Cara Ngagunakeun Modul Tujuan

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 b.Prinsip-prinsip Diajar nurutkeun Konstruktivisme 3. 1 Kalungguhan Basa Sunda a.Tiori jeung Konsép Kalungguhan Basa Sunda b.Kalungguhan basa Sunda 2 Fungsi Basa Sunda salaku Basa Daérah a.Tiori jeung Konsép Fungsi Basa Sunda b.Fungsi Basa Sunda salaku Basa Daérah 3 Ciri Basa Sunda Lulugu a.Tiori jeung Konsép Basa Sunda Lulugu b.Ciri Basa Sunda Lulugu c.Kandaga Kecap Basa Sunda Lulugu 4 Ciri Basa Sunda Wewengkon a.Tiori jeung Konsép Basa Sunda Wewengkon b.Ciri Basa Sunda Wewengkon c.Kandaga Kecap Basa Sunda Basa Sunda Wewengkon 4. 1 Wangun jeung Strukur Pupujian a.Wangun Pupujian b.Struktur Pupujian 2 Kaparigelan Ngagunakeun Basa: Maca jeung Ngaprésiasi Pupujian a.Maca Pupujian b.Ngaprésiasi Pupujian Lian ti kudu ngawasa matéri anu tadi ditataan, oge Sadrérék dipiharep bisa ngalarapkeun lima ajén utama karakter: réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

E. Cara Ngagunakeun Modul

Sangkan tujuan anu geus ditangtukeun kahontal, dipiharep Sadérék ngalaksanakeun pituduh ngagunakeun ieu modul kalawan ihlas, profesional, disiplin, tanggung jawab, percaya diri, tur kréatif. 1. Baca tujuan kagiatan pangajaran kalawan gemet. 2. Titénan Indikator Kahontalna Kompeténsi IKK. 3. Baca pedaran matéri. 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4. Laksanakeun kagiatan diajarna kalawan ihlas, profesional, tanggung jawab, jeung percaya diri. 5. Pigawé soal latihankasuspancén kalawan tanggung jawab. 6. Baca tingkesanana kalawan taliti. 7. Tengetan Uji Balik jeung Lajuning Laku kalawan taliti. 8. Pariksa jawaban ku cara ngakurkeun jeung rambu-rambu jawaban anu aya dina konci jawaban sacara babarengan jeung kelompok diajar Sadérék anu deukeut. 9. Lamun peunteun latihankasuspancén Sadérék geus ngahontal 75 bener, kakara Sadérék nuluykeun kana kagiatan diajar saterusna. Lamun peunteun latihankasuspancén Sadérék kurang ti 75, Sadérék kudu diajar deui kalawan daria nepi ka tujuan éta pangajaran ngahontal minimal 75. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 KOMPETÉNSI PEDAGOGIK TIORI DIAJAR JEUNG LARAPNA DINA PANGAJARAN BASA SUNDA 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 KAGIATAN DIAJAR 1 TIORI JEUNG PRINSIP-PRINSIP DIAJAR NURUTKEUN BÉHAVIORISME JEUNG NATIVISME

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun ngajéntrékeun 1. tiori diajar nurutkeun béhaviorisme kalawan percaya diri. 2. prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme kalawan percaya diri. 3. pamadegan tokoh béhaviorisme kalawan percaya diri. 4. kaunggulan béhaviorisme kalawan percaya diri. 5. kahéngkéran béhaviorisme kalawan percaya diri. 6. larapna béhaviorisme dina pangajaran kalawan kréatif. 7. tiori diajar nurutkeun nativisme kalawan percaya diri. 8. tokoh nativisme kalawaan percaaya diri. 9. kaunggulan nativisme kalawan percaya diri. 10. kahéngkéran nativisme kalawan percaya diri. 11. larapna nativisme dina pangajaran kalawan kréatif.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi