John Watson 1878 - 1958 Tokoh-Tokoh Béhaviorisme a. Edward Lee Thorndike 1874 - 1949

15 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 3 The Law of Readiness Hukum Kasayagaan Hukum kasayagaan éta nerangkeun yén beuki sayagana hiji organisme pikeun meunangkeun parobahan tingkah laku, mangka lumangsungna parobahan éta tingkah laku bakal nimbulkeun kasugemaan individu nepi ka asosiasina jadi leuwih kuat. Prinsip utama tiori konéksionisme nyaéta diajar mangrupa hiji kagiatan ngawangun asosiasi connection antara kesan panca indera jeung kahayang pikeun migawé hiji hal. Upamana, lamun siswa ngarasa resep atawa kataji ku kagiatan kupat-kaput, nya manéhna bakal migawé éta hal. Lamun kupat-kaputna dilaksanakeun, manéhna bakal ngarasa sugema; diajar ngaput bakal ngahasilkeun hiji préstasi anu nyugemakeun.

b. John Watson 1878 - 1958

Watson téh salah saurang béhavioris murni, ulikanana ngeunaan diajar disajajarkeun jeung élmu-élmu séjén saperti Fisika atawa Biologi anu tangtu oriéntasina ngan kana pangalaman émpirik, nyaéta nepi ka mana bisa dititénanana jeung bisa diukurna. Nurutkeun Watson, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeung réspon, tapi éta stimulus jeung résponna kudu bisa dititénan jeung diukur. Jadi, parobahan-parobahan méntal dina diri saurang siswa salila proses diajar ngajar, henteu kudu diperhatikeun sabab henteu bisa dititénan. Pamadegan utama Watson: 1 Psikologi ngulik stimulus dan réspons S-R Psikologi. Anu dimaksud ku stimulus nyaéta sakabéh obyék di lingkungan, kaasup parobahan jaringan dina awak.Réspon nyaéta naon waé anu dilakukan anu mangrupa jawaban kana stimulus, mimiti tina tingkat basajan kana tingkat luhur. 2 Henteu percaya kana unsur herediter katurunan anu jadi panangtu paripolah. Paripolah manusa mangrupa hasil diajar sahingga unsur lingkungan téh penting pisan. Ku kituna, sawanganWatson sipatna deterministik, paripolah manusa ditangtukeun ku faktor éksternal. 16 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 3 Dina hal mind-body, sawanganWatson basajan pisan. Pamadeganana, mind mungkin waé aya, tapi lain mangrupa hasil diajar. Jadi, lain hartina Watson nolak mind sacara total. Manéhna ngan nganggap body ngan jadi obyék studi ilmiah. Hal ieu pisan anu jadi ciri utama béhaviorisme anu dicekel pageuh ku para tokohna. Matak ieu pamadegan ti awal kénéh loba nu ngaréaksi, sok sanajan kitu ahirna mah béhaviorisme justru jadi populér. 4 Watson nolak konsép insting, mimiti tina karakteristikna anu mangrupa réfléks. 5 Sabalikna, konsép diajar mangrupa hal anu vital nurutkeun sawanganWatson jeung tokoh béhaviorisme séjénna. 6 Pamadeganan kana memory patukang tonggong jeung pamikiran William James. Nurutkeun Watson, naon waé anu inget jeung poho ditangtukeun ku mindeng henteuna éta hal digunakeundilakukeun atawa gumantung kana éta hal--naha dijadikeun kabiasan atawa henteu. Faktor anu nangtukeunana nyaéta kabutuh. 7 Prosés thinking jeung speech raket pisan patalina. Thinking nyaéta subvocal talking. Hartina, proses mikir didadasaran ku kaparigelan nyarita. Prosés mikir sarua jeung prosés nyarita anu henteu katingali, sanajan masih bisa katiténan tina gerakan biwir jeung gerakan awak séjénna. 8 Sumbangan utama Watson nyaéta pamadeganana anu kuat ngeunaan paripolah anu bisa dikontrol jeung aya hukum anu ngaturna. Ku nolakna kana mind jeung kasadaran, Watson mampu ngahudangkeun deui sumanget obyéktivitas dina psikologi anu mukakeun jalan pikeun risét-risét émpiris dina ékspérimén anu bisa dikontrol.

c. Clark L. Hull 1884 - 1952