Yén basa téh mandiri spesifikasi Yén basa pamulasara budaya konservatif

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 76 e. Yén basa téh pamencar displacement Dina diri manusa téh aya dua pakakas nu digunakeun dina makéna basa, nyaéta a fasilitas fisik, kayaning: tikoro, irung, biwir, létah, jst., jeung b fasilitas non-fisik, kayaning: akal, rasa, pikiran, uteuk, jst. Ku éta dua fasilitas téh, manusa bisa ingét kana kajadian bihari, kamari, kiwari, jeung pingburi. Dina palebah dieu pisan manusa manusa mibanda pamencar displacement, nyaéta basa bisa dipake pikeun ngacu kana hal-hal anu nyata atawa anu teu nyata abstrak ti mangsa baheula nepi ka mangsa ayeuna, malah narawangan pikahareupeun. Pamencar téh mangrupa kamampuh pikeun nyaritakeun hiji hal nu jauh, boh nu patali jeung waktu boh nu patali jeung tempat. Nya ku hal ieu pisan manusa bisa mekarkeun élmu pangawéruh.

f. Yén basa téh mandiri spesifikasi

Sipat mandiri dina basa nyoko kana kanyataan yén komunikasi ngagunakeun basa kudu dibantuan ku aspék séjén kayaning gerakan fisik atawa kinestik minangka pakakas komunikasi. Manusa teu kudu ngéureunkeun kagiatan séjéna dina waktu rék ngaréspon, ari réspon teu sagemblengna ditangtukeun ku rangsangan stimulus. Manusa bisa milampah komunikasi atawa nyarita bari milampah pagawéan anu teu aya patalina jeung nu keur diomongkeun.

g. Yén basa pamulasara budaya konservatif

Basa téh mangrupa unsur budaya sakaligus jadi wahana pikeun miara tur mekarkeun budaya. Kitu deui, basa bisa dipiara jeung dimumule ti entragan ka entragan ku cara ngabudaya. Sistim basa kudu diulik ku unggal panyatur. Lantaran basa mah henteu diwariskeun sacara biologis ti entragan ka entragan. Najan manusa mibanda kamampuh dasar innate ability, konvensi basa naon waé saperti kandaga kecap jeung tatabasa, dirundaykeun kalawan sistimatis ku cara diajar atawa ngaliwatan pangajaran languagé learning. Kagiatan diajar PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 77 basa barudak leutik anak usia dini irundaykeun ku indung bapana. Anu disebut nu nimukeu basa languagé aquisition. Basa anu langsung dirundaykeun ku indung bapana disebutna basa indung motéhr longue. Ari basa sasatoan mah dirundaykeunana teu cara manusa, sasatoan mah dirundaykeun sacara génétis, lain diulik. Sasatoan bisa ngarti jeung silihpikaharti di antara maranehna di tempat digédékeun. Sabalikna, manusa anu lahir di Tatar Sunda, nini, aki, buyut, bao, jangawareng, udeg- deg siwur jeung karuhuna urang Sunda, tapi bisa basa Inggris. Ari bas amah kumaha kabiasaan tradisi. Ku kituna, lamun hayang parigél maké basa, “disebutna basa téh mangrupa kagiatan mekanik”, biasakeun dina kahirupan sapopoé, cara mesin

D. Kagiatan Diajar

Saréngséna Sadérék nitenan pedaran Matéri VI ngeunaan “Hakekat Basa Sunda anu patali jeung Ciri Internal jeung Éksternal”, tangtu Sadérék geus meunang gambaran anu jelas. Wawasan Sadérék ngeunaan élmuning basa Sunda ayeuna katambahan deui. T t la géuningan hal-hal anu mangaruhan kana hirup-huripna basa téh rea, boh ti unsur jero internal boh ti unsur luar éksternal. Éta pedaran matéri di luhur téh bahan sawalakeun jeung babaturan Sadérék di kelompok diajarna masing-masing. Naha maké kudu disawalakeun? Lantaran lamun ukur dibaca ku sorangan mah rada elat nyangkemna téh, komo mun nepi ka kudu ngamekarkeun éta konsép. Jaba ti kudu soson-soson macana, ogé diperedih kudu daék macaan literatur liana deuih. Mangpaat tina sawala téh tangtuna ogé aya, sakurang-kurangna urang bisa silih kanyahokeun lebah wawasan, boh wawasan paélmuanana boh wawasan mikirna. Sing ingét falasifah Sunda, silih asih, silih asuh, jeung silih asah. Larapkeun éta falasifah téh dina prakna Sadérék sawala. Prinsip silih asih dina sawala hartina urang kudu boga rasa asih ka babaturan lebah kakuranganana, prinsip silih asuh urang kudu boga rasa hayang makihikeun