Larapna Nativisme dina Pangajaran

23 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 b Kahéngkéran Nativisme Ieu tiori nganggap saolah-olah sipat-sipat manusia henteu bisa dirobah sabab geus ditangtukeun ku sipat-sipat bawaan. Lamun bawaanana hadé, mangka bakal jadi hadé; lamun bawaanana jahat, mangka bakal jadi jahat. Jadi, sipat manusa mah permanén henteu bisa dirobah. Ieu tiori nganggap atikan jadi hiji hal anu pesimistis.

8. Larapna Nativisme dina Pangajaran

Tiori nativisme kurang méré kasempetan ka guru pikeun ngarobah kapribadian siswa. Dumasar kana éta hal, pangaruh atikan atawa sakola saeutik pisan pikeun jadi hiji tinimbangan dina ngarobah siswa. Tapi hal ieu justru patukang tonggong jeung kanyataan anu disanghareupan, sabab kanyataanana ti jaman baheula nepi ka kiwari manusa usaha ngatik ngadidik generasi ngora nya ku atikan. Jadi, konsép nativisme henteu bisa dicekel jeung henteu bisa dipertanggungjawabkeun. Anu nganut aliran nativisme nganggap yén orok anu lahir geus jeung bawaanana, boh bawaan hadé boh goréng. Ku sabab kitu, hasil akhir atikan ditangtukeun ku bawaanana mangsa lahir. Dumasar kana éta pamadegan, mangka hasil atikan ditangtukeun ku siswana sorangan. Ditegaskeun yén “anu jahat bakal jadi jahat; jeung anu hadé bakal jadi hadé.” Atikan anu henteu saluyu jeung bakat katut bawaan siswa moal aya gunana pikeun kamekaran éta budak dina prosés diajarna. Pikeun nativisme, lingkungan sabudeureunana moal aya hartina sabab lingkungan moal boga daya jeung kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa.Anu nganut ieu aliran ngébréhkeun yén lamun budak miboga bawaan jahat, manéhna bakal jahat; jeung lamun hiji budak miboga bawaan hadé, nya bakal jadi hadé. Ieu bakat jahat jeung hadé teu henteu bisa dirobah ku kakuatan ti luar. Geus loba dipadungdengkeun ngeunaan hal-ihwal atikan, boh nu aya patalina jeung hakekat kahirupan manusa boh anu aya patalina jeung 24 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 kabudayaan anu mangrupa produk tina prosés atikan. Dina mangsa manusa ngalaman tahap kamekaran, boh sacara fisik boh sacara rohanina dina prosés atikan, muncul patalékan dasar ngeunaan faktor anu paling mangaruhan kana kamekaran hiji siswa, naha faktor bakat jeung kamampuanana sorangan, atawa faktor anu datangna ti luar diri manusa, atawa duanana sacara babarengan. Tina faktor bakat jeung kamampuan dirina sorangan nya muncul tiori anu disebut tiori nativisme. Nativisme asalna tina kecap “nativus” hartina ‘bawaan’. Tiori nativisme disebut ogé tiori naturalisme atawa tiori pesimisme. Tiori ieu nganggap yén manusa ngalaman tumuwuh mekarna lain ku sabab faktor atikan jeung intervénsi séjénna anu datangna tiluar manusa, anging ditangtukeun ku bakat jeung bawaanana. Tiori ieu nganggap yén upaya atikan téh euweuh gunana jeung moal aya hasilna. Malah ceuk ieu tiori atikan téh justru bakal ngaruksak kamekaran siswa. Tumuwuh mekarna siswa henteu perlu diintervénsi ku upaya atikan, sangkan tumuwuh mekarna siswa lumangsung sacara wajar, alamiah, luyu jeung kodratna. Faktor bawaan téh dominan dina nangtukeun hasil diajar. Faktor-faktor anu séjénna saperti lingkungan henteu aya pangaruhna pisan jeung éta hal henteu bisa dirobah ku kakuatan atikan. Atikan anu dilaksanakeun mangrupa hiji usaha anu tanpa daya nurutkeun ieu tiori, sabab siswa bakal nangtukeun hasilna ku dirina sorangan lain ngaliwatan usaha atikan. Sanajan dina atikan aya aturan beurat atawa ringan, éta siswa tetep bakal balik deui kana sipat jeung bawaanana. Kitu deui faktor lingkungan, sabab lingkungan moal boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa. Dina tiori nativisme geus ditétélakeun yén sipat-sipat anu dibawa ti mangsa lahir bakal nangtukeun kaayaan siswa ka hareupna. Unsur anu pang mangaruhanana kana kamekaran siswa nyaéta unsur génétik individu anu diwariskeun ku kolotna. Dina kamekaranana, budak bakal mekar dina polana; budak bakal tumuwuh jeung mekar gancang nalika ti mangsa orok, bakal ngurangan nalika keur budak, tuluy tumuwuh fisikna sacara maksimum nalika rumaja, jst. 25 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 Lembar Kerja Kompeténsi Pédagogik Pituduh: 1. Pék titénan matéri tiori diajar nurutkeun béhaviorisme dina Modul Kelompok Kompeténsi B 2. Diskusikeun dina kelompok sarta jawab pertanyaan ngeunaan tiori diajar nurutkeun béhaviorisme ieu di handap 3. Tuliskeun jawaban hasil diskusi dina kolom ieu sarerusna Tiori Diajar Ngaran Tokoh Béhaviorisme Prinsip-prinsipna Béhaviorisme 1. 2. 3. 4.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar kalawan babarengan. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun kalawan daria.