Fungsi Basa Sunda Lulugu Ciri-ciri Basa Lulugu

75 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 lulugu nyaéta basa anu dijadikeun tur ditetepkeun jadi basa standar ku masarakat lega, boh dina éjahanana, tatabasana, boh dina kabeungharan kecapna.

b. Fungsi Basa Sunda Lulugu

Nurutkeun Sudaryat, spk. 2013, basa lulugu miboga rupa-rupa pancén atawa fungsi, nyaéta saperti nu dipedar dina poin-poin di handap ieu. 1 Tali mimitran Basa lulugu miboga pancén pikeun ngaraketken tali mimitran antar panyatur tina rinéka dialék, pakakas komunikasi panyatur nu hétérogén, boh lisan boh tulisan. Basa lulugu jadi ciri kapribadian idéntitas panyaturna, baris ngandelan rasa kapribadian ka-Sundaan geus ngarojong “ka-Bhineka-Tunggal-Ika- an” budaya tur basa Indonésia. 2 Pananda Komara Basa lulugu baris mawa komarawibawa prestise panyaturna. Ku makéna basa lulugu moal jadi ngageuhgeuyan para panyatur séjénna. 3 Raraga Acuan Basa lulugu jadi raraga acuan, calecer frame of reference nu disaluyukeun ku sakumna masarakat basa geusan ngajén kalayan bener tur merenah henteuna ragam basa nu dipaké.

c. Ciri-ciri Basa Lulugu

Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén hiji basa téh disebut basa lulugu saupama bisa nyumponan pasaratan saperti otonomi, vitalitas, intéléktualitas, jeung historitas. Pedaranana saperti ieu di handap. 1 Otonomi Basa Sunda lulugu mangrupa basa anu ngabogaan wewenang pikeun tumuwuh jeung mekar sarta mandiri, boh di wewengkon Sunda sorangan boh di wewengkon séjénna. Bédana jeung basa dialék nyaéta lain ngan 76 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 saukur dina vérsina, tapi jadi calecer ragam basa séjénna. Ku kituna, tempat cicingna basa lulugu aya di puseur kagiatan politik jeung pamaréntahan, anu miboga kamungkinan gedé tumuwuh jeung mekar sacara jembar. 2 Vitalitas Basa lulugu dipaké ku masarakatna di lingkungan masarakat nu miboga rinéka basa. Basa lulugu kudu mampuh tumuwuh kalayan anteb luyu jeung kaédah basana nu rélatif angger. Dina hal ieu vitalitas sipatna henteu kaku, barobah kalayan bébas pikeun narima pangaruh basa séjén dina widang kandaga kecap, istilah, fonologi, tatabasa, semantik. Jadi, basa lulugu miboga stabilitas dinamis, mibanda kaédah anu anteb tur luwes minangka hasil kodifikasi basa. Ari kodifikasi basa téh nyaéta ngawengku 1. Bagbagan makéna basa, disusun dumasar kana kontéks situasi makéna, 2 kaédah adegan basa saperti fonologi, tatabasa, sintaksis, tata istilah, éjahan, jsté. 3 Intéléktualitas Basa lulugu kudu mibanda kamampuh ilmiah kacendikiaan, inteléktualitas anu ngébréhkeun prosés mikir nu ruwed tina rupaning kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga masarakatna. Ciri inteléktualitas téh bisa maké basa kalayan éféktif, nepikeun amanah saloba-lobana ku wangunna anu ringkes, tapi luyu jeung sasaran. éta kabéh baris kahontal asal urang kukuh kana kaédah nu geus ditangtukeun. 4 Historitas Basa lulugu kudu miboga lalampahan hirup katut kasang tukang sajarah historitis nu tangtu, patali ti mangsa ka mangsa. Basa lulugu kudu mampuh mekarkeun tradisi katut budaya nu makéna. 77 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3

4. Tiori jeung Konsép Basa Sunda Wewengkon a. Sajarah jeung Sumebarna Basa Sunda