Kagiatan Diajar Latihan Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 18 Paripolah katut lampah nu ngébréhkeun karakteristik sapopoé éstu kudu bener- bener diaping, ditalingakeun, boh ku guru di sakola boh ku kolotna di imah kitu deui ku sing saha baé nu ngarti jeung nyaho di masarakat kana tatakrama Sunda nu bener. Ngawangun karakter mah lain ngan wungkul tanggung jawab sakola guru, tapi mangrupa kawajiban jeung tanggung jawab balaréa masarakat.

D. Kagiatan Diajar

Pedaran matéri di luhur téh tangtu waé masih kénéh loba kakuranganana. Titénan deui ku Sadérék sing gemet. Ngarah sumang t diajarna, pék Sadérék nyieun kelompok diajar. Nu leuwih alus mah sakelompok téh ulah leuwih ti lima urang. Lantaran ari loba teuing mah sok goréng balukarna, jadi ngadon heureuy.Ti nu sakelompok diajar téh kudu aya anu dikolotkeun, pilih atawa tangtukeun ku Sadérék saha anu pantes dijeun kokolot kelompok. Sakali deui, baca sing gemet matéri di luhur téh. Catet, naon waé anu dianggap henteu loyog atawa can pati kaharti nurutkeun Sadérék, pék sawalakeun jeung kanca-kanca sakelompok. Nu kabeneran aya buku-buku basa Sunda tur aya patalina jeung pedaran matéri di luhur, bisa digunakeun ku Sadérék pikeun nyarungsum sarta ngeuyeuban pangawéruh Sadérék.

E. Latihan

Pigaw ieu soal-soal di handap kalawan daria 1. Tétélakeun nurutkeun pamadegan Sader k naha pola tatakrama kiwari kudu sarua jeung pola tatakrama alam péodal? 2. Keur ngabantu ka Sadérék, matéri nu di pedar di luhur téh rop a kana wangun diagram 3. Nurutkeun panit n Sadérék, naon anu jadi cukang lantaran pangna barudak kiwari kurang tata-titina, boh ka saluhureun komo ka sasama mah? 4. Nurutkeun pamadegan Sadérék, undak usuk basa téh perlu atawa henteu, naon alesanana PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 5. Tatakrama fisik, rengkuh t a, naha perlu dipageuhan atawa henteu nurutkeun pamanggih Sadérék? Tembrakkeun alesanana

F. Tingkesan

Nu dimaksud karakteristik téh taya lian nya ta tatakrama, sopan santun. Tatakrama anu patali jeung basa nya ta ku cara ngagunakeun basa lemes atawa basa sopan. Ari tatakrama anu patali jeung fisik mah nya ta ku rengkuh. Fungsi tatakrama téh nya ta: 1 fungsi personal; 2 fungsi sosial, nya ta pikeun nuduhkeun kaluwésan dina hirup kumbuh; 3 fungsi kultural; 4 fungsi edukasional; 5 fungsi integratif; jeung 6 fungsi instrumental Aya sababaraha faktor anu bisa mangaruhan kana paripolah gaul sapopoé, nya ta 1 sikep nyarita anu basajan; 2 beunguut anu marahmay; 3 tata cara gaul; 4 tata cara ngagunakeun pak an; 5 pangaw ruh anu jembar Tatakrama anu patali jeung dangdanan: a cara milih jeung mak baju; b karesikan awak; c cara diuk; d cara leumpang; e cara dahar; f cara ungg uk atawa gigidéug; jeung g cara séjénna anu bisa numuwuhkeun batur bisa kataji, resep,jeung ajrih. Dina emprona urang gaul di masarakat, urang kudu nyaho kana 1 keur di mana urang t h, 2 kumaha kaayaan sabudeureun urang, jeung 3 saha nu r k disanghareupan ku urang t h. Dumasar kana hal ta, tatakrama gaul di masarakat t h kudu a merhatikeun ka batur, b ngawanohkeun diri, c ngucapkeun salam, d nyarita nu sopanhormat, e imut, f ngalayad nu teu damang, g ngalayad nu dikantunkeun maot.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku