PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
107
KAGIATAN DIAJAR 9
WANGUN JEUNG UNSUR INSTRINSIK MANTRA
A. Tujuan
Saréngséna Sadérék nengetan pedaran Materi Diajar IX ngeunaan “Wangun jeung Unsur Instrinsik Mantra jangjawokan”, dipiharep Sadérék bisa:
1. Mapatkeun atawa ngagalantrangkeun mantra, 2. Ngeceskeun wangenan mantra, jeung
3. Ngeceskeun wanda mantra.
B. Indikator Hontalan Kompéténsi
Sabadana maham Materi Diajar IX ngeunaan Unsur Instrinsik Mantra jangjawokan”, dipiharep Sadérék bisa:
1. Mapatkeun atawa ngagalantrangkeun mantra luyu jeung wirahma katut sora
anu bisa ngebrehkeun unsur kajiwaan nu dikandung ku eta mantra; 2. Ngajelaskeun watesan atawa wangenan mantra;
3. Ngeceskeun ngeunaan wanda-wanda mantra nu hirup dina hasanan sastra Sunda.
C. Pedaran Materi
Bahan ajar dina ieu lawungan atawa pajemuhan patali jeung perkara mantra, nya eta 1 watesan mantra, 2 wanda mantra, jeung 3 apreasiasi mantra. Wincikan
tiap-tiap bahan ajar dibabarkeun di handapieu.
1. Maca Mantra
Ieu bacaan anu aya di handap téh disebutna Jangjawokan bagian tina Mantra. Pék ilo, malah leuwih alus nepi 2-3 balén. Sanggeus kitu baca sing bedas. Sing
alus macana
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
108
JANGJAWOKAN PARANTI LINTAR TAWA NGUSEUP Aki RékrékTuraya
Anak patutan turunkeun Aing nya pangkonan sia
Bayumas nu lénggang putih Bayumas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng Ku sangkilat ku mancorong
Ratna putih sang ibu putih Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demit jati Dicutat tina Galuring Sastra, yasana Budi RT kaca 22
2. Watesan Mantra
Mantra téh nilik kana wangunna mangrupa puisi wangun ugeran, sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna sora dina
engang panungtung, guru wilanganana jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugeran atawa aturan
puisi téh bakal karasa upama geus dibaca atawa dipapatkeun. Dina éta mantra aya wirahma jeung purwakanti, nepi ka ngareunah diunikeunana.
Purwakanti jeung wirahma anu aya dina mantra téh lain ngan saukur mibanda ajén-inajén kaéndahan éstésis wungkul, tapi aya maksud-maksud anu leuwih
jero ti éta, nyaéta ngandung kakuatan gaib magis. Basa anu digunakeunana ogé kawilang ahéng, sipatna ékpositoris atawa hésé katangkep maksudna.
Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib téh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun kakuatan jeung
komara pribadi.
Tujuan digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkanbédas, salamet gedé
sima, ludeungan, nyinglar, jeung ngariksa.
Numutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animismedinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam
harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
109
sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda
geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhunna.
3. Wanda Mantra