Nurutkeun Téori Nativistik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 94 kecap luyu jeung robahna umur budak. Géura ieu titénan tabél ngeunaan nambahna kabeungharan kecap budak luyu jeung kahanan umurna. Tabél 8. 2 Kamekaran Kabeungharan Kecap pikeun Budak No Umur taun Kabeungharan Kecap nu Dipibanda 1 1 Ukur sababara kecap 2 2 200 tepi ka 270 kecap 3 3 Kurang leuwih 900 kecap 4 4 Kurang leuwih 1520 kecap 5 5 Kurang leuwih 2060 kecap 6 6 Kurang leuwih 2550 kecap Nu dimaksud kabeungharan kecap nu dipibanda ku budak sakumaha disebutkeun dina tabél di luhur téh nyaéta budak bisa nyebutkeun ngaran barang anu nyata nu karandapan atawa katingali ku dirina, unggal wangun basa nu katarima ku dirina ngébréhkeun yén tiap kecap téh sarua jeung mibanda hiji konsép. Ceuk Sudaryat Soléhudin 2009 kaca 22 ari kamekaran sintaksis budak anu aya patalina jeung kamekaran morfologis téh diebrhkeun ku ayana budak geus mibanda kecap asal jeung kecap jembar konpleks dianggap sawangun baé. Ngajembarkeun sintaksis téh ngawéngku tahapan kayaning: 1. Ngajembarkeun sacabang 10 – 12 bulan 2. Ngajembarkeun dua cabang 18 – 24 bulan 3. Ngajembarkeun opat cabang 3 – 6 taun 4. Ngajembarkeun génep tepi ka dalapan caban 7 -9 taun Aya sababaraha ahli anu nembrakkeun pahamna ngeunaan babanda basa budak, di antarana nya éta:

1. Nurutkeun Téori Nativistik

Paham nativistik mentalistik anu dikokojoan ku Noam Chomsky nganggap yén pangaruhan lingkungan lain faktor penting dina mibanda basa, lantaran manusa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 95 diajar basana téh saéstuna geus boga kamampuh anu geus diprogram sacara jénétik. Paham ieu boga anggapan yén basa téh mangrupa kudrat biologis nu sok disebut ogé “hipotesis nurani” innteness hypotéhsis. Nurutkeun paham nativistik nyebutkeun yén basa téh dipimlikna ngan ku manusa wungkul. Hal ieu alesanana dumasar kana 1 paripolah nu ngagunakeun mangrupa turunan génetic, pola kamekaran basa katut budaya sarua jeung basa-basa lianna universal, lingkungan sabudeureun teu pati géde pangaruhna kana tumuwuhna kadewasaan basa; 2 basa bisa kacangkem dina waktu anu ngan sakeudeung umur 4 taun téh geus bisa nyarita cara kolotna; jeung 3 lingkungan basa budak henteu bisa dipaksakeun pikeun ngawasa kamampuh tatabasa cara anu geus sawawa. Ceuk Chomsky dian Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 23-24 nyebutkeun yén budak téh geus dibekelan ti dituna sacara alamiah kamampuh pikeun ngawasa basa languagé acquisition devideLAD. LAD téh mangrupa alat biologis anu diteundeun dina otak anu fungsi husus pikeun kapentingan basa. Ceuk Lenneberg dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009 kaca 24, nétélakeun yén basa téh mangrupa paripolah anu secara husus bisa ngébréhkeun kaparigelan panyaturna. Minangka kamampuh sampakan, LAD téh ngawéngku hal-hal: a. Pikeun ngabédakeun sora basa kana sajumlah sora-sora nu laina; b. Kaparigelan ngaorganisasikeun babagian basa kana tahapan anu éngkéna bakal ngarékahan; c. Kaweruh basa anu mungkin jeung teu mungkin; jeung d. Kaparigelan makihikeun sistem basa anu dumasar kana sistem ajén-inajén kamekaran linguistik nepi ka bisa kajadian kaparigelanana bakal ngaleuwihan tina kamampuh nu geus tangtukeun. Ku éta katerangan nuduhkeun yén LAD téh bisa narawangan kamampuhna dina mibanda basa, upamana waé anu patali jeung ma‟na, abstaksi, jeung kréativitas. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 96 2. Nurutkeun Téori Béhavioristik Paham béhavioristik empirik atawa mekanik anu dikokojoan ku B.F. Skinner, nétélakeun yén ngawasa basa anu mimiti dipangaruhan ti luar nyaéta mangrupa stimulus nu asalna ti lingkungan sabudeureun. Basa téh leuwih kompléks batan paripolah séjéna. Ku kitu, pikeun aliran béhavioris, sebutan basa téh cenah kurang merenah lantaran ngonotasikeun hiji wujud éntity, hiji hal nu dipimilik jeung digunakeun, jeung lain mangrupa hiji hal anu dilakukeun. Pikeun sebutan basa, aliran béhavioris leuwih resep ngagunakeun sebutan paripolah verbal, maksudna sangkan leuwih katémbong paripolahna saperti paripolah nu liana bisa dititénan dipelajari. Kamampuh nyarita jeung nyangkem basa téh ku ayana stimulus ti lingkunganana. Ari budak téh dianggap anu narima sacara pasif tina pangaruh lingkungan hirupna, lir ibarat taneuh angir anu diwangun dina wujud anyar, bisa rupa-rupa wangun jeung wujudna téh. Budak téh henteu migabo peranan aktif dina lumangsungna prosés kamekaran paripolah, malah kamekaran budak ogé lain hal anu nangtukeun dina kamekaran basa. Prosés kamekaran basa budak ditangtukeun ku sakeudeung jeung lilana diajar ti lingkungan kahirupan sabudeureunana. Keur Skinner mah kaédah gramatikal téh mangrupa paripolah verbal anu kemungkinana bisa ngayonan pameredih ti luar. Ku cara nurutan, budak bisa ngawasa basa, upamana waé pola konstruksi nu ahirna bisa mekar jadi rangka gramatikal malah bisa ngalegaan ku ayana kanyaho kekecapan anyar. Ngawasa basa lain ku lantaran ngawasa kaédah basa rule-governed tapi ku lantaran diwangun langsung ku faktor di luar dirina. Rangsangan ti lingkungan téh nguatkeun kana kaparigelan nyaritana budak. Kamekaran basa mangrupa kamekaran éksprési verbal nu saayana nepika hiji mangsa boga kamampuh pikeun ngalakukeun komunikasi ngaliwatan prinsip stimulus-résponse sarta nurutan anu séjén. Ceuk Skenner lamun éta paripolah nurutan dilampahkeun tuluy-tumuluy, bakal nguatkeun kana paripolah positif atawa negatif. Nu dimaksud nguatkeun paripolah positif lamun éta lampah téh mindeng dibalikan deui, tapi lamun arang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 97 langka – komo api lain, éta lampah téh bakal negatif. Lingkungan bakal ngarojong ka budak dina omongan anu merenah gramatikal jeung moal ngantep kana omongan anu henteu merenah nongramatikal.

3. Nurutkeun Téori Kognitif