Lingkungan Sabudeureunana Pedaran Matéri

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 43 séwang-séwangan; d jadi palanggeran dina kagiatan diajarna pikeun ngaronjatkeun kompeténsi dirina.

4. Média

Média dina harti anu lega nyaéta sagala rupa hal anu dipibutuh dina lumangsungna prosés diajar ngajar, kayaning: bor, kapur, alat peraga, pakarangan sakola, jeung bubutuh nu séjénna kaasup kelas jeung perpustakaan sakola. Aya sababaraha kauntungan pikeun sakola anu mibanda sarana katut fasilitas média diajarna l ngk p, kaiji, l ngk pna média diajar ngajar téh bisa numuwuhkeun sumangét jeung motivasi dina lumangsunga kagiatan diajar ngajar; kadua , ku l ngk pna média pangajaran m r lolongkrang boh pikeun guru boh pikeun murid pikeun milih m dia mana baé anu loyog jeung bubutuh dina lumangsung kagiatan diajar ngajar luyu jeung pameredih bahan ajar katut tujuan anu baris dihontal.

5. Lingkungan Sabudeureunana

Dumasar kana dimensi lingkungan aya dua hal anu bisa mangaruhan kana lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar, nyaéta 1 organisasi kelas jeung 2 iklim sosial-psikologis. Anu patali jeung organisasi kelas nyaéta jumlah siswa nu aya di jero kelas bakal gédé pangaruhna kana lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar. Lamun eusi kelasna loba teuing, lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar moal éféktif lantaran moal kagéroh ku guruna. Jaba ti kitu, hawa di jero kelas ogé tangtu bakal karasa nyongkab, panas. Ari nu dimaksud ku iklim sosial-psikologis nyaéta patula-patalina hubungan antara jalma anu kalibet langsung jeung parosés kagiatan diajar ngajar. Iklim sosial-psikologis téh bisa dibagi dua, nyaéta iklim sosial-psikologis internal jeung iklim sosial-psikologis éksternal. Ari anu patalina jeung iklim sosial- psikologis internal nyaéta kumaha hubungan murid jeung murid, kumaha hubungan murid jeung guru, kumaha hubungan guru jeung guru kitu deui jeung PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 44 pingpinan sakola, naha kabéhana lumangsung kalawan harmonis atawa henteu. Ari iklim sosial-psikologis éksternal nyaéta hubungan anu harmonis antara sakola jeung nu jadi kolot murid, jeung masarakat, lembaga-lembaga kamasarakatan, jeung lembaga-lembaga pamaréntahswasta lianna. Gambar 4. 2 Suasana kelas nu jumlah murid loba teuing, teu nyaman Dokumen Dedeh Fadilah Gambar 4. 3 Suasana kelas anu jamlah murid saeutik, kagéroh pikabétaheun jeung nyaman Dokumen Dedeh Fadilah PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 45 Hal-hal anu dipedar di luhur téh kabéhanana ogé bisa mangaruhan kana hésé jeung babarina diajar, hususna diajar basa Sunda. Héséna diajar basa Sunda pikeun murid téh bisa waé ku lantaran faktor guruna kedul asup ka kelas, tara daék nerangkeun, atawa mun nerangkeun ogé teu matak kaharti, bisa ku lantaran faktor muridna sorangan kedul diajar, kurang motivasi diajarna, atawa kaayaan uteukna anu memang geus belet, bisa ku lantaran faktor bahan ajar hésé dipimilikna, pedaranana teu kaharti, kurang mérélé, jrrd, bisa ku lantaran faktor média teu aya, teu l ngk p, jsb., bisa ku lantaran faktor lingkungan muridna sok tawuran waé, guruna garalak, guru jeung guru teu alakur, kepala sakolana arang langka ka sakola, jrrd. Upama hal-hal anu ditataan ti luhur téh geus kanyahoan tangtu baé kudu aya panalungtikan najan dina tahapan anu basajan, dina factor naon anu jadi hahalang nepi ka kajadian “héséna” diajar, kakarana urang nyieun tarekah. Lantaran, lamun henteu disaliksik heula nu jadi cukang lantaranana, tetep urang moal bisa ngahontal tujuan anu geus ditangtukeun samemehna. Diagnosa téh dina sagala rupa hal saéstuna kudu dilampahkeun, lain dokter waé nu kudu ngadiagnosa téh, guru gé kudu bisa ngalampahkeun, ngan cara jeung alatna anu béda. Tanpa diagnosa, dokter moal bisa méré obat anu luyu jeung panyakit nu karandapan ku pasénna, kitu deui guru, tanpa ngayakeun panalungtikan najan sifatna basajan, moal bisa ngoméan jeung ngundakkeun préstasi diajar ngajar kalawan luyu jeung pamaredih tujuan. Hal ngalampahkeun panalungtikan minangka diagnosa pikeun guru mangrupa salahsahiji ciri profésionalna guru. Lamun guru teu ngalaman panalungtikan di kelasna boh keur kapentingan ngaronjatkeun prsétasi diajar siswana, boh keur kapentingan nyusun program nu bakal dilampahkeun ka hareup, bawirasa boh loyogna bahan ajar nu rek diajarleu boh tujuan anu rek dihontal moal bisa nyaosan kalawan nyugemakéun. Hal kaprofésian guru katur dosén téh kapanan aya rengkolna dina Undang-undang Guru jeung Dosén. Tegeesna, guru téh kudu mahér nalungtik jeung mahér nulis. Waragadna, kapanan geus disayagikéun mangrupa tunjangan profési, sebutan nu ilahar ayeuna nyaéta duit sértifikasi téa. Tah éta téh diyasagikeun pikeun kapentingan lampah profési guru. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 46

D. Kagiatan Diajar