaga kependidikan mampuh miara, ngaronjatkeun, jeung mekarkeun kompeténsina luyu jeung standar nu geus ditangtukeun. Ieu program wajib dilaksanakeun luyu jeung kaperluan sarta kudu tumuluy. Téhnis mekarkeun Pembinaan karir guru bisa dilaksanakeun, boh sacara mandiri boh sacara kelompok. Pikeun ningkatkeun profési sacara mandiri, diperlukeun ayana modul. Ku kituna, penyelenggara diklat Pembinaan karir guru nyusun modul anu dirancang pikeun dideres sacara mandiri tur disusun dumasar kana tingkatan hasil Uji Kamampuh Guru UKG. Ari pengembangan diri sacara kelompok bisa dilaksanakeun ku cara kagiatan Kelompok Kerja Guru KKG atawa Musyawarah Guru Mata Pelajaran MGMP. Modul Program Pembinaan karir guru Basa Sunda Kelompok Kompeténsi B mangrupa salah sahiji modul anu diancokeun pikeun guru basa Sunda anu hasil UKG-na 11-20. Eusina ngawengku sabelas kagiatan diajar: 1 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme; 2 tiori jeung prinsip- prinsip diajar nurutkeun nativisme; 3 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun kognitivisme; 4 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme; 5 kalungguhan basa Sunda; 6 fungsi basa Sunda salaku basa daérah; 7 ciri basa Sunda lulugu; 8 ciri basa Sunda wewengkon; 9 wangun jeung unsur intrinsik sisindiran; 10 wangun jeung unsur pupujian; jeung 11 kaparigelan ngagunakeun basa: maca jeung ngaprésiasi pupujian. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 Ieu modul diintegrasikeun jeung lima ajén utama penguatan pendidikan karakter nyaéta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ajén Religius katémbong dina sikep jeung paripolah nalika ngalaksanakeun ajaran agama jeung kepercayaan anu dianutna, ngahargaan jalma anu béda agama, boga ajén anu linuhung tur sikep toléran dina ngalaksanakeun ibadah agama jeung kapercayaan séjénna, hirup akur jeung sasama jeung ngajaga kaamanan jeung katengtreman hirup jeung anu nganut agama séjén, paripolahna pinuh ku kacinta tur bener-bener ngajaga kalumangsungan hirup jeung sasama mahluk ciptaan Allah swt. Subnilai karakter réligius: cinta kana kaamanan, toléransi, ngahargaan nu béda agama, pengkuh pamadegan, percaya diri, gawé bareng sok sanajan jeung nu béda agama, tara dolim jeung henteu kasar ka sasama, akur jeung batur, ihlas, henteu merekedeweng, jeung nyaah ka jalma, utamana ka jalma leutik tur lemah. Ajén nasionalis katémbong dina cara mikir, dina sikep, jeung paripolah anu ngébréhkeun rasa satia, pinuh panitén, jeung leuwih ngahargaan kana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ékonomi, jeung politik bangsa jeung nagara tibatan kana kapentingan diri atawa kelompokna. Subnilai karakter nasionalis: aprésiasi kana budaya bangsa sorangan, ngajaga kajembaran budaya bangsa, réla ngorbankeun dirina, unggul jeung boga préstasi, cinta ka lemah cai, ngajaga lingkungan, taat kana hukum, disiplin, jeung ngahormat kana karageman budaya, séké sélér bangsa, jeung agama. Ajén mandiri katémbong dina sikep jeung paripolah anu mandiri, ngaoptimalkeun jiwa, raga, tanaga, pikiran, jeung waktuna pikeun ngawujudkeun harepan, impian, jeung cita-citana. Subnilai karakter mandiri: rancagé, kuat tur teu galideur, boga daya juang, profésional, kréatif, wani, jeung salilana siap pikeun nungtut élmu satungtung umurna masih kumelendang di alam dunya. Ajén gotong royong katémbong dina tindakan ngahargaan sumanget gawé bareng jeung gotong royong dina ngaréngsékeun pasualan balaréa, luwes dina nyarita jeung campur gaul, daréhdéh ka sasama, béréhan, tur resep tutulung ka jalma butuh. Subnilai karakter gotong royong: ngahargaan, gawé bareng, inklusif, komitmen kana hasil kaputusan, musyawarah mufakat, tulung-tinulungan, solidaritas, émpati, anti diskriminasi, henteu kasar jeung garihal, jeung miboga sikep kapahlawanan. Ajén integritas katémbong dina paripolah anu enas-enasna jadi dadasar yén dirina bisa dipercaya dina caritaan, tindakan, jeung pagawéanana, miboga komitmen jeung kasatiaan kana ajén-inajén kamanusaan dina moral, nyaéta dina sikep tanggung jawab salaku warga nagara, aktif dina kahirupan sosial, anu diébréhkeun ku konsékwensi antara tindakan jeung caritaanana anu salilana bener. Subnilai karakter integritas: kajujuran, cinta kana bebenaran, satia, komitmen moral, anti korupsi, cinta kaadilan, tanggung jawab, boga katuladanan, jeung ngahargaan martabat individu utamana ka jalma nu miboga nasib disabilitas. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

B. Tujuan