PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
69
unggal basa miboga wangun jeung eusi, unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu di komunitas para panyaturna.
f. Basa téh mandiri unik
Unik ngandung harti has, mandiri, husus, atawa b da ti nu s j n. Ieu katerangan t h karasana patukang tonggong jeung katerangan yén basa
t h universal. Lamun kitu naon atuh nu saenya unik dina basa t h?
Anu dimaksud unik dina basa t h nyaéta yén unggal basa t h miboga sistim, adegan, jeung kandaga kecap s wang-s wangan anu has tur mandi
sarta teu kudu sarua jeung basa lianna. Malah anu jadi pangb da hiji basa
jeung basa s j nna pangpangna mah palebah kandaga kecap l ksikon, ti dinya kakara adeganana.
Ciri has anu dipibanda ku basa t h sipatna universal sakaligus unik. Upamana waé dina basa Sunda aya kecap panganteur anu ngandung harti
“asp k inkoaktif” saperti jung nangtung, gék diuk, l os indit, jst. Ieu kecap t h teu bisa ditarjamahkeun kana basa naon waé basa Indon sia
upamana. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona:
1 Jung kuring indit ka luar.; 2 Kuring jung indit ka luar.;
3 Géura jung atuh
g. Basa téh komunikatif
Komunikatif sifat tina komunikasi. Dina enas-enasna mah komunikasi téh nepikeun “pesan” rasa, pikiran jeung kahayang ti panyatur atawa anu
ngirim pesan ka nu nampa pesan atawa anu diajak nyarita pamiarsa atawa nu maca ngaliwatan m dia basa.
Dina seuhseuhanana kahirupan manusa téh henteu bisa dipisahkeun tina asp k komunikasi. Alat anu dipaké pikeun komunikasi nyaéta basa, boh
lisan boh tulisan. Komunikasi ngagunakeun basa disebutna komunikasi verbal, ari komunikasi henteu ngagunakeun basa alias ngagunakeun
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
70
gerak obah-obahna anggahota badan disebutna komunikasi non verbal, contona: gideug
– nuduhkeun embung; gugupay – ngajak, jst. Basa mangrupa alat komunikasi manusa, ari basa téh mangrupa lambang
sora anu sifatna universal. Sajaba ti aya basa lisan sora ogé aya basa gerak body langugé. Boh basa lisan boh basa gerak duanana ogé sarua
miboga fungsi pikeun komunikasi.
h. Basa téh mijalma
Tumuwuhna basa téh ngan aya dina dunya manusa wungkul , da di dunya sasatoan mah teu dipiwanoh ayana kamekeran basa. Ari manusa téh
mangrupa mahluk sosial, hirupna henteu bisa nyorangan. Dina kahirupan sosialna geus tangtu bakal silih tembrakeun kahayang jeung kabutuh.
Pikeun nembrakeun kahayang jeung kabutuh téh ngagunakeun alat. Alat anu dipakéna taya lian nyaéta basa. ku lantaran kitu, basa téh geus jadi
milik manusa anu teu bisa l sot – teu bisa dipisahkeun; ayana basa lantaran ayana manusa, kitu takdirNa.
i. Basa téh budaya
Basa téh miboga sifat ngabudaya cultural lantaran salian ti basa mangrupa “unsur” budaya ogé jadi alat pikeun ngagedékeun jeung
ngamekarkeun budaya. Tanpa basa, budaya moal bisa mekar. Lantaran basa anu miboga peran penting dina budaya. Naon waé wangun jeung
jirimna budaya tangtu ngagunakeun basa; tegesna antara budaya jeung basa téh lir ibarat gula jeung amisna
– lain gula ngarana, laun teu amis. Ari anu jadi unsur badaya loba, di antarana baé 1 pacabakan; 2
kamasarakatan; 3 élmu pangawéruh ; 4 pakakas, undagi, jeung téhnologi; 5 basa; 6 seni; jeung 7 agama katut réligi. Koentjaraningrat,
dina Yayat Sudaryat, 2013.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
71
2. Ciri Éksternal