PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
101
anu aya dina jero ungkara kalimah mangrupa paripolah. Kahayang nu diébréhkeun dina ungkara kalimah éta téh ladang mikir.
Dina kahirupan sapopoé moal bisa lesot tina pikiran, éta pikiran téh sakabéhna ngagunakeun basa, rék basa lisan rék basa tulisan. Malahan basana ogé mangrupa
hasil pamikiran, ku lantaran kitu, basa téh mangrupa fundamental pikiran.
Basa bisa ngalegaan pikiran. Ku ayana kagiatan basa maca jeung ngaregépkeun, kabeungharan kecap urang jadi nambahan sakaligus ogé
ngalegaan wawasan pikiran. Sakumaha anu dijéntrékeun ku Dele dina Sudaryat Soléhudin 2009 kaca 55, yén: 1 loba-saeutikna jeung alus-gorengna
kabeungharan kecap nu dipibanda nuduhkeun kapribadianana; b mekarna kabeungharan kecap mangrupa mekarna konséptual; c sakabéh atikan enas-
enasna numuwuhkeun kabeungharan kecap nu kadituna aya patalina jeung konséptual; d program pikeun mekarkeun kabeungharan kecap bakal
kapangurah ku faktor umur, manda jinis, kahanan ékonomi, jeung status sosial; e faktor géografi ogé bisa mangaruhan kana kabeungharan kecap; f dina
lumangsuna maca ti mimiti hal nu geus dipikanyaho nepi ka hal nu samasakali can nyaho, paniten kabeungharan kecap bakal nuturkeun salila maca.
e. Tahap Kamekaran Basa jeung Pikiran
William Staso ahli perkembangan neurologi anak dina Sudaryat jeung Solehudin 2009 kaca 57, ngajéntrékeun hasil panalungtikanana ngeunaan
kamekaran basa budak umur 0 – 3 taun, sakumaha pedaran di handap:
Budak nu umurna 0 – 3 bulan kakara bisa ceurik, imut, jeung seuri, tapi geus
ngaréspon sora nu nyebut ngarana. Nepi ka umur 3 bulan jaringan saraf otak buak mekar leuwih gancang lamun dibebenjokeun dirangsang ku gambar anu
warna-warni anu kontras jeung ku sora kolotna atawa saha waé nu ngawirahma.
Umur 3 – 9 disebut mangsana baceo. Dina umur budak 3 -5 bulan geus bisa
merhatikeun barang-barang anu di sabudeureunana; umur budak 6 – 9 bulan
geus bisa ngabédakeun sora nu ramah jeung teu ramah, contona: budak ngécrokan ramona, ku indungna dicarék ku basa anu halimpu, budak nurut
kana panyarék indungna sarta ngalesotkeun ramona tina baham.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
102
Dina umur 12 – 18 bulan, budak geus bisa seuri, bisa nyombo nu jadi indung ku
paripolah nu pikalucueun. Man hna geus ngalakukeun komunikasi jeung nu jadi indung boh ku basa verbal atawa ku basa non verbal. Dina umur sakitu
kabeungharan kecap nu dipibandana ngahontal 5 – 20 kecap. Biasana dina
umur sakitu téh buda geus bisa matalikeun kaayaan lingkungan dirina, mimiti nengetan sabab akibat. Ngahontal umur 2 taun, kabeungharan kecap nu
dipibanda ku budak bisa ngahontal 150 – 300 kecap jeung bisa nyambungkeun
3 – 4 kecap. Dina umur sakitu, budak geus bisa ngajawab “enya” atawa
“henteu” dina konteks anu bener. Ungkara kalimahna basajan, kalimah nu sakecap atawa dua kecap, sarta geus bisa maké kecap gaganti ngaran.
Dina waktu ngagayuh kana umur 36 bulan, kabeungharan kecap nu dipibanda ku buda bisa ngahontal 900 kecap tur bisa ngajawab patalekan “saha”, “naha”,
jeung “kumaha”. Jaba ti éta, dina umur sakitu budak geus bisa nanyakeun ku kalimah basajan.
Dumasar kana katerangan paraahli di luhur bisa dicindekeu yén anu jadi ciri basa budak téh nya éta:
1. Basa budak mah basajan; ungkara kalimahna parondok diwangun ku sakecap dua kecap.
2. Ngawangun kecap anyar ku cara ngarobah atawa dicokot sabagian, contona: ngarobah kecap tina nyuhunkeun jadi ukeun, tina menta jadi enta,
nuduhkeun ayana potensi kreativitas dina wangun anu basajan; 3. Kecap-kecap nu dipilih kecap-kecap nu dimimitian ku huruf bilabialoral-
dental b,m, labio-dental p, t jeung stop-frikatif p, f conto: mamam, pipis, popo bobo,, obo, jst.
4. Salila dina jero prosés mibanda basa, omongan budak téh miboga struktur sorangan. Sok sanajan kitu, tetep bakal nyaruaan sistematis kolotna;
D. Kagiatan Diajar