Ragam Basa dumasar kana Warna Makéna

62 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3  … jadi –jeng : --- payung pajeng --- paju pajeng  … jadi nten : --- kira kinten --- hampura hapunten  … jadi –ntun : --- kirim kintun --- bawa bantun  … jadi –wis : --- nanda nawis --- perkara perkawis

c. Ragam Basa dumasar kana Warna Makéna

Dumasar kana warna makéna, ragam basa dibédakeun jadi opat rupa, nyaéta 1 basa Sunda nurutkeun jejer omongan, 2 basa Sunda nurutkeun sarana, 3 basa Sunda nurutkeun interférénsi, jeung 4 basa Sunda nurutkeun suasana. Kahiji, nurutkeun jejer omongan basa Sunda téh dipangaruhan pisan jembarna patali marga, atikan, profési, kalangenan tur pangalaman panyaturna. Widang-widang sarupa kitu téh kayaning: agama, pulitik, élmu pangaweruh, téhnologi, pacabakan, seni, jst. Balukar jejer pasualan dina basa sok muncul rupa-rupa istilah kayaning istilah: 1 basa jeung sastra, 2 psikologi, 3 PKK, 4 kasenian, 5 agama, 6 administrasi, 7 ékonomi, 8 atikan, 9 sosiologi, 10 sajarah, hukum jeung pulitik, 11 kadokteran, 12 tatanén, kahutanan, perikanan, 13 kehéwanan, 14 kimia jeung farmasi, 15 géografi, 16 élmu pasti jeung alam, 17 téhnik, jeung 18 pelayaran. Kadua, nurutkeun sarana anu dipaké ku panyaturna, basa Sunda aya dua rupa nyaéta ragam basa lisan jeung ragam basa tulis. Ragam basa lisan nyaéta ragam basa Sunda anu maké pakakas lisan, biasana kawilang gumantungna kana situasi, waktu, lingkungan, katut jalma nu diajak nyarita. Basa lisan bisa lumangsung pateuteup, ngaliwatan radio, televisi, telepon, jst. Ari ragam basa tulisan nyaéta ragam basa Sunda anu maké pakakas tulisan, biasana leuwih nyusun batan basa lisan. Aturan tata tulis leuwih dikukuhan. Basa tulisan biasa dipaké dina surat, télégram, artikel, makalah, buku, jst. 63 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 Katilu nurutkeun interférénsina nyaéta makéna basa anu pacampur tur silih pangaruhan jeung basa lianna ku hiji jalma dina widang adegan basa, gaya basa, jeung kontéks makéna. Kaopat nurutkeun suasana dibédakeun ragam basa resmi jeung ragam basa teu resmi. Ragam basa resmi nyaéta basa anu digunakeun dina kaayaan formal, saperti dina urusan susuratan, dina kaayaan ngajar, rapat, dina kaayaan nyarita jeung jalma nu teu wawuh atawa kalungguhanana aya dina saluhureunnana. Ari ragam basa teu resmi nyaéta basa anu digunakeun dina kaayaan teu formal, saperti dina nyarita sapopoé, boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan masarakatna.

3. Tarékah Miara Basa Sunda