PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
100
4. Sakabéh budak bakal ngalaman tahapan-tahapan éta dina raraga mibanda basa sacerewelena dumasar kana sora basa nu katarima.
c. Téori Béhavioris-Psikolanalitis Mowrer
Mowrer dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 29 nétélakeun yén budak téh mitiina nurutan kabiasaan nu jadi indung, ti dinya kakara vokalisasi indung
téh dipatalikeun jeung pangdeudeul utamana, pikeun ngaenyakeun primary reinforcement. Lamun budak ngomong, heg vokalisasina meh sarua jeung nu
jadi indung, tah éta téh meunang pangdeudeul. Jaba ti pangdeudeul ti luar dirina, budak ogé meunang pangdeudeul ti dirina sorangan intrinsic
reinforcement. Prosés mibanda fonologi anu satuluyna mah dumasar kana pangdeudeul pilihanana selective reinforcement.
Dina téori béhavioris aya dua hal penting nyaéta a aya bédana lebah mékanisme psikologi anu dipaké dina persépsi jeung produksi fonologi, jeung
b aya prinsip ékonomis anu dipaké pangjajap lampah simbolik.
Basa téh nyaéta kabiasaan paripolah habit béhaveor. Budak mibanda basa nu jadi indungna ku cara “resonance” jeung ngan ukur bisa diterangkeun ku cara
“imitation of what is heard”. Tapi pangdengé jeung paningali budak dina mangsana nengetan untap biwir nu jadi indungna atawa jalma séjéna,
digunakeun kalawan maksimal. Nya ku cara sarupa kitu, budak mimiti ngayakeun tarékah pikeun ngucapkeun kekecapan anu merenah.
d. Patalina Basa jeung Pikiran
Ceuk Steinberg dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 55 nyebutkeun yén patalina basa jeung pikiran téh bisa ditingali tina jihat a produksi omongan nu
jadi dasar pikiran b basa minangka basis dasar pikiran, c sistem basa minangka tuduh jalan spesifikasi pahamgagasan, jeung d sistem basa
minangka tuduh jalan spesifikasi budaya.
Ditingali tina jihat produksina, yén omongan téh mangrupa dasar pikiran. Éta nuduhkeun yén pikiran saéstuna sarimbang jeung paripolah. Hiji omongan
atawa ungkara kalimah téh saenyana mangrupa ébréhan tina pikiran. Pikiran
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
101
anu aya dina jero ungkara kalimah mangrupa paripolah. Kahayang nu diébréhkeun dina ungkara kalimah éta téh ladang mikir.
Dina kahirupan sapopoé moal bisa lesot tina pikiran, éta pikiran téh sakabéhna ngagunakeun basa, rék basa lisan rék basa tulisan. Malahan basana ogé mangrupa
hasil pamikiran, ku lantaran kitu, basa téh mangrupa fundamental pikiran.
Basa bisa ngalegaan pikiran. Ku ayana kagiatan basa maca jeung ngaregépkeun, kabeungharan kecap urang jadi nambahan sakaligus ogé
ngalegaan wawasan pikiran. Sakumaha anu dijéntrékeun ku Dele dina Sudaryat Soléhudin 2009 kaca 55, yén: 1 loba-saeutikna jeung alus-gorengna
kabeungharan kecap nu dipibanda nuduhkeun kapribadianana; b mekarna kabeungharan kecap mangrupa mekarna konséptual; c sakabéh atikan enas-
enasna numuwuhkeun kabeungharan kecap nu kadituna aya patalina jeung konséptual; d program pikeun mekarkeun kabeungharan kecap bakal
kapangurah ku faktor umur, manda jinis, kahanan ékonomi, jeung status sosial; e faktor géografi ogé bisa mangaruhan kana kabeungharan kecap; f dina
lumangsuna maca ti mimiti hal nu geus dipikanyaho nepi ka hal nu samasakali can nyaho, paniten kabeungharan kecap bakal nuturkeun salila maca.
e. Tahap Kamekaran Basa jeung Pikiran