Kasang Tukang Modul BS A edit irma 03mei2016

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Dumasar kana Kompéténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar KIKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda anu nyoko kana Palanggeran Pamaréntah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 anu patalina jeung mulasara Basa, Sastra katut Aksara Sunda, kudu diajarkeun di sakola dasar di wewengkon Jawa Barat. ta kawijakan t h luyu jeung UU No 22 taun 1999 ngeunaan Pamaréntahan Daerah jeung UU No 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional, nyoko kana UUD 1945 anu aya patalina jeung masalah atikan katut kabudayaan. Jaba ti ta, Palanggeran Pamaréntah Republik Indonesia No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III pasal 7 ayat 3 -8 anu nétélakeun yén ti mimiti SDMISDLB, SMPMTs.SMPLB, SMAMASMALB jeung SMKMAK dibere pangajaran muatan lokal mulok anu luyu jeung r kom ndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan “pemeliharaan bahasa-bahasa ibu di dunia”. Patali jeung ta kawijakan pamaréntah anu kaunggél di luhur, sawadina masarakat Jawa Barat milu aub ngarojong sangkan basa, sastra katut budaya Sunda tetep nanjeur, sawawa, satahapan jeung basa-basa liana anu hirup hurip di nusantara ieu. Salah sahiji cara rumujongna kana ta kawijakan pamaréntah t h nya ta ngaliwatan atikan di sakola-sakola ti mimiti SD nepi ka SMA. Sakumaha anu g us disebutkeun di luhur, aya hal anu kudu dihontal ku paraguru di sakola, boh SDMI, boh SMPMTs, boh di SMAMA, kitu deui di SMKMAK t h nya ta kamampuh inti katut kamampuh dasar barudak enggoning ngagunakeun basa Sunda. Ieu pisan anu jadi mataholang pasualan pangajaran basa katut sastra Sunda di sakola t h. Kawasna baé paraguru kudu parigél jeung rancagé ngolo nyombo ka barudak sangkan léah hat na daraék nyarita ku basa Sunda. Lantaran, enas- enasna diajar basa t h nya ta mibanda kaparigelan nyarita ku basa anu diajarkeunana. Dina prosés diajar ngajar, tangtuna waé guru kudu parigel ngaluluguan jeung nyontokeun kumaha mak na basa anu bener tur merenah. Jaba ti kitu, nu méh kapopohokeun téh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2 nyaéta ngatik ngadidik ka parasiswa ngeunaan tatakrama, boh tatakrama nyarita boh tatakrama anu patali jeung rengkuh sopan santun tur handap asor. Aya sababaraha komponén anu teu bisa dipisah-pisah, kayaning: bahan ajar, tujuan pa ngajaran, kurikulum, guru jeung siswa, m tode pangajaran, média jeung sumber diajar, katut évaluasi pangajaran. Tina sajumlah komponén nu ditataan bieu, komponén bahan ajar anu bakal jadi bahan pedaran t h. Bahan ajar dina pangajaran basa jeung sastra Su nda gurat badagna ngaw ngku bahan ajar basa Sunda jeung bahan ajar sastra Sunda. Boh bahan ajar basa boh bahan ajar sastra, wengkuanana lega pisan, ku kituna kudu dipilih jeung dipilah diluyukeun jeung pamaredih kurikulum. Ieu modul diwangun ku sababaraha matéri, kayaning: kumaha cara mikawanoh karakteristik tatakrama siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara ngamalirkeun poténsi siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara mikawanoh kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda, kumaha cara ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda; kumaha cara ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda; kumaha hakékat basa Sunda t h, naon waé anu jadi ciri has basa Sunda, naon waé anu jadi ciri basa budak, kumaha wangun jeung rumpaka kakaw ihan t h, jeung kaparigelan ngagunakeun basa.

B. Tujuan