Babasan Cacandran Pedaran Matéri

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 84 a. Mun seug teu dikojayan ku kuring mah, bisa cilaka si Éta téh. b. Tong ngahuap teuing, euy, na dikira aing teu wani? c. Béda ari geus buluan mah, euy, udud gé roko bodas waé d. Neng, tos aya nu nyangcang teu acan? e. Bau cikur kénéh manéh mah, tong reureujeung jeung aing

2. Babasan

Babasan mangrupa wangun kecap rajékan dwipurwa. Babasan mangrupa sawatara kecap anu disusun nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi hartina mah geus kamaphum ku sar rea sajtadibrata dina Sudaryat, 2014. Ari ceuk Wirakusumah Djajawiguna dina Sudaryat 2014 nétélakeun yén babasan téh nyaéta ucapan ku basa anu ringkes, saeutik patri, anu ngan sakadar ucapan, ulah dihartikeun sacerewélena. Béda deui jeung Salmun 1986, dina Sudaryat 2014 nétélakeun yén nu disebut babasan nyaéta sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan tapi lain dina hartina nu sajalantrahna. Dumasar kana katerangan bieu, bisa disebutkeun yén babasan téh mangrupa kecap anu kompléks anu winangun frasa anu runtuyana geus maneuh tur ngandung harti kiasan. Contona: ngaburuy, siduru isuk, hampang birit, hampang leungéun, beurat birit, héjo cokor, jrrd.

3. Paribasa

Nurutkeun katerangan Kamus Basa Sunda karya Satjadibrata 1946 : 274 nu dimaksud paribasa téh nyaéta kecap-kecap anu disusun jadi omongan nu hartina piluangéun, jadi pituah. Yayat Sudaryat 2014 nyebutkeun yén paribasa téh nuduhkeun harti ibarat, upamana, biasa. Ngarah leuwih teleb nyoka kana katerangan di luhur, géura lenyepan ieu conto ungkara kalimah di handap a. Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah gé, ari ngariung jeung anak rabi mah, génah we. b. Paribasa menta duit keur sakola c. Paribasa nganyam samak, neukteukan bari motongan. Paribasa neang anak, ngadeukeutan popotongan d. Paribasa rék usaha ka kota, padahal mah rék nengan randa. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 85 4. Rakitan Lantip Kecap lantip nurutkeun Kamus Basa Sunda Satjadibrata 1946 kaca 197 nya ta panjang pikiran, tara gancang ambek, tara gancang ngahukum. Ari ceuk Sudaryat 2014 kaca 193 mah nya ta susunan kecap dina wangun kalimah anu kudu ditapsirkeun dumasar kan konteks kabiasaan, lantaran pamaksudanana henteu diuacapkeun langsung. Rakitan lantip teu bisa dihartikeun sacerewelena dumasar kana kecap-kecap nu digunakeunana, lantaran maksudna bisa jadi salah. Géura ieu tit nan conto-conto kalimah nu ngagunakeun rakitan lantip.

a. Asa geus heubeul teu dahar jeung hayam. b. Cing pangmegatkeun mobil kosong

c. Seungit nu meuleum sate, euy

5. Cacandran

Kecap cacandran nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS 1975 kaca 80 nya ta omongan karuhun nu aya patalina jeung kaayaan tempat nagara. Conto: Bandung heurin ku tangtung . Maksudna Bandung t h ibu kota Jawa Barat, kota pangjugjugan balar a, boh nu ngadon sakola bon nu ngadon usaha; ku lantaran beuki nambahan nu daratangna, nya dina hiji mangsa mah Bandung t h jadi heurin, jadi gégék ku nu nyaricingan nu dating ti suklakna ti siklukna. Kapanan ayeun pisan kajadian, Bandung t h heurin. Kolot baheula nyieun cacandan Bandung heurin ku tangtung. Sukapura ngadaun ngora ; Sukapura t h ngaran ayeuna mah Tasikmalaya. Sukapura kungsi diereh ku Mataram heubeul pisan. Sanggeus runtag kakuasaan Mataram, nya Sukapura minangka sirungna tumuwuh jadi wewengkon anu mardika. Garut pangirutan , wewengkon Garut t h matak pikab taheun, pikatajieun, loba pisan ka ndahan alam di wewengkon Garut nu wuwuh pikab taheun, komo mun ditingali ti luhur mah pesawaat, Garut t h kawas inten nu diawurkeun. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 86 Loba keneh cacandaran- candran s j nna tangtuna ogé patali jeung tempat atawa wewengkona sewing-sewangan.

6. Candrasangkala