Téori Struktur Universal Jakobson. Téori Semantik Universal Shvachkin

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 98 mempréséntasikeun barang-barangobyék anu geus euweuh ti lingkungan dirina. Simbul-simbul anu digunakeun ku budak téh jadi mangrupa kecap-kecap dina ngagunakeun basa awal. Ku ayana permanéna obyék téh mangrupa pamuka lawang pikeun budak engoning ngawasa basa. Cindekna, yén kamekaran kognitif téh kudu leuwih ti heula dikondisikeun, ti dinya kakara kanyaho luar dina wujud kaparigelan basa. Piagét ngagambarkeun tahap kamekaran basa budak sakumaha anu diébréhkeun dina tabél di handap. Tabél 8. 3 Kamekaran Basa Budak No Umur Kamekaran basa 1 0,5 – 1,0 Tahap meraban pralingustik kedua, can bisa ngucap 2 1,0 – 2,0 Tahap linguistic I, holofrastik: kalimah sakecap 3 2,0 – 3,0 Tahap linguistic II, kalimah dua kecap 4 3,0 – 4,0 Tahap linguistic III, mekarkeun tatabasa 5 4,0 – 5,0 Tahap linguistic IV, tatabasa ngagayuh ka sawawa 6 5,0 - …. Tahap linguistic V, kompeténsi basa cumpon Ditingali tina kaédah basa, bogana pangabisa basa téh nyaéta anu mangrupa komponén tatabasa kayaning komponén fonologi, komponén sintaksis, jeung komponén semantik. Aya sababaraha téori ngeunaan fonologi sakumaha pedaran ieu di handap.

a. Téori Struktur Universal Jakobson.

Roman Jakobson dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 27 nétélakeun yén bogana pangabisa ngeunaan fonologi téh kudu nyoko kana linguistik universal, nyaéta ngeunaan kaédah struktural anu jadi panyindekelan robahan basa. Téori ieu ogé dumasar kana sistem analisis fitur distingtif kalawan asumsi yén budak bogana pangabisa ngeunaan fonologi téh mangrupa prosés kréatif. Téori Struktural Universal téh bisa dicindekeun kieu: 1 Budak ngucapkeun jeung ngaregépkeun sora basa téh dumasar kana fitur distingtif anu dipimilik sacara hirarki nu sisematis jeung universal; PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 99 2 Anu kapibanda ku budak téh fitur anu kontras oposisi fonémis nyaéta oral-nasal b;m, labio-déntal p;t, stop-frikatif p;f 3 Kamekaran kontras satuluyna dipedar jeung kaédah “irreversible solidarity” katut kaédah implikasi; 4 Mindengna sora basa nu katarima ku budak gumantung konvénsi lingkungan panyaturna; 5 Salila dina jero prosés mibanda basa, omongan budak téh miboga struktur sorangan. Sok sanajan kitu, tetep bakal nyaruaan sistematis kolotna; 6 Mibanda basa téh ngaragum dua periodeentragan, nyaéta 1 mangsana tuturut dina diajar prabasa, jeung 2 mangsana mibanda basa anu murni.

b. Téori Semantik Universal Shvachkin

Shvachkin dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 28 nétélakeun yén ulikan pikeun mibanda fonologi tina géneralisasi bisa digunakeun kaasup basa séjén. Artikulasi produksi jeung ngaregépkeun persépsi éta téh waktu anu kacida pentingna pikeun mibanda katut kamekaran fonogi budak. Aya dua fase kamekaran basa budak téh, nyaéta a masa pra fonémik jeung ucapan prosodik, jeung b masa ucapan fonémik. Satuluyna dijéntrékeun, aya opat dasar fitur fonémis dina mibanda basa, nya éta: a nurutkeun lumbrahna gérerality foném, b fungsi foném pikeun ngabédakeun distinctive, c foném nu sacerewelena constancy, jeung d foném nu sahayuna voluntariness jeung foném nu dihaja diayakeun intentionality. Kacindekan téori semantic universal nya éta: 1. Kamampuh budak dina ngabédakeun sacara implisit sora basa persépsi foném indung dina mangsa nincak umur kaduatauna; 2. Kamampuh budak dina ngabédakeun sora-sora basa anu aya patalina jeung kamekaran mibanda harti omongan semantik; 3. Persépsi foném nuduhkeun kaparigelan budak pikeun matalikeun sora basa omongan jeung kecap-kecap anu akur sorana sacara konsisten jeung kecap-kecap nu anyar; PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 100 4. Sakabéh budak bakal ngalaman tahapan-tahapan éta dina raraga mibanda basa sacerewelena dumasar kana sora basa nu katarima.

c. Téori Béhavioris-Psikolanalitis Mowrer