Latihan Kasus Pancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

44 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar kalawan profesional. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun kalawan daria. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar kalawan percaya diri tur tanggung jawab. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar kalawan daria. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék kalawan babarengan tur silih hargaan bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan Kasus Pancén

Sanggeus Sadérék maca tur neuleuman ieu kagiatan diajar, dipiharep Saderék babarengan migawé soal ieu di handap kalawan pinuh tanggung jawab. 1. Jéntrékeun harti diajar nurutkeun kognitivisme 2. Jéntrékaun prinsip diajar nurutkeun kognitivisme 3. Jéntrékeun kaunggulan kognitivisme 4. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme 5. Tuduhkeun kaunggulan konstruktivisme

F. Tingkesan

Tiori diajar kognitif mangrupa tiori diajar anu ngébréhkeun prosés mungsikeun unsur-unsur kognisi, utamana unsur pikiran, pikeun mikawanoh jeung maham kana stimulus anu datang ti luar. Prinsip-prinsip tiori diajar kognitif nyaéta pangajaran mangrupa hiji parobahan status pangaweruh. Siswa mangrupa peserta aktif dina prosés pangajaran. Ieu tiori museur kana pola pikir siswa. Museur kana cara siswa nginget-nginget, meunangkeun deui, jeung nyimpen informasi dina ingétanana. Lian ti éta, ieu tiori merhatikeun pangalaman diajar, nganggap yén pangajaran mangrupa 2 45 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 prosés aktif dina diri siswa. Ieu tiori ngalarapkeun reward jeung punishment. Hasil pangajaran henteu ngan gumantung kana informasi anu ditepikeun guru, tapi ogé kana cara siswa ngolah éta informasi. Tiori konstruktivisme mangrupa tiori diajar anu nungtut siswa ngawangun kagiatan diajar jeung ngarobah informasi kompléks pikeun ngawangun pangaweruh sacara inisiatif tur mandiri. Implikasi tiori konstruktivisme dina pangajaran kabagi kana lima fase, nyaéta oriéntasi, elicitasi, restrukturisasi ide, aplikasi ide, jeung reviu. Modél pangajaran anu bisa diaplikasikeun dina prosés diajar ngajar luyujeung pamekaranan tiori konstruktivisme nyaéta discovery learning, reception learning, assisted learning, active learning, contextual learning, jeung quantum learning.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun kalawan jujur hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung sing bener jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri kalawan gemet tur taliti dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 46 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 47 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 KOMPETÉNSI PROFÉSIONAL FUNGSI BASA SUNDA JEUNG PUPUJIA 48 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 49 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 KAGIATAN DIAJAR 3 FUNGSI JEUNG CIRI BASA SUNDA

A. Tujuan