Idéntitas fisik Idéntitas psikologis Idéntitas géografis Idéntitas étnik Idéntitas sosiologis

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 71

2. Ciri Éksternal

Disawang tina karakteristik lahiriahna basa téh miboga ciri-ciri nyaéta 1 idéntitas fisik; 2 idéntitas psikologis; 3 idéntitas géografis; 4 idéntitas étnik; 5 idéntitas sosiologis; jeung 6 idéntitas kont kstual Crystal, dina Yayat Sudaryat, 2013.

a. Idéntitas fisik

Identitas fisik anu mangaruhan wujudiah basa nyaéta a tipe fisik; b kondisi fisik; c umur; d ucapan; jeung e jenis kelamin anu makéna. Patalina basa jeung kaayaan fisik anu makéna diulik ku patologi basa.

b. Idéntitas psikologis

Tina jihat psikologis, basa téh raket patalina jeung intélégénsi katut kapribadian personality. Patalina basa jeung unsur psikologis nu makéna basa diulik ku psikolinguistik.

c. Idéntitas géografis

Unggal basa bakal dipangaruhan ku lokasi dipakéna basa. basa nu dipaké di hiji wewengkon disebut basa wewengkon, dialék local, dialék regional, atawa regiol k. Ari élmu anu ngulik basa wewengkon atawa basa dialék disebut dialéktologi.

d. Idéntitas étnik

Basa téh bisa dipikawanoh ku kelompok jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya nu disebut basa da rah, basa nasional, jeung basa asing. Éta kalungguhan basa téh masing-masing mibanda fungsi s wang-s wangan. Patalina basa jeung kahirupan étnik anu makéna diulik ku élmu tnolinguistik.

e. Idéntitas sosiologis

Kahirupan hiji basa dipangaruhan ku lingkungan sosial anu makéna saperti stratifikasi sosial, peran jeung status sosial, kaakrabandeuheus henteuna solidarity, jeung ragam sosial. Patalina basa jeung kahirupan masaralat nu makéna basa diulik ku élmu basa sosial nu ilahar disebut sosiolinguistik. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 72 f. Idéntitas kontėkstual Wujudiah basa bisa gumantung kana kont ks situasi dipakéna. Hubungan antara basa jeung kont ks situasi makéna diulik ku pragmatic. Dell Hyems dina Sudaryat 2013 kaca26 nyebutkeun yén kont ks situasi anu mangaruhan wujudiah basa téh mibanda unsur-unsur component of speech anu disinggét SPEAKING, anu foném awalna nyoko kana: S-etting and scene P-artucipants E-nd purpoce and goals A-cts sequences K-ey tone or spirit of act I-nstrumentalities N-orms of interaction and interprétation G-enres Ari dina basa Sunda unsur- unsur kont ks situasi makéna basa téh bisa disinggét UNGKARA Sudaryat, 1991:121 anu foném awalna nyoko kana: U-ndak usuk atawa tatakrama basa N-u maké basa jeung nu dicaritakeun G-alur omongan K-asang tukang tempat, waktu, jeung suasana A-lat anu digunakeun R-asa, nada, jeung raga, rasa basa A-manat jeung tujuan ahir omongan

g. Idéntitas Stilistik