Basa mangrupa arbitrér Basa mangrupa simbul Basa hal anu produktif Basa sifatna universal Basa téh mandiri unik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 68 silihl ngk pan dumasar kana aturan nu tangtu pikeun ngahontal hiji harti. Pangna disebutkeun hiji sistem, basa téh mibanda sifat sist matis tur s istemik. Disebut sist matis, lantaran basa téh ngandung unsur-unsur anu puguh éntép seureuhna; ari disebut sistemik, lantaran basa téh mibanda pola atawa aturan anu dumuk sarta bisa diprédiksidiramalkeun, saperti: aturan fonologi, tatabasa jeung semantik.

b. Basa mangrupa arbitrér

Pangna basa disebut arbitrér, lantaran patalina lambang sora jeung obyékna euwéuh hubungan logis sakarepna, sakahayangna, manasuka pamakéna. Contona: kecap imah dina basa Sunda anu hartina wawangun tempat pamatuhan, tempat betah bumétah; dina basa séjén mah diucapkeunana umah Jawa; rumah MelayuIndonesia, baitun Arab, haus Jerman, house Inggris.

c. Basa mangrupa simbul

Pangna basa disebut simbul atawa lambang atawa tanda nyaéta lantaran basa téh mangrupa gambaran tina konsép pikiran langue jeung gambar tina sora omongan parole. Basa mangrupa sistem tanda atawa lambing signe lingustique anu ngagambarkeun pikiran langue jeung omongan parol . Langue mangrupa pikiran aturan, rumus anu aya dina otak manusa, sifatna homogén tur rélatif anggér; parole mangrupa omongan runtuyan sora anu kaluar tina baham, sistemna h t rogén tur rélatif robah.

d. Basa hal anu produktif

Pangna basa disebut produktif lantaran ari basa téh mangrupa sistem kognitif mikir anu diatur ku rumus-rumus anu unik tur bisa dimanipulasi ku panyaturna sangkan bisa ngahasilkeun mangpirang-pirang omongan anu lobana tan wates wangén. Digunakeun ku panyaturna pikeun alat komunikasi jeung mekarkeun élmu pangawéruh .

e. Basa sifatna universal

Panga basa disebut universal nyaéta lantaran basa téh mibanda ciri-ciri umum au dipiboga unggal basa, kayaning: yén basa téh dihasilkeun tina alat ucap manusa, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 69 unggal basa miboga wangun jeung eusi, unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu di komunitas para panyaturna.

f. Basa téh mandiri unik

Unik ngandung harti has, mandiri, husus, atawa b da ti nu s j n. Ieu katerangan t h karasana patukang tonggong jeung katerangan yén basa t h universal. Lamun kitu naon atuh nu saenya unik dina basa t h? Anu dimaksud unik dina basa t h nyaéta yén unggal basa t h miboga sistim, adegan, jeung kandaga kecap s wang-s wangan anu has tur mandi sarta teu kudu sarua jeung basa lianna. Malah anu jadi pangb da hiji basa jeung basa s j nna pangpangna mah palebah kandaga kecap l ksikon, ti dinya kakara adeganana. Ciri has anu dipibanda ku basa t h sipatna universal sakaligus unik. Upamana waé dina basa Sunda aya kecap panganteur anu ngandung harti “asp k inkoaktif” saperti jung nangtung, gék diuk, l os indit, jst. Ieu kecap t h teu bisa ditarjamahkeun kana basa naon waé basa Indon sia upamana. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona: 1 Jung kuring indit ka luar.; 2 Kuring jung indit ka luar.; 3 Géura jung atuh

g. Basa téh komunikatif