Tujuan Peta Kompeténsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2 nyaéta ngatik ngadidik ka parasiswa ngeunaan tatakrama, boh tatakrama nyarita boh tatakrama anu patali jeung rengkuh sopan santun tur handap asor. Aya sababaraha komponén anu teu bisa dipisah-pisah, kayaning: bahan ajar, tujuan pa ngajaran, kurikulum, guru jeung siswa, m tode pangajaran, média jeung sumber diajar, katut évaluasi pangajaran. Tina sajumlah komponén nu ditataan bieu, komponén bahan ajar anu bakal jadi bahan pedaran t h. Bahan ajar dina pangajaran basa jeung sastra Su nda gurat badagna ngaw ngku bahan ajar basa Sunda jeung bahan ajar sastra Sunda. Boh bahan ajar basa boh bahan ajar sastra, wengkuanana lega pisan, ku kituna kudu dipilih jeung dipilah diluyukeun jeung pamaredih kurikulum. Ieu modul diwangun ku sababaraha matéri, kayaning: kumaha cara mikawanoh karakteristik tatakrama siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara ngamalirkeun poténsi siswa enggoning diajar basa Sunda; kumaha cara mikawanoh kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda, kumaha cara ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda; kumaha cara ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda; kumaha hakékat basa Sunda t h, naon waé anu jadi ciri has basa Sunda, naon waé anu jadi ciri basa budak, kumaha wangun jeung rumpaka kakaw ihan t h, jeung kaparigelan ngagunakeun basa.

B. Tujuan

Sacara umum kagiatan diajar dina ieu modul téh saéstuna pikeun mekelan paraguru dina mekarkeun kurikulum anu raket patalina jeung pangajaran basa katut sastra Sunda, anu nyoko kana milih bahan ajar nu patali jeung pangalaman diajar katut tujuan pangajaran; jeung makihikeun bahan ajar kalawan bener luyu jeung kamekaran katut karakteristik siswa. Sacara husus, dipiharep paraguru mibanda kamampuh pikeun: 1. Mekarkeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan rancagé kréatif, anu nyoko kana a milih bahan ajar luyu jeung tahap kamekaran siswa; b makihikeun jeung ngolah bahan ajar luyu jeung tahap kamekaran siswa. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 3 2. Ngawasa bahan, adegan, konsép, jeung pola pikir paélmuan anu ngadeudeul pangajaran basa jeung sastra Sunda, anu nyoko kana a ngawasa kaédah basa minangka titincakan mak na basa Sunda kalawan bener tur merenah; b nyangkem tiori jeung g nre sastra Sunda; sarta c ngapresiasi karya sastra Sunda kalawan réséptif jeung produktif. Dua tujuan anu ditembrakkeun di luhur mudahan-mudah bisa kahontal kalawan nyugemakéun ngaliwatan paripolah kagiatan diajar ku cara ngagunakeun média modul ieu. Prosés diajar nu dijalankeun ku parapamilon Diklat bakal méré warna kana hasil nu dipiharep. Lamun sikep katut paripolah diajarna parapamilon Diklat hadé tur daria, gedé kamungkinan naon anu dipiharep bakal kacumponan kalawan hasil nu nyugemakéun; tapi sabalikna, lamun parapamilon sikep katut paripolah diajarna kurang daria jeung kurang soson-soson, pamohalan tujuan nu ditatangtukeun dina ieu modul téh bisa kahontal. Ku kituna, sakali deui pikeun parapamilon usahakeun dina nyanghareupan ieu tugas diajar ngaliwatan modul téh kudu dilaksanakeun kalawan daria tur soson-soson. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4

C. Peta Kompeténsi

Ieu modul téh ditujulkeun pikeun mekelan paraguru dina mikawanoh karakter, poténsi, ngungkulan héséna diajar, ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas, hakékat basa, ciri basa budak, kakawihan jeung kaparigélan ngagunakeun basa 3 .Mikawanoh kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda 4. Ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda 1. Mikawanoh karakteristik siswaia dina diajar basaa Sunda 2. Mekarkeun poténsi siswadina diajar basa Sunda 6. Hakékat Basa Sunda Crii internal ciri éksternal Basa Sunda 7.ciri Khas Basa Sunda 5. Ngaronjatkeun Préstasi jeung Kréativitas Siswa dina Diajar Basa Sunda Pendagogik Professional 11. wangun jeung eusi rumpaka kawih 10. Wangun kakawihan jeung rumpaka kakawihan 9. wangun jeung unsur instrik mantra 8. Ciri-ciri basa budak Ga bar 1 Pėta Ko pété si Kagiata Diajar Diklat PKB Guru Basa Su da Grade PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 5

D. Ambahan Matéri