Ambahan Matéri Cara Ngagunakeun Modul

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 5

D. Ambahan Matéri

Bahan anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Tahap1 nyoko kana wéngkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa ciri-ciri khas basa Sunda, ciri basa budak jeung kaparigelan ngagunakeun basa, sarta tiori jeung génre sastra wangun jeung rumpaka kakawihan katut aprésiasina. Luyu jeung ambahan matéri, pidanganana diwangun ku 10 kagiatan diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar 1 : Mikawanoh karakteristik siswa dina diajar basa Sunda; Kagiatan Diajar 2 : Mekarkeun poténsi siswa dina diajar basa Sunda; Kagiatan Diajar 3 : Mikawanoh kamapuh awal dina diajar basa Sunda; Kagiatan Diajar 4 : Ngungkulan kasulitan siswa diajar basa Sunda; Kagiatan Diajar 5 : Ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda; Kagiatan Diajar 6 : Hakékat basa Sunda Ciri internal jeung éksternal; Kagiatan Diajar 7 : Ciri khas basa Sunda; Kagiatan Diajar 8 : Ciri khas basa budak; Kagiatan Diajar 9 : Wangun jeung unsur instrik mantra; Kagiatan Diajar 10: Wangun jeung rumpaka kakawihan; Kagiatan Diajar 11: Wangun jeung eusi rumpaka kawih. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 6

E. Cara Ngagunakeun Modul

Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan Kagiatan Diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngaw ngku 1 bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa ciri-ciri has basa Sunda, ciri has basa budak, 3 tiori jeung génre sastra wangun jeung rumpaka kakawihan, jeung 4 kaparigelan ngagunakeun basa Sunda. Dina ngulik éta bahan Kagiatan Diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan dina Kagiatan Diajar kalawan ngaruntuy. Ari sababna, bahan dina Kagiatan Diajar I jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar II, bahan kagiatan diajar II bakal jadi bahan pikeun kagiatan diajar III, jst. Lamun manggihan bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa nyawalakeun ngadiskusikeun jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 7 KOMPETENSI PEDAGOGIK: NGARONJATKEUN DIAJAR BASA SUNDA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 KAGIATAN DIAJAR 1 MIKAWANOH KARAKTERISTIK SISWA DINA DIAJAR BASA SUNDA

A. Tujuan