Tingkesan Modul B PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL B 3

26 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar kalawan percaya diri. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar kalawan daria tur percaya diri. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna kalawan profesional.

E. Latihan Kasus Pancén

Sanggeus neuleumna eusi modul kalawan daria tur percaya diri, jawab sakur pananyaparéntah ieu di handap 1. Terangkeun hakékat tiori diajar nurutkeun béhaviorisme kalawan écés tur percaya diri 2. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme béhaviorisme kalawan écés tur percaya diri 3. Terangkeun hakékat tiori diajar nurutkeun nativisme béhaviorisme kalawan écés tur percaya diri 4. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun nativisme béhaviorisme kalawan écés tur percaya diri 5. Tuduhkeun kaunggulan nativisme kalawan bener tur daria

F. Tingkesan

Diajar téh hiji prosés anu nuduhkeun ayana hiji kagiatan atawa robahna hiji kagiatan akibat ayana réaksi kana hiji kaayaan. Aliran béhavioristik museur kana parobahan tingkah laku hiji jalma. Hiji jalma ngalakukeun hiji tindakan —hal ieu akibat tina interaksi antara stimulus jeung réspon. Tiori béhaviorisme dimekarkeun ku Watson, Thorndike, jeung Skinner. Nurutkeun Thorndike, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeung réspon, parobahan tingkah laku téh bisa konkrit bisa dititénan atawa bisa abstrak henteu bisa dititénan. Asumsi tiori Watson yén urang bisa ngaramalkeun paripolah anu bakal dipigawé ku siswa. Tiori Skinner, réspon siswa téh henteu basajan, sabab dina unggal stimulus pasti aya interaksi jeung nu séjénna. 27 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 Aliran Nativisme mangrupa aliran anu leuwih merhatikeun kamampuh diri siswa. Faktor lingkungan dianggap kurang pangaruhna kana kamekaran siswa. Nurutkeun aliran nativisme, lingkungan sabudeureunana euweuh hartina sabab lingkungan teu boga daya dina mangaruhan kamekaran siswa. Ieu aliran ini nganggap yén kamekaran individu ditangtukan ku faktor bawaan waktu lahir. Ku sabab kitu, hasil atikan ditangtukan ku bakat anu dibawa mangsa lahir. Ku kituna, nurutkeun ieu aliran, hasil diajar ditangtukan ku individuna sorangan. Atikan siswa anu henteu luyu jeung bakat anu dibawa moal aya gunana pikeun kamekaran siswana sorangan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kalawan jujur kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung sing bener jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 1 pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 28 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 2 29 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 KAGIATAN DIAJAR 2 TIORI JEUNG PRINSIP-PRINSIP DIAJAR NURUTKEUN KOGNITIVISME JEUNG KONSTRUKTIVISME

A. Tujuan