Tiori jeung Konsép Béhaviorisme

12 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 9. ngajéntrékeun kaunggulan nativisme kalawan percaya diri. 10. ngajéntrékeun kahéngkéran nativisme kalawan percaya diri. 11. méré conto larapna nativisme dina pangajaran kalawan kréatif.

C. Pedaran Matéri

Ieu di handap dipedar perkara tiori jeung prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme jeung nativisme. Baca, tengetan, jeung ulik pedaranana kalawan daria, gemet, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy dina ngawasa bahan, sawalakeun jeung babaturan kalawan silih hargaan dina ngasongkeun pamanggih. Dina dunya atikan, tiori jeung prakték atikan dipangaruhan ku aliran filsafat pendidikan. Sawatara aliran filsafat pendidikan anu bisa dilarapkeun dina sistem pangajaran nyaéta tiori béhaviorisme, tiori nativisme, tiori kognitivisme, jeung tiori konstruktivisme.

1. Tiori jeung Konsép Béhaviorisme

Tiori béhaviorisme mimiti dipedar ku Gagne jeung Berliner nyaeta ngeunaan parobahan tingkah laku anu mangrupa hasil tina pangalaman. Saterusna, ieu tiori mekar jadi aliran psikologi diajar anu mangaruhan kamekaran tiori pendidikan jeung pangajaran anu disebut aliran béhaviorisme. Ieu aliran museur kana kawangunna paripolah anu katingali tina hasil diajar.Tiori béhaviorisme anu katelah ku modél hubungan Stimulus-Réspon S-R nempatkeun siswa dina posisi pasif. Hiji réspon paripolah bisa diwangun lantaran dikondisikeun ku cara nu geus ditangtukeun, ngan ngagunakan métode drill ‘latihan’ dibiasakeun. Munculna paripolah bakal leuwih kuat lamun dibéré hadiah jeung bakal leungit lamun ditibanan hukuman. Hubungan S-R, individu pasif, paripolah anu katingali, ngawangun paripolah ku cara ngatur kondisi sacara disiplin, hadiah jeung hukuman mangrupa unsur-unsur penting dina tiori béhaviorisme. Hiji jalma dianggap geus tuntas diajar hiji hal lamun manéhna bisa némbongkeun parobahan paripolahna. Nurutkeunieu tiori anu penting 13 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 dina diajar ayana input anu mangrupa stimulus jeung output anu mangrupa réspon. Stimulus nyaéta naon waé anu dibikeun ku guru ka siswa, sedengkeun réspon mangrupa réaksi atawa tanggapan siswa kana stimulus anu dibikeun ku guru. Prosés anu lumangsung antara stimulus jeung réspon henteu bisa dititénan jeung henteu bisa diukur. Ari anu bisa dititénan mah stimulus jeung réspon, ku sabab éta naon anu dibikeun ku guru stimulus jeung naon anu ditarima ku siswa réspon kudu bisa dititénan jeung diukur. Ieu tiori ngutamakeun pengukuran, sabab pengukuran mangrupa hiji hal penting pikeun ningali aya henteuna parobahan tingkah laku. Ieu paham téh geus lila dianut ku para guru.Tiori béhaviorisme loba dikritik sabab henteu mampuh nerangkeun situasi diajar anu kompléks. Lian ti éta, sawanganbéhaviorisme kurang bisa nerangkeun ayana variasi tingkat émosi siswa, sanajan maranéhna miboga pangalaman penguatan anu sarua. Prinsip-prinsip Tiori Béhaviorisme a. Paripolah nyata jeung bisa diukur miboga mana nu tangtu, lain mangrupa wujud tina jiwa atawa méntal anu abstrak. b. Aspék méntal tina kasadaran anu henteu miboga wangun fisik kudu disingkahan. c. Sawangan utamana ti Watson : overt, observable béhavior, mangrupa hiji-hijina subyék anu sah tina élmu psikologi anu bener. d. Dina kamekaranana, pamadegan Watson anu ékstrim ieu dimekarkeun deui ku para béhaviorist ku cara ngajembaran ambahan ulikan béhaviorisme anu ahirna mah béhaviorisme jadi henteu ékstrem teuing saperti anu diébréhkeun ku Watson, nyaéta ku ngalibetkeunana faktor-faktor internal, sok sanajan fokus kana overt behavior masih angger aya. e. Aliran béhaviorisme geus nyumbangkeun métodena anu positivistik dina kamekaran élmu psikologi. f. Loba ahli anu ngabagi béhaviorisme kana dua periode: béhaviorisme awal jeung béhaviorisme ahir. 14 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1

2. Tokoh-Tokoh Béhaviorisme a. Edward Lee Thorndike 1874 - 1949