Latihan Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 78 pangabisa jeung pangalaman ka nu lian, prinsip silih asah urang kudu miboga karep hayang n angan luang ti papda urang, kapanan luang téh lain ukur tina daluang tapi ti papada urang gé bisa. Tengétan deui, prak sawalakeun Nu leuwih alus mah éta konsép téh jadi ngalegaan sanggeusna diswalakeun téh, nya. Cag

E. Latihan

Pigawé ieu soal-soal di handap kalawan daria 1. Naon ari nu disebut basa téh? Jéntrékeun 2. Ari basa téh arbitrér, naon maksudna? Jéntrékeun kalawan conto 3. Cing pék tatataan, naon waé anu jadi ciri internal basa téh 4. Ari anu jadi ciri éksternal naon waé? Tataan hiji-hijina 5. Ari anu dimaksud idéntitas stilistik téh kumaha? Jéntrékeun

F. Tingkesan

1. Hakékat basa nya éta: 1 basa téh sistem; 2 basa téh arbitrér; 3 basa téh simbul sasmita; 4 basa téh produktif; 5 basa téh universal: 6 basa téh mandiri unik; 7 basa téh komunikatif; 8 basa téh mijalma; jeung 9 basa téh kultur budaya. 2. Dumasar kana karakteristik lahiriahna basa téh miboga ciri-ciri nyaéta 1 idéntitas fisik; 2 idéntitas psikologis; 3 idéntitas géografis; 4 idéntitas étnik; 5 idéntitas sosiologis; jeung 6 idéntitas kont kstual. 3. Pangna disebutkeun hiji sistem, basa téh mi banda sifat sist matis tur sistemik. Disebut sist matis, lantaran basa téh ngandung unsur-unsur anu puguh éntép seureuhna; ari disebut sistemik, lantaran basa téh mibanda pola atawa aturan anu dumuk sarta bisa diprédiksidiramalkeun, saperti: aturan fonologi, tatabasa jeung semantik. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 79 4. Basa téh miboga sifat ngabudaya cultural lantaran salian ti basa mangrupa “unsur” budaya ogé jadi alat pikeun ngagedékeun jeung ngamekarkeun budaya. Tanpa basa, budaya moal bisa mekar. Lantaran basa anu miboga peran penting dina budaya. Naon waé wangun jeung jirimna budaya tangtu ngagunakeun basa; tegesna antara budaya jeung basa téh lir ibarat gula jeung amisna – lain gula ngarana, lamun teu amis. Ari anu jadi unsur badaya loba, di antarana baé 1 pacabakan; 2 kamasarakatan; 3 élmu pangawéruh ; 4 pakakas, undagi, jeung téhnologi; 5 basa; 6 seni; jeung 7 agama katut réligi.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar 7. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar 6, pangpangna bahan nu tacan kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 80 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 81 KAGIATAN DIAJAR 7 CIRI HAS BASA SUNDA

A. Tujuan