PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
73
Aya rupa-rupa gaya basa, di antarana waé: 1 gaya basa mijalma; 2 gaya basa ngasor; 3 gaya basa ocon; 4 gaya basa rarahulan; 5 gaya
basa sindir; gaya basa ngupamakéun; jeung 7 gaya basa purwakanti Sudaryat, 2001.
Géura ieu titénan conto di handap: 1 Gunung Galunggung diharudum ku halimun bangun nu ngungun.
2 Mangga linggih ka saung butut. 3 Punten pangmeserkeun Jarum Coklat.
4 Kajeun ceurik cimata gétih, moal rék ngahampura 5 Punten TVna dialitan saeutik.
6 Ari maneh jeung dulur téh kawas ucing jeung anjing. Loba keneh conto-conto gaya basa séjénna. Ku Sadérék bisa ditambahan deui.
3. Pangbéda Basa Manusa
Nu ngabédakeun antara manusa jeung sato dina lebah basa, nyaéta ari manusa mah maké basa anu dumuk palanggeranana sedéngkéun ari sato mah
henteu dumuk aturanana. Dina lumangsungna komunikasi, basa téh kalungguhanana sabagé alat pikeun nepikeun pesen, kahayang, unek-unek,
jjrd ka nu diajak nyarita.
Dumasar kana hasil panalungtikan Hockett 1963 dina Sudaryat 2014 ngeunaan linguistik jeung antropologi, nyebutkeun yén ciri nu ngabédakeun
basa manuatsa ti sato téh nya éta: 1 midua [duality], 2 rancagé, 3 manasuka, 4 siligénti, 5 pamencar, 6 mandiri, jeung 7 pamulasara
budaya. Sangkan leuwih jéntré, di handap baris dipedar hiji-hijina.
a. Basa téh midua duality
Nu dimaksud ku midua di dieu nyaéta yén basa téh mibanda dua subsistim, subsistem sora wangun jeung subsistem harti. Ku ayana dua subsistem
éta, fungsi harti basa jadi leuwih irit praktis, simpel. Unit miharti basa téh bisa dipasing-pasing jadi kalimah nu jumlahna tan wates wangen.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
74
Gundukan kecap nu ngaruntuy nu mangrupa kalimah téh disebutna susunan taktis tactical arrangément. Aya dua runtuyan taktis téh, nya éta:
1 Susunan fonotaktis phonotactic arrangément anu nyoko kana runtuyan sora nu nyampak potensial; jeung
2 Susunan sintaksis syntactic arrangément nu nyoko kana runtuyan harti nu nyampak.
Éta dualitas téh teu aya dina komunikasi sato. Panggentra jackdaw atawa gogogan anjing nyaéta gunggungan unsur-unsur nu bisa dianalisis.
Wardhaugh, 197 kaca 24 dina Sudaryat 2014 kaca 28. Basa téh mangrupa gunggungan wangun anu ngawujud sora jeung eusi.
Basa téh nyaéta wujud sora jeung eusi. Ari eusi basa nyoko kana: 1 phonmological information, anu mangrupa wawaran nu sifatna fonologis,
runtuyan sora nu taan harti; 2 syntactical information, mangrupa wawaran nu diébréhkeun dina
wangun kalimah katut babagianana; 3 lexical information, mangrupa wawaran nu diébréhkeun dina kandaga kecap;
4 conceptual knowledgé, anu mangrupa konsép-konsép, mangrupa pangawéruh atawa harti; jeung
5 sistem anu hésé diévaluasi. Ari eusi basa raket pisan patalina jeung wangun basa. Eusi harti, konsép
mangrupa hubungan antara lambang wangun, form jeung obyék nu dimaksudna acuan, réferen.
b. Yén basa téh rancagé produktivitas.
Sakumaha geus disebutkeun yén basa téh sipatna rancagé atawa produktif. Produktivitas kamungkinan ngadayagunakeun basa pikeun
nepikeun pesen anu can kungsi ditepikeun samemehna, sarta ngamungkinkeun panyatur mibanda kamampuh pikeun ngédalkeun hiji hal
anu can kungsi diucapkeun jeung kadengé samemehna. Tapi bisa kacangkem atawa kaharti ku pamiarsa.
Ngan ukur manusa nu dibere kamampuh pikeun nyusun kalimah anyar kalawan kandaga kecap jeung frasa anu merenah, tuluy disambungkeun
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
75
jadi susunan anyar luyu jeung kaedah anu baku lulugu. Ieu nu disebut sistem nembrak open sistem tina basa manusa anu béda tina sora
sastoan anu sipatna sistem nutup closed sistem, nyaéta tiap sorana mangrupa babagian tina sasadiaan repertoire anu tangtu tur saeutik, nu
ngabalukarkeun pikeun asupna hal anyar. Cindekna, yén komunikasi sato sipatna imitative, henteu produktif, béda jeung basa atawa sistim
komunikasi manusa anu produktif atawa kréatif.
c. Yén basa téh manasuka arbitrariness